Laman

Minggu, 11 Maret 2012

Kembang Tresna

"Kembang Tresna"

Vocal : Rita Tila
Cipt. Nano S.



Mun tineung geus jadi lagu
Geter manjang ngahariring
Nguniang asih nu wening
Numbukeun rasa katineung

Mun anjeun inget ka kuring
Jeung lalakon nu kasorang
Dina lagu urang tepung
Endahna moal laas-laas

Teu kudu ceurik ku pisah
Da teu kedal pileuleuyan – pileuleuyan
Teu kudu kedal hanjakal da geter tetep pasimpay
Najan ukur dina gupay

Urang sadar tepung awal pipisahan
Urang sadar jodo lahan sasampeuran
Mun urang boga kamelang da asih geus mapaesan
Mun diri tumetep heman da asih moal ngolotan

Kembang tresna – kembang tresna
Ligar wawangian mangsa
Kembang tresna imut urang
Dina tineung dina anggang

Tidak ada komentar:

Posting Komentar