Minggu, 11 Maret 2012
WAYANG GOLÉK
Wayang Golék téh hiji seni pintonan wayang nu mangrupa bonéka tina kai nu dipaénkeun ku dalang, nu kawentar tur populér pisan di Tatar Sunda.
Wayang
Wayang mangrupakeun bentuk téater rahayat nu populér pisan. Masarakat mindeng ngahubungkeun kecap "wayang" jeung "bayang", dumasar pintonan wayang kulit nu mintonkeun hirupna bayangan/kalangkang wayang dina layar. Di wewengkon Tatar Sunda, nu pangpopulérna mah wayang golék. Wayang golék aya dua rupa: wayang golék papak (cepak) jeung wayang golék purwa. Iwal ti wayang wong, pintonan wayang dimaénkeun ku dalang nu mingpin pintonan sakaligus ngalagukeun suluk, nyoarakeun antawacana, ngatur gamelan, ngatur lagu, jsb.
1.Tumuwuh
Sakumaha alur carita pawayangan umumna, dina pintonan wayang golék ogé biasana boga lalakon-lalakon anu boh galur atawa caranganana dicokot tina carita Ramayana jeung Mahabarata kalawan migunakeun basa Sunda nu diiring ku gamelan Sunda (saléndro), nu diwangun ku dua saron, peking, selentem, bonang, bonang rincik, kenong, sapasang goong (kempul jeung goong), ditambah kendang (hiji kendang Indung jeung tilu kulanter), gambang jeung rebab.
Ti taun 1920-an, salila pintonan wayang golék téh teu weléh dibarengan sindén. Malah harita mah sindénna bisa leuwih kawentar batan dalangna, utamana nalika jaman Upit Sarimanah jeung Titim Patimah taun 1960-an.
Dina pintonan wayang golék, lalakon nu ilahar dipintonkeun nyaéta lalakon carangan, lalakon galur mah teu pati mindeng. Ieu bisa dijadikeun cicirén kaparigelan dalang dina nyiptakeun lalakon carangan nu alus tur matak dipikaresep. Dalang wayang golék nu kawentar di antarana Tarkim, R.U. Partasuanda, Abéng Sunarya, Entah Tirayana, Apek, Asép Sunandar Sunarya, Cécép Supriadi, jeung sajabana.
Pola pangadegan wayang golék nyaéta (1) Tatalu, dalang jeung sinden naik panggung, gending jejer/kawit, murwa, nyandra, suluk/kakawén, jeung biantara; (2) Babak unjal, paséban, jeung bébégalan; (3) Nagara séjén; (4) Patepah; (5) Perang gagal; (6) Panakawan/goro-goro; (7) Perang kembang; (8) Perang raket; jeung (9) Tutug.
Najan mibanda fungsi rélijius (misalna dina ngaruwat), wayang golék kiwari leuwih dominan dipaké salaku seni pintonan hiburan rahayat nu mibanda fungsi nu luyu jeung pangabutuh lingkungan masarakat, boh spiritual atawa materil. Hal ieu bisa ditempo dina sababaraha kagiatan masarakat nu diramékeun ku pintonan wayang golék, di antarana hajat/kariaan nyunatan, nikahan, jeung sajabana.
2.Média nyebarkeun Islam
Numutkeun dugaan, sakumaha wayang kulit di wewengkon wétan (Jawa), wayang golék dipaké ku para wali pikeun nyebarkeun Islam di Tatar Sunda. Kusabab ajaran Hindu harita geus raket jeung masarakat Sunda harita, carita Mahabarata jeung Ramayana ti Tatar Hindu dimodifikasi pikeun ngajarkeun Katauhidan. Misalna dina carita Mahabarata, para déwa boga kawenangan nu absolut pikeun nangtukeun nasib jeung takdir, mangka para wali nyieun objék anyar nu posisina leuwih kuat, nyaéta Semar.
Prabu Santanu
Santanu (basa Sansakerta: Śāṇtanu) nyaéta inohong protagonis dina wiracarita Mahabarata. Anjeunna nyaéta putera Raja Pratipa, Raja ti terah Candrawangsa, turunan Maharaja Kuru, anu ngabogaan tegal ngaranna Kurusétra, tempatna di India Kalér. Prabu Santanu mangrupa bapa ti Bisma sarta sacara hukum, akina Pandu jeung Dréstarastra. Manéhna maréntah di Astinapura, ibukota sakaligus puseur pamaréntahan para turunan Kuru, di Karajaan Kuru.
1. Kalahiran
Prabu Santanu mangrupa anak pasangan Raja Pratipa jeung Ratu Sunanda, turunan Raja Kuru, anu nurunkeun kulawarga para Pandawa jeung Kurawa. Santanu asalna ti kecap çanta anu hartina tenang, sabab Prabu Pratipa dina kaayaan tenang dina waktu puterana gumelar ka alam dunya. Prabu Santanu pohara kasép, pohara rancagé dina ngagunakeun pakarang, sarta resep moro ka leuweung. Manéhna ngagantikeun bapana, Raja Pratipa, salaku Raja di Astinapura.
2. Ngadahup jeung Dewi Gangga
Dina waktu Prabu Santanu moro ka sisi walungan Gangga, manéhna papanggih jeung wanoja anu pohara geulis sarta awakna pohara éndah. Wanoja kasebut nyaéta Dewi Gangga. Déwi Gangga keuna ku supata Déwa Brahma pikeun turun ka bumi sarta jadi pasangan turunan Raja Kuru. Alatan kapincut ku kageulisanana, Prabu Santanu kapentang asmara. Déwi Gangga ogé daék jadi permaisuri kalayan sarat yén naon waé anu dipilampah ku manéhna ka anakna, Prabu Santanu henteu menunang ngalarang. Lamun Prabu Santanu ngarémpak jangjina, mangka Déwi Gangga baris ninggalkeun manéhna. Alatan rasa asih anu kacida, mangka sarat kasebut disanggupan ku Prabu Santanu.
Sanggeus ngadahup, Déwi Gangga ngandung anak nu kahiji. Barang brol jabang bayi lahir, manéhna neuleumkeun éta orok ka walungan Gangga. Kitu ogé anak-anak lianna mangsa lahir, kabéh ngalaman nasib anu sarua. Sang Raja nyaho hal kasebut sarta sok nuturkeun, tapi manéhna teu wasa pikeun ngahalangan alatan katalikung ku jangjina ka Déwi Gangga. Sabot Sang Dewi ngandung anakna anu kadalapan, Prabu Santanu teu werat, tuluy ngeureunkeun peta permaisurinya anu dianggap gawé biadab sarta henteu boga prikamanusaan.
Déwi Gangga ngeureunkeun petana tuluy ngécéskeun yén anak-anak anu dilahirkeun ku manéhna téh mangrupa titisan ti Astawasu atawa dalapan Wasu. Tindakanana neuleumkeun orok-orok kasebut nyaéta pikeun ngaleupaskeun jiwa maranéhanana ambéh ngahontal sawarga, panyicingan para Wasu. Dina mangsa ka tukang, dalapan Wasu kasebut kungsi maok sapi sakti boga Resi Wasista. Alatan kanyahoan, maranéhanana tuluy disupata ku Resi Wasista sangkan kakuatan maranéhanana leungit sarta ngajanggélék jadi manusa. Salah sahiji ti dalapan Wasu kasebut ngaranna Prabata anu mangrupa pamingpin dina rancana maling kasebut. Alatan manéhna mangrupa palaku utama sarta katujuh Wasu séjénna ngan pipilueun, mangka Prabata baris ngajanggélék jadi manusa leuwih lila. Jaga Prabata ngajanggélék jadi manusa sakti anu ngaranna Déwabrata. Tapi saprak manéhna ngalakonan sumpah moal kawin mangka ngaranna dirobah jadi Bisma. Sanggeus ngécéskeun hal kasebut ka Prabu Santanu, Déwi Gangga anu masih ngandung leungit ti walungan Gangga.
3. Mecenghulna Bisma
Prabu Santanu ahirna ngarélakeun permaisurina nu leungit sarta balik deui ka karaton, maréntah karajaan Astinapura. 36 taun saterusna, Prabu Santanu anu keur bosen, jalan-jalan ka sisi walungan Gangga. Di dinya manéhna nempo saurang nonoman anu pohara kuat, sanggup mendet cai walungan Gangga. Nonoman kasebut nyaéta Déwabrata, anak kadalapan Prabu Santanu jeung Déwi Gangga. Sanggeus indungna (Dewi Gangga) mecenghul sarta ngécéskeun asal usul Déwabrata, Prabu Santanu ngajak Déwabrata ka karaton. Déwabrata tumuwuh jadi anak anu bakti ka kolot sarta ngabogaan jiwa satria nu luhung. Manéhna dicalonkan minangka penerus tahta.
4. Ngadahup jeung Gandawati
Dina hiji mangsa sabot Prabu Santanu ngadéngé warta yén di palebah walungan Yamuna sumebar ambeu anu pohara seungit nyambuang. Ku rasa panasaran Prabu Santanu jalan-jalan ka walungan Yamuna. Manéhna manggihan asal ambeu seungit kasebut nyaeta ti saurang wanoja désa nu ngaranna Satyawati (atawa Gandawati alias Durgandini). Wanoja kasebut geulis kawanti-wanti bawa ngajadi sarta awakna seungit. Prabu Santanu kapati-pati sarta boga niat rék ngalamar Satyawati. Bapa wanoja kasebut ngaranna Dasabala. Sabot Sang Raja ngalamar, Dasabala ngajukeun sarat yén Satyawati kudu jadi permaisuri sarta turunanana kudu jadi panerus tahta. Ngadéngé sarat kasebut, Sang Raja balik ka karaton kalayan haté nu remuk. Manéhna jadi gering nangtung ngalanglayung alatan terus mikiran wanoja pujaanana.
Nempo bapana ngalanglayung, Déwabrata nalungtik marga lantaranana. Manéhna nanya ka kusir anu nganteurkeun bapana ti walungan Yamuna. Ti dinya manéhna meunang warta yén bapana kajamparing asih kapentang asmara ku hiji awéwé. Tungtungna, Déwabrata miang ka walungan Yamuna. Manéhna ngawakilan bapana ngalamar anakna Dasabala anu pohara dipidangdam beurang peuting ku bapana. Manéhna nurutkeun sagala sarat anu diajukan ku Dasabala. Manéhna ogé sumpah moal rék kawin saumur hirup sarta moal narima warisan tahta turunan Raja Kuru ambéh jaga henteu lumangsung rebutan kakawasaan antara turunanana jeung turunan Durgandini.
Saprak ti harita, ngaran Déwabrata robah jadi Bisma. Lantaran dina ajaran Hindu mah awéwé meunang kawin ka leuwih ti hiji lalaki, ahirna Prabu Santanu jeung Déwi Durgandini ngadahup sarta ngabogaan dua urang anak nu ngaranna Chitranggada jeung Wicitrawirya. Ahirna Prabu Santanu jeung Satyawati ngadahup tuluy ngabogaan dua urang anak nyaéta Citranggada jeung Wicitrawirya. Prabu Santanu mangkat sarta Bisma nunjuk Citranggada minangka penerus tahta Astinapura. Jaga Wicitrawirya baris nurunkeun kulawarga Pandawa jeung Kurawa.
Bisma
Bisma (basa Sansakerta: Bhīshma) lahir kalayan ngaran Déwabrata (Basa Sansakerta: Dévavrata), nyaéta salah sahiji inohong utama dina wiracarita Mahabarata. Manéhna téh anak ti pasangan Prabu Santanu jeung Dewi Gangga. Manéhna ogé ngarupakeun aki ti Pandawa jeung Kurawa. Sawaktu ngora ngaran manéhna téh Déwabrata, tapi diganti jadi Bisma saprak manéhna sumpah moal kawin saumur hirup. Bisma ahli dina sagala rupa peperangan sarta pohara dipikaajrih ku Pandawa sarta Kurawa. Manéhna gugur dina hiji perang rongkah di tegal Kurusetra ku panah anu dileupaskeun ku Srikandi kalayan bantuan Arjuna. Tapi manéhna henteu langsung perlaya waktu harita; manéhna sempet hirup salila sawatara poé sarta nyaksian kaancuran para Kurawa. Manéhna ngaleupaskeun nafas panungtungan waktu panonpoé aya di kalér (Uttarayana).
1.Harti ngaran
Ngaran Bisma dina basa Sanskerta hartina "Manéhna anu ngalakonan sumpah beurat", alatan manéhna ngalakonan sumpah nu beurat (bhishan pratigya) baris hirup lalagasan salawasna sarta moal bakal narima warisan tahta karajaanana ti bapana. Ngaran Déwabrata diganti jadi Bisma alatan manéhna ngalakonan sumpah beurat ieu. Sumpah ieu dilakonan ku Bisma lantaran Bisma henteu hayang aya papaséaan antara manéhna jeung turunan Satyawati, indung téréna.
2. Kalahiran
Bisma mangrupa pawujudan salah sahiji ti Dalapan Wasu anu ngalakonan inkarnasi (nitis) salaku manusa anu lahir ti pasangan Dewi Gangga jeung Prabu Santanu. Nurutkeun buku Adiparwa, Dalapan Wasu ngajanggélék jadi manusa alatan kasupata lantaran gawénana anu geus maok sapi sakti milik Resi Wasista. Dina lalampahanana nuju ka bumi, maranéhanana papanggih jeung Dewi Gangga anu ogé rék turun ka dunya pikeun jadi pamajikan putera Raja Pratipa, nyaéta Santanu. Dalapan Wasu saterusna nyieun kasapukan jeung Dewi Gangga yén maranéhanana baris ngajanggélék salaku dalapan putera Prabu Santanu sarta dilahirkan ku Dewi Gangga. Bisma mangrupa pawujudan Wasu kadalapan nu ngaranna Prabhata.
3.Awal kahirupan
Samentara tujuh lanceukna anu geus lahir maot alatan diteuleumkeun ka walungan Gangga ku indung maranéhanana sorangan, Bisma mah bisa salamet alatan polah indungna kaburu kanyahoan sarta dihalangan ku bapana. Satuluyna, Dewi Gangga naék ka surga mawa Bisma anu masih orok ninggalkeun Prabu Santanu sorangan. Sanggeus 36 taun ti harita, Sang Prabu henteu ngahaja manggihan anakna di hilir walungan Gangga. Dewi Gangga satuluyna mikeun éta budak ka Sang Prabu, sarta méré ngaran Déwabrata. Déwabrata satuluyna jadi pangéran anu calakan sarta gagah, ogé dicalonkan salaku pawaris karajaan. Tapi alatan jangjina ka Sang Dasapati, bapana Satyawati (indung téréna), manéhna réla pikeun henteu narima waris tahta sarta henteu kawin saumur hirup ambéh jaga turunanana henteu silih rebut tahta karajaan jeung turunan Satyawati. Alatan keihlasna kasebut, manéhna dibéré ngaran Bisma sarta disinugrahan layeut jeung Sang Déwa Waktu nu temahna manéhna bisa nangtukeun waktu maotna sorangan.
Bisma ngabogaan dua adi téré ti indung téréna (Satyawati) nyaéta Citrānggada jeung Wicitrawirya. Demi kabagjaan adi-adina, manéhna indit ka Karajaan Kasi sarta meunangkeun sayembara sahingga hasil mawa balik tilu urang puteri nu masing-masing ngaranna Amba, Ambika, jeung Ambalika, pikeun didahupkeun ka adi-adina. Alatan Citrānggada pupus, mangka Ambika sarta Ambalika ngadahup jeung Wicitrawirya sedengkeun Amba mitresna Bisma tapi Bisma nampik asihna Amba alatan katalian ku sumpah yén manéhna rék lalagasan saumur hirup. Demi usaha pikeun ngajauhkeun Amba ti dirina, henteu kahaja manéhna mentangkeun panah nembus harigu Amba. Ku maotna éta putri, Bisma dibéré nyaho yén jaga Amba bakal nitis réeinkarnasi ka saurang pangéeran anu ngabogaan sipat kawanojaan, nyaéta putera Raja Drupada anu ngaranna Srikandi. Jaga maotna ogé aya di leungeun Srikandi anu mantuan Arjuna dina perang gede di Kurusetra.
4.Atikan
Bisma diajar élmu pulitik ti Brihaspati, élmu Veda sarta Vedangga ti Resi Wasista, sarta élmu perang ti Parasurama (Ramaparasu; Rama Bargawa), saurang satria legéndaris sakaligus salah sahiji Chiranjīwin anu hirup langgeng saprak jaman Treta Yuga. Alatan guguru ka manéhna, Bisma jadi mahér dina ngagunakeun sagala rupa pakarang sarta lantaran kapinterna kasebut manéhna dipikasieun ku sakabéh lawanana. Bisma eureun diajar ka Parasurama alatan paadurenyom ngeunaan Amba. Dina waktu éta Bisma ngahaja nyurungkeun Parasurama nepi ka labuh, nya saprak harita Parasurama sumpah moal deui nampa murid ti kasta satria lantaran nyusahkeun.The Mahabharata of Krishna Dwaipayana Wyasa. Buku I: Adiparwa
5.Peran dina Dinasti Kuru
Di lingkungan karaton Astinapura, Bisma pohara dipihormat ku anak-incuna. Henteu ngan alatan manéhna kolot, tapi ogé alatan kamahéranana dina widang militér sarta peperangan. Dina unggal perang, pasti manéhna sok meunang alatan geus pohara boga pangalaman. Yudistira ogé kungsi ngomong, yén euweuh anu sanggup ngéléhkeun Bisma dina perang sanajan lamun laskar Déwa sarta laskar Asura ngagabungkeun kakuatan sarta dipingpin ku Indra, Sang Déwa Perang.The Mahabharata of Krishna Dwaipayana Wyasa. Buku VI: Bismaparwa.
Bisma pohara dipikacinta ku Pandawa jeung Kurawa. Maranéhanana ngahormat Bisma minangka saurang aki sakaligus kapala kulawarga anu wijaksana. Kadangkala Pandawa nganggap Bisma minangka bapa maranéhanana (Pandu), anu sabenerna geus pupus.
6. Perang di Kurusetra
Waktu perang antara Pandawa jeung Kurawa bitu, Bisma aya di pihak Kurawa. Sajongjonan saméméh perang, manéhna ngomong ka Yudistira yén dirina geus diperbudak ku kakayaan, sarta ku éta kakayaan Kurawa nalikung Bisma. Sanajan kitu, alatan Yudistira geus ngalakonan hohormat saméméh perang, mangka Bisma ngestokeun Yudistira sarta ngadu'akeun sangkan kameunang aya di pihak Pandawa, sanajan Bisma pohara hésé pikeun ditalukkeun. Bisma ogé kungsi ngomong ka Duryodana, yén cacak dirina (Bisma) ngabiluk Kurawa, kameunang geus pasti aya di pihak Pandawa alatan Kresna aya di ditu, sarta dimana waé aya Kresna mangka di dinya aya kabenaran sarta keuntungan sarta dimana waé aya Arjuna, di dinya aya kejayaan.The Mahabharata of Krishna Dwaipayana Wyasa. Buku VI: Bismaparwa.
Dina perang gede di lapangan Kurusetra, Bisma tarung kalawan hébat. Soldadu sarta satria anu ngalawanana pasti binasa atawa ngalaman tatu parna. Dina kitab Bismaparwa disebutkeun yén di dunya ieu para satria hésé nandingan kakuatanana sarta euweuh anu sanggup ngalawanana sajaba Arjuna – satria tukang panah anu kakoncara – sarta Kresna. Sanajan Arjuna ngabeunangkeun kasempetan pikeun ngalawan Bisma, tapi manéhna mindeng tarung satengah haté, lantara inget yén Bisma téh akina sorangan. Hal anu sarua ogé dirasakan ku Bisma, anu masih nyaah ka Arjuna, incu anu pohara dipikacintana.
Kresna anu jadi kusir karéta Arjuna dina peperangan, jadi ambek alatan dangong Arjuna anu ajrih kénéh pikeun nelasan pati Bisma, sarta manéhna nekad rek nelasan Bisma ku leungeunna sorangan. Kalayan panon anu moncorong seukeut mancarkeun kaambek, manéhna muter-muter chakra di luhur leungeunna sarta museurkeun perhatian pikeun ngécéng beuheung Bisma. Bisma henteu nyingkah, tapi malahan bagja lamun bisa gugur di leungeun Madhawa (Kresna). Nempo hal éta, Arjuna nyusul Kresna sarta usaha metot suku Kresna pikeun ngeureunkeun léngkahna.
Bari hanjelu jeung sora nu pegat-pegat, Arjuna ngomong, "Oh Kesawa (Kresna), ulah gamparan ngaletak ciduh ucapkan saméméhna! Gamparan geus ngedalkeun jangji yén moal milu perang. Oh Madawa (Kresna), lamun paduka nuluykeun niat gamparan, jalma-jalma baris ngomong yén gamparan tukang linyok bohong. Kabéh penderitaan alatan perang ieu, keun waé kuring anu bakal nanggung! Kuring anu baris nelasan aki anu dipihormat éta!..."
Kresna henteu némbalan sanggeus ngadéngé kecap-kecap Arjuna, manéhna ngabolaykeun niatna sarta naék balik ka luhur karétana.
7. Pati
Saméméh poé maotna, Pandawa sarta Kresna ngadatangan kémahna Bisma dina mangsa peuting pikeun maluruh kalemahna. Bisma weruh yén Pandawa sarta Kresna geus asup kana kémahna sarta manéhna ngabagéakeun maranéhanana kalayan soméah. Sabot Yudistira nanyakeun naon anu bisa dipigawé pikeun ngéléhkeun Bisma anu kacida dipihormat ku Pandawa, Bisma némbalan:
”...kanyahokeun pantangan éyang, yén éyang moal narajang hiji jalma anu geus miceun pakarang, ogé anu labuh tina karétana. Éyang ogé moal narajang maranéhanana anu pakarangna leupas tina leungeun, moal narajang jelema anu bendéra lambang kebesarannya ancur, jelema anu mawa lumpat diri, jelema dina kaayaan sieun, jelema anu takluk sarta ngomong yén manéhna nyerah, sarta éyang ogé moal narajang saurang wanoja, ogé hiji jalma anu ngaranna kawas wanoja, jelema anu lemah sarta teu sanggup ngajaga diri, jelema anu ngan ngabogaan saurang anak lalaki, atawa ogé jelema anu keur mabok. Éyang sungkan tarung jeung éta kabéh...” The Mahabharata of Krishna Dwaipayana Wyasa. Buku VI: Bismaparwa.
Bisma saré kalayan awak anu karancang ku ratusan panah bari méré piwejang ka Pandawa jeung Kurawa. Bisma ogé ngomong lamun pihak Pandawa hayang ngéléhkeunana, maranéhanana kudu nempatkeun hiji jalma anu ngajadikeun Bisma sungkan pikeun tarung di hareupeun karéta Arjuna, alatan manéhna yakin ngan Arjuna sarta Kresna anu sanggup ngéléhkeunana dina peperangan. Kalayan nyumput di tukangeun jelema anu ngajadikeun Bisma sungkan jurit, Arjuna kudu sanggup ngalumpuhkeun Bisma ku panah-panahna. Nujul kana katerangan kasebut, Kresna nyadarkeun Arjuna ngeunaan kawajibanana. Sanajan Arjuna ajrih kénéh, tapi manéhna kudu ngaréngsékeun pancén kasebut. Dina poé kasapuluh, Srikandi narajang Bisma, tapi Bisma henteu ngalawan. Di tukangeun Srikandi, Arjuna mentangkeun panah-panahna anu hébat sarta hasil ngalumpuhkan Bisma. Panah-panah kasebut mebes sarta nembus baju beusina, saterusna Bisma lagrag tina karétana, tapi awakna henteu antel kana taneuh lantaran disoko ku puluhan panah anu mebes dina awakna. Tapi Bisma henteu gugur saharitaeun alatan manéhna kaci nangtukeun waktu maotna sorangan. Bisma ngaleupaskeun nafas pamungkasna sanggeus manéhna nyaksian ancurna pasukan Kurawa sarta sanggeus manéhna méré piwejang ka Yudistira sanggeus perang Baratayuda réngsé.
Riwayat
Bisma nyaéta anak Prabu Santanu, Raja Astina jeung Dewi Gangga. Waktu leutik ngaranna téh Radén Déwabrata anu hartina turunan Barata anu luhur. Manéhna ogé miboga ngaran séjén nyaéta Ganggadata. Manéhna nyaéta salah sahiji inohong wayang anu henteu kawin anu disebut ku istilah Brahmacarin. Dumuk di patapaan Talkanda. Bisma dina pawayangan digambarkan salaku saurang anu sakti, di mana sabenerna manéhna téh ngabogaan hak kana tahta Astina tapi alatan kahayang anu luhur ti dirina demi nyingkahan perpecahan nagara Astina manéhna rela henteu jadi raja.
Resi Bisma pohara sakti mandraguna sarta réa anu taluk ka manéhna. Manéhna miluan sayembara pikeun meunangkeun putri pikeun Raja Astina sarta ngaboyong 3 putri. Salah sahiji putri anu dibeunangkeunana nyaéta Dewi Amba. Dewi Amba tétéla mitresna Bisma. Bisma henteu bisa nampa kaasih Dewi Amba alatan manéhna ngan wawakil pikeun ngabeunangkeun Dewi Amba. Tapi Dewi Amba tetep keukeuh ngan daék kawin jeung Bisma. Bisma ogé nyingsieunan Dewi Amba ku pakarang saktina anu malahan henteu ngahaja nelasan Dewi Amba. Dewi Amba anu keur sakarat dikeukeup ku Bisma bari nyarita yén saéstuna dirina ogé mitresna Dewi Amba. Sanggeus roh Dewi Amba kaluar ti jasadnya saterusna ngomong yén manéhna baris mapag Bisma hiji waktu ambéh bisa babarengan di alam séjén sarta Bisma ogé nyangupan. Dicaritakeun yén roh Dewi Amba nitis reinkarnasi ka Srikandi anu baris maéhan Bisma dina perang Baratayuda.
Dicaritakeun, waktu manéhna lahir, indungna moksa ka alam baka ninggalkeun Déwabrata anu masih orok. Bapana prabu Santanu saterusna néangan wanoja anu daék nyusuan Déwabrata nepi ka di nagara Wirata papanggih jeung Dewi Durgandini atawa Dewi Satyawati, pamajikan Parasara anu geus ngalahirkeun Resi Abiyasa. Sanggeus Durgandini pipirakan, manéhna dijadikeun permaisuri ku Prabu Santanu sarta ngababarkeun Citrānggada jeung Wicitrawirya, anu jadi baraya Bisma sabapa ngan béda indung.
Sanggeus ngadahupkeun Citrānggada jeung Wicitrawirya, Prabu Santanu turun tahta jadi patapa, sarta digantikeun ku anakna. Hanjakal dua anakna saterusna maot sacara runtuy, ku kituna tahta karajaan Astina sarta randa Citrānggada jeung Wicitrawirya dibikeun ka Abiyasa, putra Durgandini ti salaki kahiji. Abiyasa anu saterusna nurunkeun Pandu jeung Dretarata, kolot Pandawa jeung Kurawa. Demi jangjina ngabéla Astina, Bisma mihak ka Kurawa sarta gugur katelasan ku Srikandi dina perang Baratayuda.
Bisma ngabogaan kasakten nu tangtu, nyaéta manéhna bisa nangtukeun waktu maotna sorangan. Mangka sabot geus sakarat kakeunaan ku panah, manéhna ménta hiji tempat pikeun ngedeng. Kurawa méré tempat saré anu méwah tapi ditolak ku Bisma, tungtungna Pandawa méré ujung panah minangka alas saréna (kasur panah/sarpatala). Tapi manéhna tacan hayang maot, hayang nempo ahir tina perang Baratayuda.
Satyawati
Satyawati (Sansakerta: Satyavati) (ogé disebut Durgandini atawa Gandawati) nyaéta salah saurang inohong dina wiracarita Mahabarata. Manéhna téh nyaéta pamajikanna prabu Santanu sarta indungna Citranggada jeung Wicitrawirya.
Waktu keur budak nepi ka rumaja, Satyawati boga kasakit nu ngabalukarkeun awakna bau hanyir tapi dicageurkeun ku Resi Parasara. Satyawati tuluy ngadahup ka Resi Parasara nu saterusna ngalahirkeun Abiyasa.
Kalahiran
Prabu Basuparisara, ngadeg tahta di Karajaan Cedi. Raja kasebut ngabogaan permaisuri nu ngaranna Girika. Dina hiji poé, Sang Raja indit moro. Di tengah leuweung, manéhna nempo kembang nu mangkak mararekar, nu ngahudang kainget kana kageulisan permaisurina. Tanpa sadar 'cai mani'a nyakclakan, saterusna manéhna nandéan cai manina dina seheulay daun. Manéhna nyalukan manuk heulang nu keur ngapung di awang-awang nu ngaranna Çyena pikeun nganteurkeun cai kasebut ka permaisurina. Di tengah jalan cai anu diwadahan dina daun kasebut murag di walungan Yamuna. Di éta walungan kabeneran aya hiji lauk badag nu mangrupa pawujudan bidadari nu disupata. Cai mani kasebut kateleg ku Sang Lauk nu ngajadikeun éta lauk reuneuh.
Di sisi walungan Yamuna, aya kulawarga pamayang. Kapala kulawarga kasebut ngaranna téh Dasabala. Hiji poé Dasabala miang rék nyerek lauk. Dasabala kabeneran beubeunangan néwak lauk badag pawujudan bidadari nu reuneuh ku cai manina Prabu Basuparisara. Tina beuteung lauk lahir dua orok, lalaki jeung awéwé. Sang lauk saterusna robah wujudna jadi bidadari anu tuluy balik ka tempat asalna. Dua budak anu dilahirkan kasebut dibikeun ka Prabu Basuparisara. Anak anu lalaki dibéré ngaran Matsyapati sarta diangkat jadi Raja di Karajaan Wirata, sedengkeun anak anu awéwé dipulangkeun ku Sang Raja alatan bau hanyir. Budak awéwé kasebut saterusna dibéré ngaran Durgandini alatan bauna hanyir kawas lauk. Durgandini gawé jadi tukang meuntaskeun jelema di Walungan Yamuna.
Pasamoan jeung Resi Parasara
Dina hiji poé, Bagawan Parasara, anakna Bagawan Sakri anu mangrupa incu Maharesi Wasista, nangtung di sisi walungan Yamuna, ménta dipeuntaskeun ku parahu. Durgandini nyampeurkeun tuluy nganteurkeun Resi Parasara ka peuntaseun Yamuna. Di tengah walungan, Resi Parasara kataji ku kageulisan Durgandini. Durgandini satuluyna ngawangkon jeung Resi Parasara. Dina tengah wangkongan, Durgandini nyaritakeun yén manéhna kakeunaan kasakit anu ngabalukarkeun awakna bau hanyir sarta bapana nalatahan yén saha waé lalaki anu bisa nyageurkeun panyakitna bakal dijadikeun salakina. Ngadéngé hal éta, Resi Parasara nyarita yén manéhna rék ngubaran kasakit Durgandini, tuluy manéhna nyagap kulit Durgandini. Teu sabaraha lila Durgandini cageur sarta jadi seungit nyambuang ka jauhna. Alatan Resi Parasara hasil nyageurkeun Durgandini, mangka manéhna ngabogaan hak ngajadikeun Durgandini salaku pamajikan. Tina hasil hubungan Durgandini jeung Resi Parasara, lahir Abiyasa.
Pasamoan jeung Prabu Santanu
Dina hiji waktu Prabu Santanu ti Astinapura ngadéngé warta yén di sabudeureun walungan Yamuna sumebar ambeu anu pohara seungit nyambuang ka mana-mana. Lantaran panasaran, Prabu Santanu nyoba ngalalar ka walungan Yamuna. Manéhna manggihan asal ambeu nu seungit téh ti hiji wanoja nu ngaranna Durgandini. Prabu Santanu kapati-pati sarta rék ngalamar Durgandini. Waktu Sang Raja ngalamar Durgandini, kolotna ngajukeun sarat yén lamun Durgandini (Gandawati atawa Satyawati) jadi permaisuri Prabu Santanu, manéhna kudu diperlakukan kalayan hadé sarta turunan Durgandini kudu jadi penerus tahta. Ngadéngé sarat kasebut, Sang Raja mulang kalayan kuciwa jeung gering haté. Manéhna jadi kagegeringan alatan Satyawati terus kapibeungeut beurang jeung peuting.
Nempo bapana gering nangtung ngalanglayung, Déwabrata nalungtik marga lantaranana. Manéhna nanya ka kusir anu nganteurkeun bapana ti walungan Yamuna. Ti dinya manéhna meunang warta yén bapana kajamparing asih kapentang asmara ku hiji awéwé. Tungtungna, Déwabrata miang ka walungan Yamuna. Manéhna ngawakilan bapana ngalamar anakna Dasabala anu pohara dipidangdam ku bapana. Manéhna nurutkeun sagala sarat anu diajukan ku Dasabala. Manéhna ogé sumpah moal rék kawin saumur hirup sarta moal narima warisan tahta turunan Raja Kuru ambéh jaga henteu nyorang rebutan kakawasaan antara turunanana jeung turunan Durgandini. Saprak ti harita, ngaran Déwabrata robah jadi Bisma. Lantaran dina ajaran Hindu mah awéwé meunang kawin ka leuwih ti hiji lalaki, ahirna Prabu Santanu jeung Déwi Durgandini ngadahup sarta ngabogaan dua urang anak nu ngaranna Chitranggada jeung Wicitrawirya.
Citrānggada
Citranggada nyaéta anak cikal pasangan Raja Santanu jeung Satyawati dina wiracarita Mahabarata. Saprak Bisma (lanceuk téréna) ngedalkeun sumpah yén manéhna moal kawin saumur hirupna sarta moal neruskeun tahta Astinapura, Citranggada jadi raja ngagantikeun bapana sarta pamaréntahanana hasil. Waktu Citranggada naék tahta, Astinapura ngarasakeun katingtriman, hususna pikeun Satyawati, tapi ngan sajongjonan.
Tanpa disangka, mucunghul bancang pakéwuh di Astinapura nyaéta aya surat tangtangan ti saurang raja gandarwa anu boga ngaran nu sarua, Citrānggada. Manéhna ambek alatan ngarasa lamun aya dua raja nu ngaranna sarua mustahil baris hirup babarengan dina wanci nu bareng. Manéhna boga tékad yén salah sahiji di antarana kudu palastra. Citrānggada putera Santanu nampa tangtangan kasebut. Sanggeus éta, kajadian perang antara Citranggada putera Santanu jeung Citranggada gandarwa di "medan Kuru" atawa Kurusétra. Sanggeus perang campuh lumangsung salila tilu bulan, Citranggada putera Santanu gugur sarta kakawasaanana digantikeun ku adina, Wicitrawirya.
Saméméh mangkat, Citranggada tacan boga geureuha sahingga henteu ngabogaan turunan.
Harti ngaran
Dina basa Sansakerta, kecap Citranggada sacara harfiah hartina "dipapaésan ku pinggel-pinggel anu éndah".
Wicitrawirya
Dina wiracarita Mahabarata, Wicitrawirya (basa Sansekerta: Vichitravīrya) nyaéta salah saurang anak Prabu Santanu, Raja di Astinapura. Indungna nyaéta Déwi Satyawati, pamajikan kadua Prabu Santanu. Wicitrawirya mangrupa adi Citranggada, sarta boga lanceuk téré (sabapa béda indung) nu ngaranna Bisma (Déwabrata). Nurutkeun silsilah kulawarga Kuru, Wicitrawirya mangrupa aki ti Pandawa, Sanjaya, sarta Kurawa.
Harti ngaran
Dina basa Sansekerta, kecap Wicitrawirya sacara harfiah hartina "dangong kapahlawanan anu matak hélok".
Riwayat
Wicitrawirya lahir salaku anak bungsu ti pasangan Prabu Santanu jeung Déwi Satyawati. Citranggada nyaéta ngaran lanceuk kandungna anu ngagantikeun kakawasaan bapana sarta maréntah di Astinapura kalawan alus. Tapi, Citranggada gugur dina umur nu ngora dina hiji perang sarta luyu jeung talari mangka Wicitrawirya ngagantikeun kakawasaanana. Dina waktu harita umur Wicitrawirya ogé masih ngora.
Alatan Wicitrawirya masih ngora pikeun neruskeun pamaréntahan, mangka manéhna dibantuan ku baraya téréna, Bisma. Mangsa geus cukup umur pikeun kawin, Bisma mangmilihkeun calon penganten anu pas pikeun Wicitrawirya. Saterusna manéhna miang ka Karajaan Kasi sarta meunangkeun sayémbara anu diayakeun di éta nagara. Manéhna mawa tilu putri Raja anu baris dianugerahkeun ka adina, Wicitrawirya. Tilu putri kasebut ngaranna Amba, Ambika, jeung Ambalika. Tapi Amba henteu hayang ngadahup ka Wicitrawirya alatan asihna ngarah ka batur, mangka ngan Ambika jeung Ambalika anu ngadahup ka Wicitrawirya.
Teu lila sanggeus kawin, Wicitrawirya mangkat alatan kasakit paru-paru. Manéhna mangkat tanpa turunan. Satyawati ménta supaya Bisma ngawin kadua randa Wicitrawirya ambéh ngabogaan turunan, tapi Bisma nampik alatan katalian ku sumpahna. Ahirna dua randa kasebut dibikeun ka Resi Abiyasa, anak Satyawati ti Resi Parasara, alatan manéhna sanggup méré turunan ka dua randa kasebut sarta masih ngabogaan hubungan kakulawargaan jeung para Raja Astinapura.
Ambika, Ambalika sarta turunanana
Kadua randa Wicitrawirya — Ambika jeung Ambalika — baris ngalaksanakeun upacara "Putrotpadana" pikeun ménta anak, sarta upacara kasebut dipingpin ku Resi Abiyasa. Saméméhna, Abiyasa nitah dua randa kasebut datang sorangan pikeun ngalakonan upacara kasebut. Mimitina Ambika nu datang. Tapi alatan manéhna sieun ku Abiyasa, mangka salila prosés ritual manéhna nutupan panonna. Tuluy Abiyasa ngomong yén jaga anakna baris lahir lolong. Sanggeus lahir, anak Ambika kasebut dibéré ngaran Dréstarastra. Saterusna Ambalika nu datang. Tapi alatan manéhna sieun ku Abiyasa, mangka salila prosés ritual beungeutna sepa. Tuluy Abiyasa ngomong yén anakna baris lahir kalayan beungeut nu sepa boga kasakit anemia sarta teu cukup séhat pikeun maréntah karajaan. Sanggeus lahir, anakna Ambalika dibéré ngaran Pandu. Ku paménta Déwi Satyawati, Abiyasa ngajurung ambéh salah sahiji ti maranéhanana datang deui sangkan Abiyasa bisa ngalakonan ritual deui sarta bisa dilahirkeun anak anu cageur. Ambika jeung Ambalika ngajurung salah sahiji emban pikeun datang ka Abiyasa. Dayang kasebut pohara tenang dina waktu prosés ritual. Waktu lahir, anak dayang ieu lahir kalayan séhat sarta saterusna dibéré ngaran Widura.
Ambika
Dina Mahabarata, Ambika nyaéta puteri ti Raja Kasi sarta pamajikanna Wicitrawirya, Raja Astinapura. Babarengan jeung barayana, Amba sarta Ambalika, manéhna dibeunangkeun ku Bisma dina hiji sayémbara (Bisma nangtang para raja sarta pangéran anu ngariung tuluy nalukkeun maranéhanana). Bisma nyerahkeun maranéhanana ka Satyawati pikeun didahupkeun ka Wicitrawirya. Tapi Wicitrawirya pupust dina umur nu ngora saméméh méré turunan pikeun Ambika. Sanggeus pupusna Wicitrawirya, Satyawati boga paménta ka Resi Abiyasa pikeun neruskeun garis turunan Dinasti Kuru. Luyu jeung kahayang Satyawati, Sang Resi ngadatangan dua pamajikan Wicitrawirya pikeun méré turunan. Waktu Abiyasa ngadatangan manéhna, Ambika nempo rupa Abiyasa pohara pikasieuneun sarta dedeganna sangar sarta panon anu hurung. Dina kaayaanana anu sieun, manéhna nutupan panonna sarta henteu wani beunta. Mangka ti éta, anakna nu lahir, Drétarastra lahir lolong.
Sanggeus kalahiran Drétarastra, waktu Satyawati ménta abiyasa pikeun ngadatangan Ambika nu kadua kalina, Ambika henteu daék datang sarta ngirimkeun dayang gaganti dirina. Mangka si ladén ngalahirkeun Widura, anu saterusna diasuh jadi adi Drétarastra jeung Pandu. Ambika hirup sawatara lila nepi ka ngabogaan incu, nyaéta Pandawa jeung Kurawa. Sabot Pandu mangkat, Satyawati ngajak Ambika pikeun ngasingkan diri ka leuweung, demi ninggalkeun kahirupan kadunyaan. Kahayang kasebut disatujuan ku Ambika. Babarengan jeung Ambalika, maranéhanana tiluan indit ka jero leuweung ninggalkeun Astinapura, sarta ngantep penerus Dinasti Kuru nangtukeun nasibna sorangan.
Ambalika
Dina wiracarita Mahabarata, Ambalika mangrupa puteri Raja Kasi nu jadi pamajikan Wicitrawirya, Raja Astinapura. Babarengan jeung barayana, nyaéta Amba sarta Ambika, manéhna diboyong ku Bisma ka Astinapura lantara ieu satria hasil meunangkeun sayémbara nu diayakeun ku Raja Kasi (Bisma nangtang para raja sarta pangeran anu ngariung tuluy nalukkeun maranéhanana.) Bisma mikeun para putri ka Satyawati, indung téréna, pikeun dikawinkeun ka Wicitrawirya. Tapi Wicitrawirya mangkat dina umur nu ngora saméméh méré turunan ka Ambalika.
Sanggeus Wicitrawirya mangkat, Satyawati, minang saraya ka Resi Abiyasa, anakna ti Resi Parasara, pikeun neruskeun garis turunan Dinasti Kuru. Luyu jeung paménta Satyawati, Sang Resi ngadatangan randa Wicitrawirya pikeun dibéré turunan. Ambalika dititah ku Satyawati pikeun terus ngabeuntakeun panonna sangkan ulah ngababarkeun anakna nu bakal lahir lolong kawas anu geus karandapan ku Ambika (Ambika ngalahirkeun anak nu lolong nu dingaranan Dréstarastra). Alatan taat kana paréntah mitohana, manéhna terus ngabeuntakeun panonna tapi manéhna jadi sepa sanggeus nempo rupa Sang Resi anu pikasieuneun. Mangka manehna ngalahirkeun anak anu sepa (katarajang kasakit anemia) nu dingaranan Pandu, bapana para Pandawa. Ambalika hirup sawatara lila di Astinapura nepi ka manéhna ngabogaan incu, nyaéta para Pandawa jeung Kurawa. Mangsa Pandu geus mangkat, rarasaan Ambalika kapeupeuh. Ku bongbolongan ti Satyawati, Ambalika ninggalkeun kahirupan dunnya sarta indit ka leuweung. Babarengan jeung Satyawati sarta Ambika, maranéhanana ninggalkeun para penerus Dinasti Kuru di Astinapura.
Dréstarata
Dréstarata (basa Sansekerta: Dhritarāshtra) dina wiracarita Mahabarata, nyaéta anak ti Wicitrawirya jeung Ambika. Manéhna lolong ti mimiti lahir alatan indungna nutupan panon sawaktu ngalakonan upacara Putrotpadana anu diayakeun ku Resi Abiyasa pikeun meunangkeun turunan. Dréstarata mangrupa lanceuk téré Pandu. Sabenerna Dréstarata anu ngabogaan hak jadi Raja Astinapura alatan manéhna mangrupa anak Wicitrawirya anu pangkolotna. Tapi manéhna lolong sahingga pamaréntahan kudu dibikeun ka adina. Sanggeus Pandu mangkat, manéhna ngagantikeun kalungguhan adina kasebut. Dréstarata nyaéta salakina Gandari sarta bapana para Kurawa.
Kalahiran
Sanggeus Wicitrawirya mangkat tanpa ngabogaan turunan, Satyawati ngirim dua randa Wicitrawirya, nyaéta Ambika jeung Ambalika, pikeun manggihan Resi Abiyasa (anak Satyawati ti Resi Parasara), lantaran Sang Resi baris ngayakeun hiji upacara pikeun maranéhanana ambéh meunangkeun turunan. Satyawati ngajurung Ambika ambéh manggihan Resi Abiyasa di rohangan upacara. Sanggeus Ambika asup ka rohangan upacara, manéhna nempo beungeut Sang Resi anu pohara pikasieuneun sarta panonna anu hurung ngempur. Hal éta ngajadikeun Ambika nutupan panonna. Alatan Ambika nutupan panon salila upacara lumangsung, mangka anakna lahir lolong. Anakna kasebut sanggeus lahir dingaranan Dréstarata.
Mangsa pamaréntahan
Alatan Dréstarata lahir lolong, mangka tahta karajaan dibikeun ka adina, nyaéta Pandu. Sanggeus Pandu mangkat, Dréstarata ngagantikeun manéhna salaku raja (kadangkala disebut pajabat pamaréntahan pikeun samentara waktu). Dina maréntah, Dréstarata diréndéngan ku kulawarga sarta barayana, nyaéta para pinisepuh Wangsa Kuru kawas Bisma, Widura, Dorna, sarta Krépa. Waktu anak kahijina nyaéta Duryodana lahir, Widura jeung Bisma nganaséhatan Dréstarata ambéh miceun anakna kasebut alatan tanda-tanda goréng anu nyimbutan waktu kalahiranana. Tapi alatan rasa asihna ka anak, manéhna henteu téga ngalakonanana sarta tetep ngasuh Duryodana salaku anakna.
Parebutan kakawasaan
Duryodana boga ambisi ngajadikeun dirina salaku panerus tahta Karajaan Kuru di Astinapura. Dréstarata ogé boga kahayang anu sarua, tapi manéhna kudu laku adil ka Yudistira, anu leuwih kolot manan Duryodana. Waktu Dréstarata nyalonkeun Yudistira jadi raja, hal éta malahan ngabalukarkeun rasa kuciwa anu pohara pikeun Duryodana. Sanggeus ngaliwatan sawala sarta ku bongbolongan Bisma, Karajaan Kuru dibagi dua. Wewengkon Astinapura dibikeun ka Duryodana sedengkeun Yudistira dibéré wewengkon anu tandus sarta padumukna jarang, anu dipikawanoh sabagé Kandawaprahasta. Ku bantuan ti dulur misan Yudistira, nyaéta Kresna jeung Baladéwa, maranéhanana ngarobah wewengkon tandus kasebut jadi makmur jeung agréng, sarta dipikawanoh sabagé Indraprahasta.
Maén dadu
Dréstarataa nyaéta salah sahiji ti sawatara pinisepuh Wangsa Kuru anu hadir nyaksian kaulinan dadu antara Duryodana, Dursasana, sarta Karna anu diwakilan ku Sangkuni, ngalawan Pandawa anu diwakilan ku Yudistira. Yudistira kaleungitan sagala kakayaanana dina kaulinan dadu kasebut, kaasup kailangan baraya sarta pamajikanana. Waktu Drupadi ditaranjangan ku Dursasana di hareupeun para hadirin dina baleriung kaulinan dadu, Dréstarata henteu ngedalkeun sakecap ogé. Manéhna henteu ngahulag tindakan Dursasana anu rék ngalaan pakéan Drupadi. Sanggeus usaha Dursasana pikeun naranjangan Drupadi henteu hasil, Bima sumpah yén jaga manéhna baris maéhan Dursasana sarta nginum getihna. Saterusna Dréstarata ngarasakeun wirasat goréng yén turunanana baris binasa. Manéhna gancang nyieun hiji kawijakan, maréntahkeun Duryodana ambéh sagala harta Yudistira anu baris jadi milik Duryodana gancang dipulangkeun. Manéhna ogé ngajurung ambéh Yudistira jeung barayana geura balik ka Indraprahasta.
Tapi, alatan pangrojong Duryodana jeung Sangkuni, kaulinan dadu diayakeun deui pikeun anu kadua kalina. Ayeuna tarohanana lain harta, tapi saha anu éléh kudu ngabuang diri ka leuweung salila 12 taun, sanggeus éta hirup dina mangsa nyamur salila sataun, sarta sanggeus éta kaci balik ka karajaanana. Yudistira ogé henteu nampik ku harepan baris meunang, tapi sabalikna Yudistira éléh maén. Ahirna, Yudistira reujeung pamajikan sarta dulur-dulurnaa ngasingkeun diri ka leuweung sarta ninggalkeun karajaan maranéhanana. Waktu Pandawa ninggalkeun karajaanana, Dréstarata masih baluas ku sumpah Bima akibat panghina anu dipigawé ku anak-anakna. Alatan tindakan Dréstarata anu henteu ngomong sakecap ogé waktu Drupadi rék ditaranjangan di hareupeun umum, manéhna dicawad supaya leuwih mentingkan kawajiban salaku raja batan rasa asih salaku bapa ka anak.
Perang di Kurusétra
Dréstarata ngabogaan saurang panungtun nu ngaranna Sanjaya. Sanjaya téh nyaéta alona Dréstarata alatan manéhna mangrupa anakna Widura, adi téré Dréstarata. Sanjaya dibéré kasinugrahan ku Resi Abiyasa sangkan manéhna bisa nempo mangsa nu geus kaliwat, mangsa ayeuna, sarta mangsa nu bakal disanghareupan. Sanjaya anu ngadongéngkeunkajadian di Kurusétra salila perang rongkah ka Dréstarata. Waktu Dréstarata dipinuhan ku kahariwang bakal ancurna Kurawa, manéhna sok nanya ka Sanjaya ngeunaan kaayaan di médan Kuru atawa Kurusétra. Warta anu dicaritakeun ku Sanjaya lolobana mangrupa warta sedih pikeun Dréstarata, lantaran anakna hiji-hiji nungtutan gugur ditelasan ku Arjuna jeung Bima. Sanajan warta ti Sanjaya mindeng ngaleutikkeun haté Dréstarata, tapi Dréstarata satia merhatikeun satiap kajadian anu lumangsung dina perang di Kurusétra.
Ngancurkeun patung Bima
Dina wekasan perang, Dréstarata nahan rasa kasedih sarta kaambek ku gugurna para Kurawa. Waktu manéhna papanggih jeung para Pandawa anu ménta restuna alatan maranéhanana jadi pawaris tahta, manéhna ngarangkul maranéhanana hiji-hiji. Sabot anjog giliran Bima, pikiran jahat ngarasuk Dréstarata sarta rasa dendamna mecenghul ka Bima. Kresna nyaho yén sanajan Dréstarata lolong, manéhna ngabogaan kakuatan anu sarimbag jeung saratus gajah. Mangka kalayan gancang Kresna ngadorong Bima sarta ngagantina ku hiji patung nu nyarupaan Bima. Dina waktu harita ogé Dréstarata ngancurkeun patung kasebut nepi ka jadi lebu. Ahirna Bima salamet sarta Dréstarata mimiti ngarobah rarasaanana sarta méré kasinugrahan ka para Pandawa.
Kahirupan saterusna jeung ajalna
Sanggeus perang rongkah di Kurusétra lekasan, Yudistira diangkat jadi Raja Indraprahasta sakaligus Astinapura. Sanajan kitu, Yudistira tetep némbongkeun rasa hormatna ka Dréstarata kalayan netepkeun yén tahta Raja Astinapura masih dicekel ku Dréstarata. Ahirna Dretarastra mutuskeun pikeun ninggalkeun kahirupan kadunyaan sarta ngumbara di leuweung minangka patapa babarengan jeung Gandari, Widura, Sanjaya, sarta Kunti. Di jero leuweung di Himalaya, maranéhanana palastra alatan leuweung kabeuleum ku seuneu.
Gandari
Gandari (basa Sansakerta: Gāndhārī) nyaéta ngaran salah saurang inohong dina wiracarita Hindu, Mahabarata. Dina carita ieu, manéhna mangrupa puteri Subala, Raja Gandara (nu kiwari disebut Kandahar), nyaéta wewengkon anu ngawengku Pakistan kulon ngalér sarta Afganistan wétan. Gandari ngadahup ka Dréstarata, anak Pandu pangkolotna. Saprak boga salaki ka Dréstarata, Gandari ngahaja nutupan panonna ambéh henteu bisa ngarasakeun keéndahan dunya alatan hayang milu ngarasakeun kasusah salakina nu teu busa nénjo.
Indung para Kurawa
Gandari boga saratus urang anak lalaki (kabéhanana disebut Kurawa) sarta saurang anak awéwé nu ngaranna Dursala anu ngadahup ka Jayadrata. Dina waktu kakandungan, manéhna ngarasa sirik ka Kunti anu geus ngabogaan anak, sedengkeun manéhna sorangan tacan dibéré kasinugrahan mangrupa turunan. Sabot anakna lahir, anu kaluar tina kandunganana lain orok tapi sagumpal daging. Gandari saterusna ménta tulung ka Abiyasa, saurang resi sakti anu geus noreh yén manéhna baris ngabogaan saratus urang anak. Abiyasa satuluyna nyiksikan daging kasebut jadi saratus potong, sarta diasupkeun kana gentong tuluy dikubur salila sataun. Sanggeus gentong-gentong kasebut digali deui, ti saban potongan daging éta tumuwuh saurang anak, anu satuluyna jadi Kurawa. Di antara Kurawa, anu kasohor nyaéta Duryodana jeung Dursasana, inohong antagonis dina Mahabarata, sarta maranéhanana kabéh perlaya dina perang ngalawan dulur misan maranéhanana, nyaéta Pandawa, di Kurusétra. Sanajan kabeh anak Gandari disebut inohong nu jahat, ajaran moral anu luhur dina Mahabharata bisa dipetik ti Gandari. Manéhna tutuluyan mamatahan anakna ambéh ngalakonan darma sarta damé jeung Pandawa. Gandari deukeut jeung Kunti anu ngahormat jiga ka lanceuk.
Kasinugrahan Gandari
Dina waktu lumangsungna perang antara Kurawa jeung Pandawa, anak Gandari hiji-hiji nungtutan garugur nepi ka ahirna ngan Duryodana anu nyésa. Sieun turunanana ancur, Gandari méré kasinugrahan ka Duryodana ambéh anakna kasebut weduk tina sagala rupa serangan musuh. Manéhna ngajurung Duryodana supaya mandi sarta sanggeus éta datang manggihan indungna dina kaayaan buligir. Dina waktu Duryodana indit pikeun manggihan indungna, manéhna papanggih jeung Kresna anu karék ngadatangan Gandari. Kresna moyok Duryodana anu teu boga kaéra alatan daék nyanghareup ka indungna dina kaayaan buligir teu dibaju sacewir-cewir acan. Ku alatan éra ku pamoyok Kresna, Duryodana nyokot lawon sarta nutupan larangananan ogé pingpingna. Sanggeus éta manéhna indit deui manggihan indungna. Sabot Duryodana anjog, Gandari langsung muka panutup panonna sarta nempo Duryodana. Dina waktu panonna kabuka, sinar ajaib mecenghul sarta méré kakuatan ka Duryodana. Tapi waktu manéhna nyaho yén anakna nutupan bagian sabudeureun laranganana, Gandari nyarita yén bagian kasebut moal weduk ku serangan musuh alatan henteu meunang siraman kakuatan. Ramalan Gandari jadi kanyataan. Dina waktu Duryodana tarung jeung Bima dina perang poé kadalapan belasna, Duryodana gugur alatan pingpingna anu henteu weduk digebug ku gada Bima.
Supata Gandari
Sanggeus perang di Kurusétra lekasan, Gandari nyeungceurikan gugurna saratus anakna. Gandari ngahujat Kresna anu ngantep perang lumangsung. Manéhna ogé nyalahkeun Kresna anu henteu sanggup nyegah peperangan sarta henteu bisa ngadamékeun dua pihak. Kresna nyarita yén kawajibanana nyaéta nangtayungan bebenaran, lain nyegah peperangan. Saterusna Gandari nyupata Kresna, yén kulawarga Kresna, nyaéta Wangsa Wresni, baris tumpur alatan silih binasakeun. Kresna nampa supata kasebut bari imut sarta sadar yén Wangsa Wresni moal bisa diéléhkeun kajaba ku sasamana. Tilu puluh genep taun sanggeus supata kasebut diucapkan, Wangsa Wresni ngarandapan perang rongkah jeung bangsana sorangan. Maranéhanana silih paéhan. Ngan Kresna, Baladéwa, sarta para wanoja anu bisa tahan hirup. Sanggeus éta, padumukan Wangsa Wresni, nyaéta Karajaan Dwaraka, tikerelep kana jero laut sarta ngamusnahkeun bangsa kasebut. Kresna jeung Baladéwa tatapa dina jero leuweung samentara para wanoja ngungsi ka Kurusétra.
Pati
Sanggeus Pandawa meunang perang di Kurusétra, Yudistira meunang restu pikeun jadi raja. Samentara éta, Dréstarata mimiti sadar ku umurna anu kolot sarta mutuskeun pikeun ngumbara jadi patapa di jero leuweung di Himalaya. Gandari ngabaturan salakina bareng jeung baraya sarta iparna, kawas Widura, Kunti, jeung Sanjaya. Di dinya, Gandari, salakina katut barayana kabeuleum ku seuneu leuweung nu kahuruan.
Sangkuni
Sangkuni (basa Sansakerta: śakuni) atawa Sakuni nyaéta salah saurang inohong antagonis dina wiracarita Mahabarata. Manéhna mangrupa pamanna para Kurawa, sabab manéhna téh adi lalaki ti Déwi Gandari, indungna para Kurawa. Sabot para Pandawa maén dadu ngalawan para Kurawa, nya Sangkuni anu ngawakilan pihak Kurawa.
Di India, Sangkuni disebut Syakuni, sedengkeun di tanah Sunda, manéhna kadang disebut Patih Sangkuning.
Maén dadu
Pikeun mantuan alona ngarebut kakayaan Yudistira di Indraprahasta, Sangkuni boga rancana sangkan Duryodana ngondang Yudistira maén dadu kalawan tarohan harta jeung karajaan. Dina kaulinan kasebut, Sangkuni jangji baris ngawakilan Duryodana ambéh manéhna bisa meunang kalawan ngagunakeun kalicikna. Niat kasebut disatujuan ku Duryodana. Dréstaratra nimbang-nimbang niat kasebut asak-asak babarengan jeung para pinisepuh kulawarga anu séjén, tapi alatan hasutan Sangkuni, manéhna ngarélakeun rancana kasebut. Ondangan ogé dikirim ka Indraprahasta sarta dina poé anu geus ditangtukeun Yudistira babarengan jeung kaopat adina sarta pamajikan datang ka Astinapura. Mimitina mah Sangkuni ngéléhan sarta ngantep Yudistira ngarasakeun kameunang. Teu sabaraha lila, Sangkuni meunang terus. Angka dadu anu dipénta Sangkuni pasti mecenghul luyu jeung harepanana sarta teu kungsi luput alatan manéhna ngagunakeun kalicikna. Harta sarta karajaan milik Yudistira ogé ragrag ka leungeun Duryodana, kaasup dulur-dulur sarta pamajikanana, nyaéta Drupadi. Tapi berkah pitulung Dréstarata, Yudistira meunangkeun deui kabébasanana. Hartana ogé dipulangkeun deui. Alatan kuciwa, Duryodana ngayakeun deui maén dadu pikeun anu kadua kalina. Ayeuna tarohanana téh nyaéta saha anu éléh kudu ninggalkeun karajaan sarta dibuang ka jero leuweung salila 12 taun sarta sanggeus éta hirup nyamur di karajaan séjén salila sataun, sarta sanggeusna kakara kaci balik ka karajaanana. Sanggeus nampa sarat kasebut, Yudistira maén dadu pikeun anu kadua kalian jeung Duryodana anu diwakilan ku Sangkuni. Tapi ayeuna ogé manéhna éléh sarta kapaksa ngasingkeun diri ka jero leuweung salila 12 taun sarta hirup dina kaayaan nyamur salila sataun babarengan jeung adi-adina sarta pamajikanana.
Pati
Dina perang rongkah di Kurusétra, Sangkuni ngabiluk Duryodana. Manéhna gugur ku leungeun Sadéwa.
Sangkuni dina pewayangan Sunda jeung Jawa
Nurutkeun pawayangan Sunda jeung Jawa, Sangkuni dicaritakeun salaku anak kadua Prabu Gandara, raja nagara Gandaradesa jeung permaisuri Déwi Gandini. Manéhna boga tilu dulur nyaéta Gandari, Surabasata jeung Gajaksa. Sangkuni ngadahup jeung Déwi Sukésti, anakna Prabu Késwara, raja nagara Plasajenar. Sangkuni boga tilu urang anak nyaéta Antisura (nu boga landihan Surakesti), Surabasa, sarta Déwi Antiwati anu saterusna dikawin ku Udawa, patih nagara Dwarawati (Dwaraka). Sangkuni miboga sipat atawa watek anu parigel, pinter ngomong, goréng haté, dengki sarta licik. Manéhna lain waé ahli dina siasat sarta tata pamaréntahan jeung katatanagaraan, tapi ogé mahér dina olah jurit. Sangkuni miboga pusaka nu wujudna Cis (tumbak pondok pikeun maréntah gajah) anu miboga hasiat bisa ngahasilkeun cai lamun ditancebkeun kana taneuh. Dina perang Baratayuda, Sangkuni diangkat jadi "Senapati Agung Kurawa" sanggeus gugurna Prabu Salya, raja nagara Mandaraka. Manéhna perlaya ku leungeun Bima dina kaayaan nu pohara matak pikasediheun; kulitna dibesét sarta dibikeun ka Déwi Kunti pikeun nyumponan sumpahna Bima. Layon Sangkuni saterusna diremukkeun ku Gada Rujakpala boga Bima.
Pandu Dewanata
Pandu (basa Sansakerta: pāṇḍu) nyaéta ngaran salah sahiji palaku dina wiracarita Mahabarata, bapana para Pandawa. Pandu mangrupakeun anak kadua ti tilu sadulur, nyaéta Dréstarata anu sabenerna mah mangrupakeun pawaris ti Karajaan Kuru kalawan puseur pamaréntahan di Astinapura, tapi alatan lolong mangka tahtana dibikeun ka Pandu jeung Widura, anu henteu ngabogaan élmu kasaktian naon-naon tapi ngabogaan élmu kewijaksanaan anu hadé utamana dina widang katatanagaraan. Pandu ngabogaan dua urang pamajikan, nyaéta Kunti jeung Madrim. Sabenerna Pandu Déwanata henteu bisa miboga anak alatan disupata ku hiji resi, alatan dina waktu resi kasebut nyamur jadi kidang pikeun sapatemon jeung bojona, Pandu manah manéhna nepi ka tiwas. Dua pamajikan Pandu Déwanata ngandung ku cara ménta budak ka Déwa. Pandu Déwanata tungtungna tiwas alatan supata anu ditimpahkeun ka manéhna, sarta Madrim nyusul salakina ku cara ngaduruk manéh.
Harti ngaran
Ngaran Pandu atawa pāṇḍu dina basa Sansakerta hartina sepa, sarta kulit manéhna memang sepa, alatan sabot indungna (Ambalika) ngalaksanakeun upacara putrotpadana pikeun meunangkeun anak, beungeut manéhna sepa alatan rasa kasieun. Dina basa Jawi (Jawa Kuno/Sunda), kecap "Pandu" asalna tina kecap "Wandu" anu hartina lain laki lain awéwé, tapi lain banci. Tegesna, sajeroning lanang ana wadon, sajeroning wadon ana lanang, nyaéta manusa anu geus manggihan jodona tina dirina sorangan.
Kalahiran
Bapana Pandu nyaéta Wicitrawirya sarta indungna nyaéta Ambalika. Waktu Wicitrawirya mangkat, manéhna tacan ngabogaan turunan. Mangka éta Ambalika dibikeun ka Bagawan Abiyasa ambéh diupacaraan sahingga bisa meunangkeun anak. Ambalika dititah ku Satyawati pikeun ngadatangan Abiyasa ka kamarna, sarta di dinya manéhna baris dibéré kasinugrahan. Manéhna ogé dititah supaya terus ngabeuntakeun panonna améh henteu ngalahirkeun anak nu lolong. Mangka ti éta, Ambalika terus ngabeuntakeun panonna tapi manéhna jadi sepa kasieunan sanggeus nempo rupa Sang Bagawan (Abiyasa) anu pikasieunaeun. Mangka ti éta, Pandu (anakna), bapana para Pandawa, lahir kalayan beungeut nu sepa.
Kahirupan
Pandu mangrupakeun pamanah anu mahér. Manéhna mingpin soldadu Dréstarata sarta ogé maréntah karajaan pikeun ngawakilan lanceukna. Pandu nalukkeun wewengkon Dasarna, Kasi, Anga, Wanga, Kalinga, Magada, jeung nu séjén-séjénna. Pandu kawin jeung Kunti, puteri Raja Kuntiboja ti Wangsa Wresni, sarta Madrim, puteri Raja Madra. Waktu moro di leuweung, tanpa ngahaja Pandu manah hiji resi anu keur sapatemon jeung bojona. Ku gawéna kasebut, Sang Resi nyupata Pandu ambéh jaga manéhna tiwas waktu sapatemon jeung pamajikanana. Mangka ti éta, Pandu henteu bisa ngabogaan anak ku cara sapatemon jeung pamajikanana. Kalawan rasa kuciwa, Pandu ninggalkeun leuweung babarengan jeung pamajikanana sarta hirup kawas patapa. Dina jero leuweung, Kunti ngaluarkeun mantra rusiahna sarta nyalukan tilu Déwa, Nyaéta Yama, Bayu, sarta Indra. Ti tilu Déwa kasebut, manéhna ménta masing-masing hiji budak. Tilu budak kasebut nyaéta Yudistira, Bima (Mahabarata), sarta Arjuna. Kunti ogé méré kasempetan ka Madrim pikeun ménta hiji budak ti Déwa anu dicalukanana, sarta Madri nyalukan Déwa Aswin. Ti Déwa kasebut, Madrim nampa budak kembar, nu dibéré ngaran Nakula jeung Sadéwa. Lima anak Pandu kasebut dipikawanoh minangka Pandawa.
Pati
Lima belas taun sanggeus manéhna hirup ngabujang, sabot Kunti jeung anak-anakna pajauh, Pandu mecakan pikeun sapatemon jeung Madrim. Alatan tindakan kasebut, Pandu tiwas luyu jeung supata anu diucapkan ku resi anu kungsi dipaéhanana. Saterusna Madrim nitipkeun anak kembarna, Nakula jeung Sadéwa, ambéh dirawat ku Kunti samentara manéhna ngaduruk manéh pikeun nyusul salakina ka ahérat.
Vérsi pawayangan Sunda jeung Jawa
Dina pawayangan Sunda jeung Jawa, Pandu mangrupakeun anak kandung Abiyasa anu kawin jeung Ambalika, randa Wicitrawirya. Dicaritakeun yén Abiyasa miwaris tahta Astinapura minangka raja samentara nepi ka Pandu sawawa.
Mangsa keur ngora
Pandu digambarkan boga beungeut kasép tapi ngabogaan cacad dina bagian beuheung, alatan indungna ngabalieurkeun beungeut waktu sapatemon jeung Abiyasa. Para dalang ngamekarkeun carita mangsa ngora Pandu anu ngan ditulis singket dina Mahabarata. Contona, Pandu didongéngkeun sok kalibet mindeng mantuan kawinan para misanana di Madura. Pandu kungsi dipénta para déwa pikeun numpes satru kahiyangan nu ngaranna Prabu Nagapaya, raja raksasa anu bisa ngajanggélék jadi naga ti nagri Guhabarong. Sanggeus junun ngalaksanakeun pancénna, Pandu meunang kasinugrahan mangrupa pusaka minyak Tala.
Pandu saterusna kawin jeung Kunti sanggeus junun meunang sayémbara di nagari Madura. Manéhna malah meunangkeun hadiah tambahan, nyaéta Puteri Madrim, sanggeus junun ngéléhkeun Salya, lanceuk sang puteri. Di tengah jalan manéhna ogé hasil meunangkeun hiji puteri deui nu ngaranna Gandari ti nagri Plasajenar, sanggeus ngéléhkeun lanceukna anu ngaranna Prabu Gandara. Putri anu pamungkas ieu saterusna dibikeun ka Dréstarata, lanceuk Pandu.
Pandu naék tahta di Astina ngagantikeun Abiyasa kalawan boga gelar "Prabu Pandu Déwanata" atawa "Prabu Gandawakstra". Manéhna maréntah dibaturan Gandamanah, pangéran Pancala minangka patih. Gandamanah saterusna disingkirkeun ku Sangkuni, adi Gandari sacara licik.
Kulawarga
Ti kadua pamajikanana, Pandu meunangkeun lima urang anak anu disebut Pandawa. Béda jeung kitab Mahabarata, limaanana bener-bener anak kandung Pandu, sarta lain hasil paméré déwa. Para déwa ngan dicaritakeun mantuan kalahiran maranéhanana. Contona, Batara Darma mantuan kalahiran Yudistira, sarta Batara Bayu mantuan kalahiran Bima (Mahabarata). Lima anak Pandu kabéhanana lahir di Astina, lain di leuweung sakumaha anu dicaritakeun dina Mahabarata.
Pati
Pati Pandu dina pawayangan Sunda jeung Jawa lain alatan sapatemon jeung Madrim, tapi alatan perang ngalawan Prabu Trembaka, muridna sorangan.
Dicaritakeun yén Madrim nyiram hayang uulinan naék Lembu Andini, wahana Batara Guru. Pandu ogé naék ka kahiyangan ngusulkeun paménta pamajikanana. Minangka sarat, manéhna rela boga umur pondok sarta asup naraka. Batara Guru ngabulkan paménta éta. Pandu jeung Madrim ogé uulinan di luhur tonggong Lembu Andini. Sanggeus seubeuh, maranéhanana mulangkeun lembu éta ka Batara Guru. Sawatara bulan saterusna, Madrim ngalahirkeun orok kembar ngaranna Nakula sarta Sadéwa.
Luyu jeung kasanggupna, Pandu ogé umurna pondok. Alatan adu domba ti Sangkuni, Pandu ogé kalibet dina perang ngalawan muridna sorangan, nyaéta hiji raja raksasa ti nagri Pringgadani nu ngaranna Prabu Trembaka. Perang ieu dipikawanoh kalawan ngaran Pamoksa. Dina perang éta, Trembaka gugur kakeunaan anak panah Pandu, tapi manéhna sempet natuan pingping lawanana éta ngagunakeun keris nu ngaranna "Kyai Kalanadah". Alatan tatu dina pingping kasebut, Pandu jadi gering. Manéhna tungtungna maot sanggeus nurunkeun wasiat supaya Astinapura pikeun samentara diparéntah ku Dréstarata nepi ka jaga Pandawa sawawa. Antara anak-anakna Pandu jeung Trembaka jaga lumangsung kawinan, nyaéta Bima jeung Arimbi, anu ngalahirkeun Gatotkaca, hiji satria getih campuran, manusa jeung raksasa.
Naék ka sawarga
Istilah Pamoksa saputereun pati Pandu rada béda hartina jeung istilah moksa dina ageman Hindu. Dina "Pamoksa", Pandu tilar dunya babarengan jeung sakabéh awakna. Jiwana saterusna asup kana naraka luyu jeung jangjina. Ku perjuangan anakna, nyaéta Bima sawatara taun satuluyna, Pandu jeung Madrim tungtungna meunangkeun tempat di sawarga. Kaol séjén anu leuwih dramatis nyaritakeun yén Pandu tetep milih hirup dina naraka babarengan jeung Madrim luyu jeung jangjina ka déwa. Pikeun Pandu, henteu jadi masalah sanajan manéhna tetep cicing di naraka, asal manéhna bisa nempo kajayaan anak-anakna di dunya. Rarasaan bagja nempo darma bakti para Pandawa ngajadikeun manéhna ngarasa hirup di sawarga.
Kunti Nalibrata
Kunti (basa Sansakerta: Kuntī) dina carita Mahabarata nyaéta anak awéwé ti Prabu Kuntiboja. Manéhna nyaéta barayana Basudéwa anu mangrupakeun bapana Baladéwa, Kresna jeung Subadra. Manéhna ogé nyaéta indungna Yudistira, Werkudara, jeung Arjuna sarta ogé mangrupakeun pamajikan kahiji Pandu. Sajaba ti éta, Kunti ogé indungna Karna.
Satilarna Pandu Déwanata, manéhna ngasuh Nakula jeung Sadéwa, anak Pandu ti Déwi Madrim. Saréngsé Baratayuda, manéhna jeung iparna Dréstarata, Gandari, jeung Widura indit tatapa nepi ka tungtung hirupna.
Asal-usul
Bapana Kunti nyaéta Raja Suraséna ti Wangsa Yadawa, sarta waktu orok manéhna dibéré ngaran Prita. Manéhna mangrupakeun adina Basudéwa, bapana Kresna. Satuluyna manéhna diangkat anak ku Raja Kuntiboja anu henteu ngabogaan anak, sarta saprak harita manéhna dibéré ngaran Kunti. Sanggeus Kunti jadi anakna, Raja Kuntiboja kakara boga anak kandung.
Mangsa ngora
Dina waktu Kunti masih ngora, manéhna dibéré hiji mantra sakti ku Resi Durwasa ambéh bisa nyalukan déwa-déwi luyu jeung anu dipikahayangna. Dina hiji poé, Kunti hayang mecakan éta kasinugrahan sarta nyalukan Déwa Surya. Surya anu ngarasa dicalukan, nanya ka Kunti, naon anu dipikahayangna. Tapi Kunti ngajurung Sang Déwa pikeun balik ka panyicinganana. Alatan Kunti geus nyalukan déwa kasebut sangkan datang ka bumi tapi henteu hayangeun berkah nanaon, Sang Déwa méré hiji budak ka Kunti.
Kunti henteu hayang ngabogaan anak sawaktu ngora, mangka manéhna ngasupkeun orok kasebut kana karinjang sarta malidkeunana ka walungan Aswa. Saterusna orok kasebut dipulung ku saurang kusir ti kadaton Astinapura anu ngaranna Adirata, sarta éta budak dingaranan Karna.
Kahirupan saterusna
Saterusna, Kunti kawin jeung Pandu, saurang raja di Astinapura. Pandu ogé kawin jeung Madrim minangka pamajikan nu kadua, tapi hésé boga anak. Tungtungna Pandu jeung dua pamajikanana hirup di leuweung. Nya di dinya Kunti ngaluarkeun mantra rusiahna. Manéhna nyalukan tilu Déwa sarta ménta tilu budak ti maranéhanana. Budak kahiji dibéré ngaran Yudistira ti Déwa Yama, nu kadua ngaranna Bima ti Déwa Bayu, sarta anu pamungkas ngaranna Arjuna ti Déwa Indra. Saterusna Kunti ngabéjaan mantra kasebut ka Madrim. Madrim nyalukan Déwa Aswin sarta nampa budak kembar, sarta dibéré ngaran Nakula jeung Sadéwa. Lima anak Pandu kasebut dipikawanoh kalawan ngaran Pandawa.
Sanggeus nemahan patina Pandu jeung Madrim, Kunti ngasuh lima budak kasebut sosoranganan. Luyu jeung amanat Madrim, Kunti jangji baris nganggap Nakula jeung Sadéwa kawas anakna sorangan. Sanggeus perang rongkah di Kurusétra lumangsung sarta umurna geus pohara kolot, Kunti indit ka leuweung babarengan jeung misanna anu séjén kawas Dréstarata, Widura, jeung Gandari pikeun ninggalkeun kahirupan duniawi. Maranéhanana mikeun karajaan ka Yudistira. Di jero leuweung, Kunti jeung anu séjénna kabeuleum ku seuneu.
Karna
Karna (Sansakerta: कर्ण; Karṇa) nu boga ngaran landihan Radea nyaéta salah sahiji inohong dina wiracarita Mahabarata anu kawéntar. Manéhna sabenerna mah masih baraya saindung tilu Pandawa, nyaéta Yudistira, Bima sarta Arjuna (Dua Pandawa séjén nyaéta Nakula jeung Sadéwa mah lain baraya langsung Karna, tapi baraya misanana).
Harti ngaran
Dina basa Sansakerta, ngaran Karna sacara harfiah hartina ceuli. Dina harti anu tersirat, kecap "Karna" ogé boga harti "parigel" atawa "pinter". Karna ogé nyandang ngaran "Radea" waktu keur leutik. Ngaran éta dibikeun ku kolot pulungna, nyaéta Adirata jeung Rada. Ngaran "Radea" sacara harfiah hartina "anak Rada".
Loba nu nganggap cenah kecap "Karna" dipilih sabab manéhna dilahirkan ngaliwatan ceuli, tapi anggapan kasebut henteu salawasna bener sabab sawatara vérsi nyaritakeun yén Karna lahir normal, sarta kaparawanan indungna (Kunti) balik deui sanggeus ngalahirkeun manéhna. Sanggeus Kunti ngalahirkeun orok, eta jabangbayi teh henteu dibéré ngaran sarta dipalidkeun ka walungan Aswa. Eta orok kapanggih sarta dipulung ku Adirata sabagé hadiah pikeun Rada. Saprak ti harita, orok anu dipulung ku Adirata dibéré ngaran Radea.
Kalahiran
Karna téh ngarupakeun anak Kunti ti Déwa Surya. Dina Mahabarata dicaritakeun yén dina mangsa ngorana Kunti dibéré hiji kasaktian ku Resi Durwasa sanggup ngagero para Déwa sarta ménta kasinugrahan ti Déwa. Sanggeus nampa kasaktén kasebut, Kunti mecakan ngagero Déwa Surya. Déwa Surya ogé datang ka hareupeun Kunti sarta nanyakeun naon kahayangna. Dewi Kunti nyarita yén manéhna ngan mecakan kasaktén sarta ménta supayah Sang Déwa balik deui ka tempat anjeunna. Tapi Déwa Surya nampik pikeun indit ka kahyangan sabab jampé anu dibikeun ku Resi Durwasa ogé boga fungsi pikeun ménta anak ti déwa anu geus digeroan. Kunti anu henteu nyaho hal kasebut jadi kagét. Manéhna henteu hayang meunang jodo dina umur nu ngora. Ahirna Déwa Surya jangji yén jaga sanggeus Kunti ngalahirkeun anakna, kaparawananana baris balik deui.
Satuluyna Déwa Surya méré kasinugrahan mangrupa anak dina kandungan Kunti, sanggeus éta Sang Déwa balik ka asalna. Sawatara lila ti harita, lahir budak lalaki. Tanda-tanda yén jaga manéhna baris jadi satria hébat geus kasampak dina wangun warugana. Ti saprak lahir, Karna geus nampa kasinugrahan mangrupa sapasang pakéan perang, pepek jeung hiji kongkorong anu éndah ngagantung dina beuheungna. Alatan henteu hayang ibur, sanggeus Kunti ngalaan sakabéh pakéan perang anu dipaké ku orokna, Kunti ngasupkeun orok kasebut kana karinjang sarta malidkeun éta orok ka walungan Aswa. Eta orok dipulung ku saurang kusir (kasta Suta) ti karaton Astinapura nu ngaranna Adirata. Saprak ti harita Karna jadi anak Adirata jeung Rada. Alatan diasuh di kulawarga anu boga kasta Suta, Karna ogé mindeng narima laku pilih kasih.
Kapribadian
Karna ngabogaan kamahéran dina élmu manah anu ampir saimbang jeung Arjuna. manéhna mahér perang, tapi bakatna katalikung dina status sosial anu handap. Hal éta ngajadikeun Karna hayang boga status pikeun jati dirina. Sanajan Karna diasuh ku kulawarga anu boga kasta handap, manéhna ngabogaan dangong salaku satria, sanajan arang anu ngaku hal ieu. Karna dalit jeung Duryodana, anu geus ngangkat manéhna jadi raja di Karajaan Anga, anu naékkeun statusna. Lantaran laku alus nu dipigawé ku Duryodana ka dirina, Karna jangji yén manéhna baris aya di pihak Duryodana. Karna ngarasa Arjuna jadi saingan sarta hayang pisan nelasan Arjuna dina waktu Baratayuda. Saméméh Baratayuda, Kunti datang ka hareupeun Karna sarta nyarita yén manéhna téh indungna nu saéstu. Kunti ngajurung Karna ambéh ngabiluk ka Pandawa. Karna nyarita yén manéhna ngan ngaku Rada minangka indungna sarta tetep ngabiluk ka Kurawa. Karna ogé ngomong, yén manéhna ngan daék maéhan Arjuna, moal maéhan Pandawa anu séjén.
Guguru ka Parasurama
Alatan hayang jadi saurang satria, Karna guguru ka Parasurama. Parasurama nyaéta saurang Brahmana-Satriya anu geus boga loba pangalaman dina élmu peperangan, sarta geus kolot pisan, ti jaman Treta Yuga (jaman Ramayana) nepi ka jaman Dwapara Yuga (jaman Mahabarata). Parasurama pernah boga pangalaman anu goréng jeung kasta satria, sarta saprak ti harita manéhna sungkan pikeun ngajar para satria. Karna anu sabenerna saurang satria, nyamur jadi saurang brahmana ambéh meunang atikan ti Parasurama.
Dina hiji poé, waktu Parasurama hayang reureuh, Karna ngaladénanana ku cara ngantep sang guru saré dina pingpingna. Sabot Parasurama keur saré, nya datang hiji lancah ngégél suku Karna. Karna henteu hayang ngagareuwahkeun guruna, mangkana manéhna ngantepkeun lancah kasebut ngégél sukuna. Getih seger ngucur tina suku Karna, tapi manéhna henteu oyag kalinduan. Waktu Parasurama nyaring, manéhna kagét alatan nempo suku Karna réa ngaluarkeun getih. Manéhna saterusna nanya ka Karna naha manéhna henteu ngusir lancah kasebut sarta ngantep éta binatang ngégél sukuna. Karna némbalan, yén manéhna henteu hayang nyaringkeun gurun. Parasurama nyarita, "Kakuatan kawas éta ngan dipiboga ku kaum satria, lain saurang brahmana. Manéh geus bohong ka kuring kalawan nyamur salaku anak brahmana. Kuring ngutuk manéh ambéh jaga sagala élmu anu dibikeun ka manéh moal kapaké waktu keur pohara diperlukeun".
Sanggeus nampa supata kasebut, Karna hanjelu sarta ninggalkeun asrama guruna kalayan haté nu peurih. Sanggeus leumpang tanpa tujuan, Karna diuk di sisi basisir bari ngalamun mikiran jati dirina. Manéhna diuk di dinya pikeun sawatara lila, saterusna nangtung tuluy indit. Sabot manéhna balik ka tempat kasebut, manéhna nempo sahiji sato anu ngaliwat gancang pisan. Alatan manéhna ngarasa yén sato kasebut nyaéta kidang, manéhna nyabut panah sarta mentangkeun gondewa ka arah éta sato. Sabot manéhna ngadeukeutan nu dipanahna, manéhna kagét gening anu dipanahna téh lain kidang, tapi sapi boga saurang brahmana. Karna ménta hampura ka si nu boga sapi sabab manéhna geus lalawora, tapi brahmana éta henteu méré, malah mah sabalikna pohara ambekna. Brahmana kasebut nyarita, "Lamun manéh perang ngalawan satru manéh anu hébat, kikiping karéta manéh baris tikusruk kana taneuh sarta alatan manéh geus maéhan sapi kuring anu keur balangah, manéh ogé baris dipaéhan ku satru manéh mangsa balangah".
Sanggeus ngadéngé supata anu ditujukan ka manéhna, Karna leuleus. Tuluy manéhna balik manggihan Rada, indung kukut nu pohara dipikacintana. Di dinya manéhna nyaritakeun sagala kasedih anu tumiba ka dirina. Tungtungna Karna buleud tékad baris indit ngadu nasib di Astinapura.
Diistrénan jadi Raja Anga
Di Astinapura diayakeun sayémbara jeung adu kakuatan pikeun némbongkeun yén para pangéran geus hasil meunangkeun atikan. Karna anu percaya diri datang kana panggung tempat adu tanding sarta nangtang Arjuna sabot Arjuna keur némbongkeun kapinteranana dina élmu manah. Para hadirin anu aya dina panggung héran nempo Karna anu wani nangtang Arjuna, satria bangsa Kuru. Waktu nempo Karna, Kunti jadi leuleus.
Arjuna nampa tangtangan Karna pikeun némbongkeun saha anu pangalusna. Sabot ieu dua satria sayaga, Krepa naék ka luhur panggung sarta nanyakeun jati diri Karna. Manéhna ogé nyarita yén Karna kaci tanding jeung Arjuna lamun manéhana sadarajat. Sanggeus ngadéngé kecap-kecap Krepa, Karna cicing sarta tungkul, éra, sabab manéhna ngan anak kusir. Duryodana anu simpati, nangtung sarta ngomong, "Guru, kawani lain milik para satria waé. Tapi lamun Arjuna ieu dijadikeun patokan yén saurang satria kudu tarung jeung satria, mangka kahayang anjeun baris katedunan. Kami baris ngistrénan padatang anyar ieu salaku Raja Karajaan Anga, sabab karajaan éta tacan ngabogaan raja".
Tungtungna dina waktu éta ogé, Karna diistrénan jadi Raja Angga. Para brahmana ngabacakeun weda sarta Duryodana méré makuta, pedang, sarta cai penobatan ka Karna. Karna terharu kalawan kemurahan haté Duryodana. Balesan anu dipiharep ku Duryodana ngan saukur jadi sobat nu lana. Saprak kabeungkeutna sosobatan antara Karna jeung Duryodana, Yudistira ngarasa hariwang sabab kakuatan anu jahat (Kurawa) beuki kuat alatan dibantuan ku Karna, anu saimbang jeung Arjuna.
Tampikan Drupadi
Mangsa Karna geus cukup dewasa, manéhna miluan hiji sayémbara di Karajaan Pancala. Sayembara kasebut nyayémbarakeun puteri Drupadi. Para Pandawa milu dina ieu sayembara, tapi maranéhanana nyamur kalayan pakéan kaum brahmana. Hiji lalaukan tina kai dipasang dina hiji cakra nu muter dina luhur pakalangan, di handapna aya balong anu mantulkan bayangan lauk kasebut. Para hadirin anu miluan sayémbara kudu manah mata éta lalaukan anu muter ngan ku cara nempo pantulanana di handapeun balong.
Réa satria anu gagal ngalakonanana, nepi ka Karna tampil ka hareup. Manéhna museurkeun pikir kana bayangan lalaukan kasebut sarta ngarahkan panahna ka luhur, tapi tetempoanana ka handap, nuju kana bayangan lalaukan anu mantul tina cai balong. Saterusna Karna nyabut sarta mentangkeun panahna nembus panon lalaukan kasebut. Luyu jeung aturan, Karna hasil meunang sayémbara kasebut sarta boga hak ngadahup jeung Drupadi. Tapi Drupadi nampik ieu hasil sayémbara alatan manéhna henteu daék ngadahup jeung Karna anu saurang anak kusir. Ngadéngé hal éta, Karna jadi nyeri haté sanajan nampa kaputusan kasebut.
Sawatara vérsi nyaritakeun yén Karna henteu sanggup pikeun meruhkeun tangtangan kasebut, ngan Arjuna anu sangggup ngalakonanana.
Peran Karna dina Baratayuda
Kresna nyaho yén Karna téh Pandawa nu cikal, ngan béda bapa. Sedengkeun kabéh ogé nyaho yén Karna hiji-hijina mahluk nu boga Panah Konta. Kresna kungsi hayang ngajadikeun Karna ngabiluk Pandawa dina Baratayuda nu bakal datang sarta manéhna ngarancanakeun hiji pasamoan rusiah antara Karna jeung indungna (Kunti).
Karna ogé ngahelas sanggeus manéhna nempo indungna ceurik, tapi manéhna ménta indungna sangkan tetep teger alatan manéhna ngalakonan kawajiban béla nagara. Manéhna ogé méré nyaho indungna yén sajaba ngorbankeun diri demi nagara, manéhna ogé baris nyalametkeun para Pandawa lima ku cara moal ngagunakeun panah Konta pikeun maéhan Arjuna sarta waktu manéhna jurit jeung Arjuna manéhna mastikeun yén Arjuna moal bakal nyaho yén Karna téh lanceukna sorangan sahingga moal asa-asa nelasan patina.
Dina perang Baratayuda, manéhna maéhan Gatotkaca sarta ampir maéhan Arjuna. Tapi Arjuna unggul dina jurit sarta Karna gugur. Kakara sanggeus Karna gugur, para Pandawa nyaho asal usul Karna sarta maranéhanana pohara sedih kingkin ku hal ieu.
Karna dina pawayangan Sunda jeung Jawa
Karna dina pawayangan Jawa boga sawatara hal nu béda jeung carita aslina ti kitab Mahabarata anu asalna ti India. Sawatara hal kasebut ngawengku ngaran inohong, patempatan, sarta kajadian. Tapi inti caritana sarua.
Kalahiran
Kunti kungsi mecakan hiji ajian dina mangsa keur leutik pikeun ngagero Déwa. Kabeneran anu digeroanana nyaéta Déwa Surya anu ngabalukarkeun Kunti jadi ngandeg. Puteranya baris kaluar ti ceuli pikeun ngajaga keperawanan Kunti, mangka dingarananana Karna. Ngaran-ngaran Karna séjénna nyambung statusna minangka putera Déwa Panonpoé, nyaéta Arkasuta, Suryatmaja jeung sajabana. Ku indungna, Karna dipalidkeun ka walungan nepi ka kapanggih ku Adirata (saurang kusir Astinapura) sarta diangkat anak, Ku Adirata, Karna saterusna dibéré ngaran Aradea. Ngaran éta dipaké Karna nepi ka dewasa, nepi ka manéhna nyaho identitas diri anu saéstuna. Sanajan Karna masih baraya Yudistira, Werkodara (Bima), jeung Arjuna, tapi Karna tetep perang pikeun Kurawa dina Bharatayudha.
Kamahéran
Karna pohara mahér ngagunakeun pakarang panah. Kesaktianana saimbang jeung Arjuna. Manéhna miboga panah nu bisa diandelkeun nu ngaranna Kontawijayadanu. Hiji mangsa, sabot lumangsung adu tanding antara Kurawa jeung Pandawa nu murid-murid Drona, Karna hasil nandingan kesaktén Arjuna. Tapi alatan Karna lain raja atawa anak raja mangka manéhna diusir ti pakalangan. Alatan nyaho kesakténna, mangka Duryodana, pupuhu para Kurawa ngangkat Karna jadi Raja Anga. Saprak ti harita Karna sumpah satia ka Duryodana. Pakarang nu diandelkeunna nyaéta panah Konta paméré Batara Narada mangsa éta batara nyangka Karna téh Arjuna lantaran ampir sarupa. Panah kasebut nyaéta pakarang anu pang ampuhna, malah ngaleuwihan kaampuh Cakra milik Prabu Kresna sarta panah Pasupati boga Arjuna, tapi ngan beunang sakali paké. Sarangka panah kasebut direbut ku Arjuna ti Karna keur mangsa ngora sanggeus Narada sadar yén manéhna kaliru sarta méré nyaho Arjuna yén pakarang éta direbut ku Karna. Sarung Konta kasebut satuluyna dipaké pikeun megatkeun ari-ari Jabang Tutuka landihan Gatotkaca waktu orok.
Kesaktian
Karna dilahirkan maké kurabu-kurabu sarta baju kebal paméré bapana (Batara Surya). Kunti, indungna, mikawanoh dirina waktu adu tanding murid-murid Dorna alatan nempo kurabu-kurabu kasebut. Salila maké ieu dua barang, Karna moal ajal ku pakarang naon ogé. Hal ieu dipikanyaho ku Batara Indra anu pohara mikanyaah Arjuna. Ku alatan éta manéhna ménta barang kasebut kalayan nyamur jadi baramaén. Batara Surya miheulaan manéhna pinkeun nepungan Karna leuwih tiheula sarta ngingetkeun Karna nu bakal kadatangan Batara Indra. Tapi Karna nganggap perlaya dina perang tanding leuwih dipihormat batan panjang umur. Batara Surya satuluyna ngusulkeun Karna pikeun ménta pakarang ampuh minangka gaganti dua barang kasebut. Hal ieu disanggupan ku Karna. Sabot baramaén éta datang, Karna langsung mikawanohna sarta méré hormat sarta baramaén kasebut robah jadi Batara Indra. Minangka gagantina, Batara Indra mikeun pakarang Konta ka Karna.
Madrim
Madrim (basa Sansakerta: Mādrīm) nyaéta salah saurang inohong dina wiracarita Mahabarata. Manéhna mangrupa saurang puteri ti Karajaan Madra, adina Salya, anu dihadiahkeun ka Pandu sanggeus Salya éléh ku Pandu dina adu tanding. Dina carita Mahabarata, Prabu Pandu hasil dina sayémbara pikeun meunangkeun Déwi Kunti, putri ti Prabu Kuntiboja. Prabu Salya, anu telat datang miluan sayémbara, nangtang Pandu pikeun ngarebutkeun Déwi Kunti kalawan tarohanana nyaéta Déwi Madrim, adina Prabu Salya. Pandu saterusna meunangkeun adu tanding kasebut sarta ngawin Déwi Madrim. Ti Madrmi, Pandu ngabogaan dua urang anak kembar, nyaéta Nakula jeung Sadéwa.
Riwayat
Madrim nyaéta pamajikan kadua Pandu. Manéhna didahupkeun ka Pandu pikeun mageuhkeun hubungan antara Astinapura jeung Karajaan Madra. Tapi alatan Pandu meunang supata yén manéhna baris palastra lamun sapatemon jeung pamajikanana, mangka manéhna henteu bisa ngabogaan turunan. Tungtungna Pandu jeung pamajikanana ngumbara di leuweung jadi patapa sarta ninggalkeun Astinapura. Di leuweung, Kunti ngucapkeun jampé rusiahna pikeun ngageroan para Déwa. Manéhna ngucapkeun jampé kasebut tilu kali pikeun ngagero Déwa Yama, Bayu, jeung Indra. Ti tilu déwa kasebut manéhna meunang tilu anak, nyaéta Yudistira, Bima, jeung Arjuna. Kunti ogé méré kasempetan ka Madrim pikeun ngageroan déwa. Madrim ngagero Déwa Aswin sarta meunangkeun dua anak sakembaran nu dibéré ngaran Nakula jeung Sadéwa.
Pati
Dina hiji poé, sabot jauh ti Kunti jeung anak-anakna, Pandu nyobaab sapatemon jeung Madrim. Alatan supata nu diragragkeun ka manéhna, Pandu palastra waktu sapatemon jeung Madrim. Saterusna Madrim nalatahan ka Kunti ambéh manéhna ngarawat Nakula jeung Sadéwa kawas ka anak kandungna sorangan. Sanggeus éta, Madrim labuh geni kana seuneu pikeun nyusul salakina.
Widura
Widura (basa Sansakerta: Vidura) nyaéta salah saurang inohong protagonis dina wiracarita Mahabarata. Manéhna nyaéta adi téré Pandu jeung Dréstarasta alatan ngabogaan bapa anu sarua, tapi béda indung. Bapana Widura nyaéta Resi Abiyasa sarta indungna nyaéta saurang awéwé ti kasta sudra. Widura henteu milu turun jurit dina médan perang Kurusétra, nyaéta perang Pandawa jeung Kurawa.
Kalahiran
Dina bagian kahiji buku Mahabarata, nyaéta Adiparwa, dicaritakeun yén dina waktu Ambalika dipinang saraya pikeun datang ka Resi Abiyasa pikeun meunangkeun turunan, manéhna nampik alatan ngarasa sieun ku raut beungeut sang resi anu pohara pikasieneun. Demi nyumponan paménta mitohana, nyaéta Satyawati, Ambalika ngirimkeun saurang dayang pikeun manggihan Resi Abiyasa sorangan dina jero hiji kamar. Dayang kasebut ngaladénan sang resi kalayan alus sahingga sang resi ngomong yén jaga anak anu baris dilahirkan ti pianakan dayang kasebut baris milampah mulia. Tapi hal anu ngajadikeun Satyawati kuciwa nyaéta anak eta lain turunan minantuna, tapi turunan ladén kasta sudra.
Mangsa ngora sarta atikan
Waktu Widura masih ngora, manéhna diajar kalayan bimbingan Bisma jeung dua urang barayana. Nurutkeun Mahabarata, manéhna pangwijaksanana lamun dibandingkeun jeung dulur-dulurna. Manéhna diajar jadi mantri raja, samentara Pandu diangkat jadi panglima perang, sedengkeun Dréstarastra dipilih jadi putera makuta. Alatan Drétarastra lolong, Pandu ngagantikeunana sarta maréntah atas nama Dréstarastra, sedengkeun Widura jadi panaséhat raja jeung maturan Dréstarastra.
Peran dina Dinasti Kuru
Widura mangrupa jelema anu waskita mangsa timbul niat jahat dina haté Dréstarastra jeung Duryodana pikeun nyingkahkeun para Pandawa. Mangka saméméh Pandawa miang ka Waranawata pikeun pakanci, Widura ngélingan Yudistira sangkan ati-ati ka para Kurawa jeung bapana Dréstarastra. Waktu kasalametan para Pandawa jeung indungna kaancam di Waranawata, sababaraha-kali Widura ngirimkeun duta pikeun mantuan para Pandawa ngaloloskeun diri tina unggal musibah anu tumiba. Dina pagétréngan antara Kurawa jeung Pandawa ngeunaan masalah Astinapura, Widura geus usaha pikeun ngadamékeun, pédah dua beulah pihak ngarupakeun hiji kulawarga sarta baraya. Dina usahana néangan katengtreman manéhna ngadatangan para pini sepuh Pandawa jeung Kurawa, diantarana Resi Bisma, Resi Drona, Prabu Dréstarasta, Kresna, Yudistira sarta Duryodana sarta nyarita yén manéhna anu nulis piagem pamasrahan Astinapura ti Resi Abiyasa ka Prabu Dréstarasta minangka pemangku karajaan sanggeus Prabu Pandu mangkat. Sabot perang di Kurusetra lumangsung, Widura tetep cicing di Asstinapura sanajan manéhna henteu ngabiluk para Kurawa.
Yudistira
Yudistira (basa Sansakerta: Yudhisthira) nyaéta inohong protagonis dina wiracarita Mahabarata. Manéhna téh raja Indraprahasta, nu saterusna maréntah Astina sanggeus meunang dina perang rongkah di Kurusétra. Yudistira ngarupakeun anak cikal Pandu jeung Kunti. Sawatara sumber nyebutkeun yén manéhna ngabogaan kepinter dina maké pakarang tumbak.
Harti ngaran
Ngaran Yudistira dina basa Sansakerta diejah Yudhiṣṭhira, anu hartina nyaéta "pengkuh atawa kukuh dina peperangan". Manéhna ogé dipikawanoh sabagé Darmaraja anu hartina Raja Darma, sabab cenah Yudistira ngalakonan darma sapanjang hirupna. Yudistira boga sababaraha ngaran landihan, nyaéta:
• Ajataśatru (hiji jalma anu henteu ngabogaan satru)
• Bārata (turunan Raja Barata]]
• Darmawangsa (turunan/trah Batara Darma)
• Kurumukya (pamingpin para turunan Kuru)
• Kurunandana (putera kameumeut Dinasti Kuru)
• Kurupati (raja ti Dinasti Kuru)
Kalahiran, kapribadian, jeung atikan
Pandu, kawin ka Dewi Kunti, puteri Raja Suraséna, adi Basudéwa. Sanggeus kawin, tanpa ngahaja Pandu manah saurang Brāhmana jeung pamajikanana, anu dikira kidang nu keur silih simbeuh ku kacinta. Saméméh pupusna, sang brāhmana ngutuk Pandu sangkan jaga manéhna maot lamun keur silih simbeuh ku kacinta jeung pamajikanana. Pandu nampa sumpah kasebut, anu ngabalukarkeunana henteu wani ngalakukeun hubungan sabadan jeung pamajikanana; ku kituna henteu bisa meunang turunan. Kunti, pamajikan Pandu, meunang kesaktian ti saurang resi nu ngaranna Durwasa, pikeun ngagero déwa. Kalawan ngamangpaatkeun pangabisa Kunti kasebut, Pandu jeung Kunti meunang turunan ku cara ngagero sababaraha déwa anu sanggup méré turunan. Maranéhanana ngagero tilu déwa, nyaéta: Yamaraja (Darmaraja, Déwa Darma), Marut (Bayu, Déwa Angin), sarta Sakra (Indra, Raja Kilat). Yudistira lahir ti Yamaraja, nyaéta Déwa darma (kahadéan), kabeneran, kewijaksanaan sarta kaadilan.
Yudistira ngabogaan opat adi, nyaéta: Bima (lahir ti Déwa Bayu), Arjuna (lahir ti Déwa Indra), sarta si kembar Nakula sarta Sahadewa (lahir ti Déwa Aswin). Karna, mangrupa anak cikal Dewi Kunti anu lahir tanpa ngahaja ménta waktu manéhna parawan. Jadi, Karna ngarupakeun baraya kolot Yudistira sarta para Pandawa (lima putera Pandu).
Salaku titisan Déwa Darma, Yudistira milampah laku nu hadé sarta boga pangaweruh nu jembar dina widang karohanian. Alatan laku-lampahna anu hadé, Yudistira pantes pikeun narima warisan tahta Astinapura. Tapi hal éta ngabalukarkeun pacéngkadan jeung anak cikal Dréstarastra, nyaéta Duryodana sarta para Kurawa. Yudistira nungtut élmu ageman, sains, jeung élmu perang babarengan jeung dulur-dulurna sarta para Kurawa dina apingan Dronacharya (Bagawan Drona) sarta Kripacharya (Bagawan Krépa). Manéhna mahér dina ngagunakeun pakarang tumbak sarta meunang gelar "Maharata", nyaéta satria anu sanggup numpes 10.000 satru sakotéap.
Raja Indraprahasta
Yudistira jeung Pandawa séjénna kacida dipikanyaah pinisepuh Wangsa Kuru (kawas Bisma, Drona, Krépa) batan Duryodana sarta para Kurawa alatan kahadéan haté Yudistira sarta rasa hormatna ka pinisepuh kasebut. Waktu Yudistira jeung Pandawa séjénna tumuwuh déwasa, Drétarastra ngalaman konflik batin. Yudistira ngaupakeun pangéran anu pangkolotna dina garis turunan Kuru sarta ngabogaan hak jadi raja, tapi Drétarastra hayang laku adil ogé ka anakna. Ahirna Drétarastra mikeun sawaréh wewengkon Karajaan Kuru, nyaéta hiji wewengkon anu garing kalayan padumuk nu saeutik disebut Kandawaprahasta. Kalayan bantuan misanana nu ngaranna Kresna, Yudistira ngalusan wewengkon kasebut. Kresna ngagero Wiswakarma, arsiték para déwa, pikeun ngawangun wewengkon kasebut jadi dayeuh nu megah. Arsiték Mayasura ngawangun baleriung badag anu dipikawanoh sabagé Mayasabha. Ahirna Kandawaprahasta jadi dayeuh anu megah sarta baganti ngaran jadi "Indraprahasta" atawa "dayeuh Déwa Indra". Lila-lila nu nyicingan éta nagri beuki nambahan sarta Indraprahasta jadi dayeuh anu ramé.
Mangkat tuluy naék ka surga
Sanggeus mangsa wiwitan Kali Yuga sarta maotna Kresna, Yudistira sadulur léngsér nurunkeun tahta karajaan ka hiji-hijina turunan maranéhanana anu salamet dina perang rongkah di Kurusetra, Parikesit, incuna Arjuna. Kalawan ninggalkeun sagala hal kadunyaan, para Pandawa ngalakonan lalampahan pamungkas maranéhanana ku cara ziarah ka Himalaya.
Waktu naék ka punclut, Drupadi jeung Pandawa sadulur hiji-hiji – pupus, kasered ku kasalahan sarta dosa maranéhanana anu saéstuna. Tapi Yudistira sanggup ngahontal punclut gunung, alatan manéhna henteu cacad ku dosa sarta kabohongan.
Watek Yudistira anu saéstuna mecenghul waktu ahir Mahabarata. Di luhur punclut gunung, batara Indra datang pikeun mawa Yudistira ka Sawarga jeung karéta kancananna. Waktu Yudistira ngaléngkah ngadeukeutan karéta, sang Indra ngajurungna ambéh ninggalkeun anjing anu jadi batur lalampahanana, alatan mahluk nu teu suci henteu meunang asup ka sawarga. Yudistira mundur ka tukang, nampik pikeun ninggalkeun mahluk anu salila ieu ditangtayunganana. Indra jadi héran – "Manéh sanggup ninggalkeun dulu sarta henteu ngabeuleum layon maranéhanana...tapi manéh nampik pikeun ninggalkeun anjing anu teu nyaho jalan!". Yudistira némbalan, "Druadi jeung dulur-dulur kuring geus ninggalkeun kuring, lain kuring nu ninggalkeun maranéhanana." Dina waktu éta kénéh si anjing robah wujud jadi Batara Darma, bapana, anu keur nguji dirina.
Yudistira dibawa indit ku karéta Indra. Dina waktu ngahontal sawarga manéhna henteu manggihan dulur-dulurna anu soléh atawa pamajikanana, Drupadi. Tapi manéhna nempo Duryodana katut baladna anu jahat. Sang Batara ngabéjaan yén barayana keur aya di naraka pikeun nebus dosa leutik maranéhanana, samentara Duryodana aya di surga saprak manéhna gugur di pakalangan anu diberkahan, Kurukshetra.
Yudistira kalawan ihlas indit ka naraka pikeun nepungan barayana, tapi tetempoan sarta sora anu ngarautan haté jeung getih kentel ngajadikeun manéhna sieun. Waktu tergoda pikeun kabur, manéhna ngawasa diri sarta hawar-hawar ngadéngé sora Drupadi jeung barayana nu dipikacinta...nyambat dirina, ngajurungna pikeun cicing di sagédéngeun maranéhanana dina kasangsaraan. Yudistira mutuskeun pikeun cicing di naraka, sarta ngajurung sangkan kusir karétana balik ka sawarga...sabab manéhna milih pikeun cicing di naraka bareng jeung jalma-jalma hadé batan hirup di sawarga jeung jelema jahat. Dina waktu éta tetempoan robah. Saterusna Indra ngomong yén Yudistira keur diuji deui, sarta sabenerna dulur-dulurna geus aya di sawarga. Sanggeus nampa kanyataan kasebut, Yudistira ngalaan warugana sarta nampa sawarga.
Yudistira dina vérsi pewayangan Sunda jeung Jawa
Dina carita vérsi Sunda jeung Jawa, Yudistira ngadahup jeung Dewi Drupadi, puteri Prabu Drupada jeung Dewi Gandawati ti nagara Pancala, sarta boga anak lalaki nu dingaranan Pancawala. (Nurutkeun carita India, Drupadi kawin ka lima Pandawa babarengan).
Yudistira téh anak cikal Prabu Pandu raja nagara Astina jeung permaisuri Dewi Kunti, putri Prabu Basukunti jeung Dewi Dayita ti nagara Mandura. Manéhna miboga dua urang adi kandung nu masing-masing ngaranna Bima (Werkudara) jeung Arjuna, sarta dua urang adi kembar béda indung, nu ngaranna Nakula (Pinten) jeung Sadéwa (atawa Sahadewa kalayan landihanna Tansen), putra Prabu Pandu ti Dewi Madrim, puteri Prabu Mandrapati ti nagara Mandaraka. Lima sadulur ieu disebut Pandawa.
Yudistira dianggap minangka turunan (titisan) Déwa Kaadilan, Batara Darma ku alatan éta salah sahiji landihanana téh nyaéta Darmasuta, Darmaputra atawa Darmawangsa. Sajaba ti éta manéhna ogé disebut Puntadéwa atawa Samiaji. Ngaran Yudistira sorangan dicokot alatan dina awakna menunggal arwah Prabu Yudistira, raja jin ti nagara Mertani. Yudistira miboga pusaka karajaan nu wujudna payung nu dingaranan "Kyai Tunggulnaga" sarta hiji tumbak nu dingaranan "Kyai Karawelang".
Manéhna téh raja anu alus. Getih bodas (Seta ludira) ngocor dina uratna. Teu kungsi murka, teu kungsi tarung, teu kungsi ogé nampik paménta saha ogé, sakumaha handapna tingkatan sang paménta. Waktuna dieusi ku ngumpulkeun kawijaksanaan. Teu kawas satria anu séjén, anu pusaka saktinya mangrupa pakarang, pusaka andelan Yudistira nyaéta Kalimasada kalimah ageman. Dasarna, manéhna téh cendikiawan tanpa pamrih, anu maréntah kalayan kaadilan sampurna sarta kamurah haténa anu luhur. Pangadegna anu sama sakali tanpa perhiasan nu nyolok mata, sirah nunduk tandana mawas diri, sarta paroman beungeut keningratan anu lemes, ngarupakeun gambaran idéal "Pandita Ratu" (Raja Pandita) anu geus nyingkahkeun napsu dunya.
Tapi aya ogé kakurangna, nyaéta resep judi. Ku alatan karesep ieu, Yudistira sawatara kali katipu sarta diéléhkeun dina adu judi ku Duryodana, Raja Astina sarta pupuhu Kurawa. Alatan éléh maén dadu, kapaksa Yudistira mikeun nagarana sarta miceun diri ka leuweung salila 13 taun.
Bima
Bima (Sansakerta: bhīma) atawa Bimaséna (Sansakerta: bhīmaséna) nyaéta salah saurang inohong protagonis dina wiracarita Mahabarata. Manéhna mangrupakeun anakna Déwi Kunti sarta dipikawanoh sabagé inohong Pandawa anu kuat, boga sipat sok dugal sarta dipikasieun ku musuh, sanajan sabenerna haténa mah lemah lembut. Manéhna mangrupakeun kulawarga Pandawa nu kadua ti lima sadulur. Bima satia kana hiji sikep, nyaéta henteu resep basa-basi sarta teu kungsi laku ngadua haté sarta henteu kungsi ngalétak ciduhna sorangan.
Harti ngaran
Kecap bhīma dina basa Sansekerta hartina kurang leuwih nyaéta "pikasieuneun". Sedengkeun ngaran séjén Bima nyaéta Werkudara nu dina basa Sansakerta vṛkodara sarta boga harti "beuteung serigala".
Kalahiran
Dina Wiracarita Mahabarata dicaritakeun yén alatan Pandu henteu bisa boga turunan (alatan supata ti saurang resi), mangka Kunti ménta dibéré anak ku Bayu, déwa angin. Tina hubungan Kunti jeung Bayu, lahir Bima. Ku kasinugrahan ti Bayu, Bima jadi jelema anu kuat sarta pinuh asih jeung deudeuh.
Mangsa ngora
Dina mangsa keur budak, kakuatan Bima euweuh nu bisa nandingan. Kakuatan kasebut mindeng dipaké pikeun ngajailan dulur-dulurna, nyaéta Kurawa. Salah sahiji anggota Kurawa nyaéta Duryodana, pohara ceuceub kana peta Bima anu sok jail. Kaceuceub kasebut tumuwuh subur sahingga Duryodana boga niat pikeun maéhan Bima.
Dina hiji poé sabot para Kurawa jeung Pandawa indit ulin ka wewengkon walungan Gangga, Duryodana nyuguhan Bima kadaharan sarta inuman anu saméméhna geus dicampuran racun. Alatan Bima tara curigaan ka hiji jalma, manéhna ngadahar kadaharan anu disuguhkeun ku Duryodana. Teu lila ti harita, Bima kapidara. Tuluy awakna ditalian sakuatna ku Duryodana ngagunakeun pepelakan nu ngarambat, sanggeus éta dipalidkeun ka walungan Gangga maké rakit. Waktu rakit anu mawa Bima nepi ka tengah walungan, oray-oray anu hirup di sabudeureun walungan kasebut macok awak Bima. Ngan ajaib, peurah oray kasebut robah jadi penangkal pikeun racun anu didahar ku Bima. Waktu geus sadar, Bima langsung ngalaan iketan pepelakan nu dibeulitkeun kana awakna, tuluy manéhna maéhan oray-oray anu ngégél awakna. Sawatara oray nyalametkeun diri sarta nepungan rajana, waktu ngadéngé béja yén anak Pandu anu ngaranna Bima geus maéhan anak buahna, manéhna geura-giru ngabagéakeun Bima sarta méré inuman sakti. Inuman kasebut diinum sababaraha mangkok ku Bima, sahingga awakna jadi pohara kuat. Bima cicing di karaton salila dalapan poé, sarta sanggeus éta manéhna balik. Waktu Bima balik, Duryodana kaluman alatan jelema anu dipikaceuceubna masih hirup. Sabot para Pandawa sadar yén kaceuceub dina haté Duryodana mimiti tumuwuh, maranéhanana mimiti ati-ati.
Atikan
Dina mangsa rumaja, Bima sadulur dididik sarta dilatih dina widang militer ku Dorna. Dina neuleuman élmu ngagunakeun pakarang, Bima leuwih museurkeun perhatianana kana élmu ngagunakeun gada, kawas Duryodana. Duanana jadi murid Baladéwa, nyaéta baraya Kresna anu pohara mahér dina ngagunakeun pakarang gada. Baladéwa leuwih mikanyaah Duryodana manan Bima, sarta Duryodana ogé satuhu ka Baladéwa.
Kajadian di Waranawata
Sabot Bima jeung indung sarta dulur-dulurna ulin di Waranawata, manéhna jeung Yudistira sadar yén imah pamondokan anu disadiakeun pikeun maranéhanana, geus dirarancang pikeun maéhan maranéhanana. Badéga Duryodana, nyaéta Purocana, geus ngawangun imah kasebut sakitu rupa maké bahan nu kawas lilin sahingga gancang kabeuleum. Bima rék geura-giru indit, tapi ku bongbolongan Yudistira maranéhanana tumetep di dinya salila sawatara bulan.
Dina hiji peuting, Kunti ngayakeun pésta sarta saurang wanoja anu deukeut jeung Purocana milu hadir dina éta pésta babarengan jeung Pandawa. Sabot Purocana jeung wanoja kasebut sarta Pandawa saré tibra alatan kadaharan anu disuguhkeun ku Kunti, Bima geura-giru ngajurung ambéh indung sarta dulur-dulurna lumpat nyalametkeun diri kalawan ngaliwatan torowongan anu geus dijieun saméméhna. Satuluyna, Bima mimiti ngaduruk imah lilin anu ditinggalkeun ku maranéhanana. Ku alatan indung sarta dulur-dulurna ngarasa tunduh sarta capé, Bima manggul maranéhanana sakaligus kalawan kakuatanana anu rongkah. Kunti digéndong dina tonggongna, Nakula sarta Sadewa aya dina pingpingna, sedengkeun Yudistira sarta Arjuna aya dina leungeunna.
Mangsa geus kaluar ti tungtung torowongan, Bima sarta barayana anjog di walungan Gangga. Di dinya maranéhanana dianteur meuntas walungan ku badégana Widura, nyaéta patih Astinapura anu hariwang kana kaayaan maranéhanana. Sanggeus meuntasan walungan Gangga, maranéhanana ngaliwatan Sidawata nepi ka Hidimbawana. Dina lalampahan kasebut, Bima manggul kabéh barayana sarta indungna ngaliwatan jarak nu jauhna kurang leuwih tujuh puluh dua mil.
Kajadian di Hidimbawana
Di Hidimbawana, Bima papanggih jeung Hidimbi anu kapentang asmara ku manéhna. Lanceuk Hidimbi anu ngaranna Hidimba, jadi ambek alatan Hidimbi geus ragrag asih ka hiji jalma anu sakuduna jadi hakaneun maranéhanana. Satuluyna Bima jeung Hidimba tarung. Dina tarung kasebut, Bima unggul sarta hasil maéhan Hidimba ku leungeunnya sorangan. Tuluy, Bima ngadahup ka Hidimbi. Tina lakirabi kasebut, lahir budak anu dibéré ngaran Gatotkaca. Bima sarta kulawargana tumetep di dinya salila sawatara bulan babarengan jeung Hidimbi sarta Gatotkaca, sanggeus éta maranéhanana neruskeun lalampahan.
Arjuna
Arjuna (Basa Sangsakerta: Arjun; Arjuna), nyaéta salasahiji tokoh protagonis dina wiracarita Mahabarata, nu ogé loba dicaritakeun dina pawayangan. Arjuna téh putra panengah Pandawa, ti Déwi Kunti mah katilu da Nakula sareng Sadéwa mah putra ti Déwi Madrim. Anjeunna kagungan putra diantawisna Abimanyu sareng Irawan. Anjeunna parantos dikantun pupus ku ramana nalika alit keneh. Nami ramana Pandu Déwanata.
Nakula
Nakula (basa Sansakerta: Nakula), nyaéta saurang inohong protagonis dina wiracarita Mahabarata. Manéhna téh anakna Déwi Madrim, lanceuk ipar Déwi Kunti. Manéhna sakembaran jeung Sadéwa.
Nurutkeun buku Mahabarata, Nakula kacida kasépna sarta pohara éndah mameunteuna. Nurutkeun Drupadi, Nakula mangrupa salaki anu pangkasépna di dunya. Tapi, sipat goréng Nakula nyaéta sok agul ku kakasépna. Hal éta dicaritakeun ku Yudistira dina buku Prastanikaparwa.
Harti ngaran
Sacara harfiah, kecap nakula dina basa Sansakerta ngarujuk kana rupa Ichneumon, sarupaning beurit atawa sato pangeureut ti Mesir. Nakula ogé bisa boga harti "cerpelai", atawa bisa ogé "beurit benggala".
Nakula dina Mahabarata
Nurutkeun Mahabarata, sakembar Nakula jeung Sadéwa ngabogaan pangabisa istiméwa dina ngarawat kuda jeung sapi. Nakula digambarkeun salaku jelema anu pohara ngahibur haté. Manéhna ogé tarapti dina ngajalankeun pancénna sarta sok niténan kabangor lanceukna, Bima. Nakula ogé ngabogaan kamahéran dina maénkeun pakarang pedang.
Waktu para Pandawa ngarandapan pangbuangan di jero leuweung, kaopat Pandawa (Bima, Arjuna, Nakula, Sadéwa) palastra alatan nginum cai racun tina hiji situ. Mangsa roh goib méré kasempetan ka Yudistira sangkan milih salah sahiji barayana anu opat pikeun dihirupkeun deui, Yudistira milih Nakula. Hal ieu kajadian lantaran Nakula anak Déwi Madrim pangkolotna, sarta Yudistira, anu mangrupa anak Déwi Kunti pangkolotna, hayang laku adil ka dua indung Pandawa kasebut. Lamun milih Bima atawa Arjuna, mangka euweuh anak Déwi Madrim anu baris neruskeun turunan.
Sabot para Pandawa kudu ngajalanan mangsa nyamur di Karajaan Wirata, Nakula nyamur jadi juru rawat kuda kalawan ngaran samaran "Grantika". Nakula milu perang di Kurusétra, sarta meunangkeun perang rongkah kasebut.
Dina buku Prastanikaparwa, nyaéta kitab katujuh belas tina séri Astadasaparwa Mahabarata, dicaritakeun yén Nakula tiwas dina lalampahan mangsa para Pandawa rék ngahontal puncak gunung Himalaya. Saméméhna, Drupadi tiwas sarta disusul ku baraya sakembaranana Nakula nyaéta Sadéwa. Sabot Nakula ngajengkang kana taneuh, Bima nanya ka Yudistira, "Lanceuk kuring, adi urang ieu pohara getol sarta penurut. Manéhna ogé pohara kasep sarta euweuh anu bisa nandingan. Naha manéhna hirupna ngan nepi ka dieu?". Yudistira anu wijaksana némbalan, "Memang bener yén manéhna pohara getol sarta gumbira ngajalankeun paréntah urang. Tapi kanyahokeun ku manéh yén Nakula pohara agul ku kakasépna sarta henteu daék ngéléhan. Alatan lampahna kasebut, manéhna ngan hirup nepi ka dieu". Sanggeus ngadéngé guaran Yudistira, mangka Bima jeung Arjuna neruskeun lalampahan maranéhanana. Maranéhanana ninggalkeun layon Nakula tanpa upacara beuleum layon.
Nakula dina pawayangan Sunda jeung Jawa
Nakula dina padalangan Sunda jeung Jawa disebut ogé Pinten (ngaran tutuwuhan anu daunna bisa dipaké ubar). Manéhna mangrupa anak kaopat Prabu Pandu Déwanata, raja nagara Astinapura ti Déwi Madrim, puteri Prabu Mandrapati jeung Déwi Téjawati, ti nagara Mandaraka. Manéhna lahir kembar jeung adina, Sadéwa. Nakula ogé boga tilu baraya sabapa, nyaéta Yudistira, Bima sarta Arjuna
Nakula mahér numpak kuda sarta pinter ngagunakeun pakarang panah jeung lembing. Nakula moal bisa poho ngeunaan sagala hal anu dipikanyaho ku manéhna alatan boga Aji Pranawajati paméré Ditya Sapujagad, sénapati nagara Amertani. Nakula miboga watek jujur, satia, taat, welas asih, nyaho ngabales budi sarta bisa nyimpen rusiah. Manéhna dumuk di kasatriaan Sawojajar, wewengkon nagara Amarta. Nakula miboga dua pamajikan:
• Dewi Sayati puteri Prabu Kridakirata, raja nagara Awuawulangit, sarta meunang dua urang anak nu masing-masing ngaranna Bambang Pramusinta jeung Déwi Pramuwati.
• Déwi Srengganawati, puteri Resi Badawanganala, kuya raksasa anu dumuk di walungan Wailu (nurutkeun Purwacarita, Badawanangala dipikawanoh salaku raja nagara Gisiksamudra landihan Ékapratala) sarta meunang turunan saurang putri nu ngaranna Déwi Sritanjung.
Sanggeus réngsé perang Baratayuda, Nakula diangkat jadi raja nagara Mandaraka luyu jeung amanat Prabu Salya lanceuk indungna, Déwi Madrim.
Sadéwa
Sadéwa atawa Sahadéwa (basa Sansakerta: sahadéva), nyaéta saurang protagonis dina wiracarita Mahabarata. Manéhna nyaéta salah saurang Pandawa, ngan béda jeung Yudistira, Bima, sarta Arjuna manéhna mah nyaéta anakna Déwi Madrim, adina Déwi Kunti. Manéhna nyaéta baraya kembarna Nakula.
Sadéwa pinter dina élmu astronomi beunang bingbingan resi Drona. Sajaba ti eta, manéhna ogé réa pangartina dina hal ngangon sapi. Ku alatan éta manéhna bisa nyamur jadi pangangon waktu di nagri Wirata anu dicaritakeun dina Wirataparwa. Salila nyamur di Karajaan Matsya anu dipingpin ku Raja Wirata, Sadéwa tanggung jawab ngarawat sapi sarta sumpah baris maéhan Raja Gandara, Sangkuni, anu geus ngakaya Sadéwa jeung kulawarga Pandawa séjénna sapanjang hirup. Manéhna hasil nyumponan sumpahna pikeun maéhan Sangkuni dua poé saacan perang Baratayuda lekasan.
Kapribadian
Diantara lima Pandawa, Sadéwa anu paling ngora. Cacak kitu, manéhna dianggap salaku nu paling wijaksana di antara maranéhanana. Yudistira malah nyarita yén manéhna leuwih bijak batan Brihaspati, guru para déwa.
Sadéwa nyaéta saurang ahli béntang anu hébat sarta dianggap nyaho kajadian anu baris lumangsung dina Mahabarata tapi manéhna disupata yén lamun manéhna ngabébérkeun naon anu dipikanyahona, sirahna baris beulah. Mangka ti éta, manéhna condong cicingeun dibandingkeun jeung barayana anu séjén.
Jiga Nakula (lanceukna), Sadéwa ogé satria ahli pedang anu hebét. Manéhna ogé ngadahup ka puteri Jarasanda, Raja di Magada.
Turunan
Sakumna Pandawa babarengan ngadahup ka Drupadi, sarta Dropadi mere saurang anak ka masing-masing Pandawa. Tina hasil hubunganana jeung Drupadi, Sadéwa ngabogaan anak nu ngaranna Srutakama. Sajaba ti éta, Sadewa boga anak nu ngaranna Suhotra ti pamajikan nu lian nyaéta Wijaya.
Duryodana
Duryodana (Sansakerta: Duryodhana) atawa Suyudana nyaéta inohong antagonis anu utama dina wiracarita Mahabarata, satru utama para Pandawa. Manéhna lahir ti pasangan Dréstarata jeung Gandari. Duryodana mangrupakeun anak anu pangkolotna di antara saratus Kurawa. Manéhna nyekel kalungguhan minangka raja di Karajaan Kuru kalawan puseur pamaréntahanana di Astinapura. Duryodana ngadahup ka puteri Prabu Salya sarta miboga anak nu dingaranan Laksmana (Laksmanakumara). Duryodana digambarkeun pohara licik sarta telenges, cacak miboga watek jujur, manéhna gampang kapangaruhan ku hasutan alatan henteu mikir panjang sarta biasa diogo ku dua kolotna. Alatan hasutan Sangkuni, nyaéta mamangna nu licik sarta seukeut létahna, manéhna jeung dulur-dulurna ngamimitian pacogrégan jeung pihak Pandawa. Dina perang Baratayuda, bandéra kaagunganana boga lambang oray kobra. Manéhna diéléhkeun ku Bima dina perang Baratayuda dina poé kadalapan belas alatan pingpingna dipeupeuh ku gada.
Harti ngaran
Sacara harfiah, ngaran Duryodana dina basa Sansakerta ngabogaan harti "hésé ditalukkeun" atawa bisa ogé hartina "henteu kaéléhkeun".
Kalahiran
Waktu Gandari ngandeg dina jangka waktu nu panjang kalayan henteu wajar, manéhna meupeuhan kandunganana dina kaayaan pegat harepan sarta timburu ka Kunti, anu geus méré Pandu tilu urang anak. Akibat petana éta, Gandari ngalahirkeun gumpalan daging nu warnana hawuk. Saterusna Gandari ménta tulung ka Abiyasa, saurang patapa sakti, anu saterusna méré berkah saratus urang anak ka Gandari. Saterusna Abiyasa nyacagan gumpalan daging kasebut jadi saratus bagian, sarta ngasupkeunana kana pot. Saterusna pot-pot kasebut dipelak dina jero taneuh salila sataun. Sanggeus sataun, pot-poy kasebut digali deui. Anu mimiti dikaluarkeun tina pot kasebut nyaéta Duryodana, dipirig ku Dursasana, sarta adi-adina anu séjén. Aya kila-kila goréng anu marengan lahirna para Kurawatina pot. Para brahmana di karaton ngarasakeun ayana tanda-tanda baris tumibana musibah anu goréng. Widura nyarita yén lamun tanda-tanda kawas éta marengan kalahiran anakna, éta tandana balai baris mungkas sahiji dinasti. Widura sarta Bisma ngusulkeun ambéh anakna Gandari kasebut dipiceun, tapi Dréstarata henteu sanggup ngalakonanana alatan rasa asih sarta iketan émosional ka anak kahijina éta.
Atikan
Awak Duryodana dicaritakeun dijieun tina guludug, sarta manéhna pohara kuat. Manéhna dipihormat ku adi-adina, hususna Dursasana. Ku cara diajar élmu béla diri ti guruna, nyaéta Krépa, Dorna sarta Balarama atawa Baladéwa, manéhna jadi pohara kuat dina maké pakarang gada, sarta kasaktina saimbang jeung Bima, nyaéta Pandawa anu kuat dina hal kasebut.
Nyobat jeung Karna
Waktu para Kurawa sarta Pandawa mintonkeun kabisa dina hiji pasanggiri mangsa nincek déwasa, mecenghul saurang satria gagah perkosa anu ngaku ngaran Karna. Manéhna nangtang Arjuna anu dianggap salaku satria pangalusna ku Dorna. Tapi Krépa ngomong yén Karna kudu sadar kana kasta nu dipibogana, ambéh henteu asal nangtang hiji jalma anu henteu saharkat. Duryodana ngabéla Karna, saterusna ngangkat manéhna jadi raja di Karajaan Anga. Saprak harita, Duryodana sosobatan jeung Karna. Boh Karna boh Duryodana henteu nyaho, yén Karna sabenerna mah mangrupakeun anakna Kunti. Karna ogé mangrupakeun harepan Duryodana dina nyanghareupan Baratayuda, alatan Duryodana percaya yén Karna nyaéta lawan anu satanding jeung Arjuna.
Parebutan karajaan
Duryodana ngabogaan sipat sirik haté nempo kakayaan Yudistira sarta kaagréng di Indraprahasta. Leuwih-leuwih ka para Pandawa séjénna anu sok ngajéngkélkeun haténa. Sagala rupa upaya dilakukeun ku manéhna pikeun nyingkahkeun para Pandawa, tapi sok gagal baé berkah panangtayungan Kresna. Duryodana ngabogaan saurang paman nu ngaranna Sangkuni. Sipat manéhna pohara licik sarta sok nyieun ideu-ideu goréng pikeun mangaruhan alona kasebut. Waktu Duryodana datang nganjang ka Karaton Indraprahasta, manéhna hélok ku agréngna karaton kasebut. Waktu ngasupan hiji rohangan nu aya balongan, manéhna nyangka éta téh lain balong tapi nyangkana lanté. Teu pelak deui manéhna tikecebur. Kajadian kasebut disaksikan ku Drupadi. Drupadi seuri pupuringkelan sarta ngécé Duryodana. Drupadi nyarita cenah anak jelema lolong tétéla milu lolong ogé. Ngadéngé hal éta, Duryodana pohara nyeri haténa. Dina haté, manéhna ambek nyedek ka Drupadi.
Sanggeus balik ti Indraprahasta, Duryodana ngahuleng mikiran kumaha cara meunangkeun harta Yudistira. Nempo alona nguluwut, Sangkuni nawarkeun ideu licik pikeun ngajak Yudistira ulin dadu kalawan tarohan harta sarta karajaan. Niat kasebut disatujuan ku Duryodana, kaasup Dréstarata anu kakeunaan pangolo sarta hasutan Sangkuni anu seukeut létahna. Dina poé anu dijangjikan, Yudistira ulin dadu jeung Duryodana anu diwakilan ku Sangkuni. Dina mimitina mah, Sangkuni ngantep Yudistira ngarasakeun kameunang, tapi dina patengahan kaulinan, Sangkuni terus-terusan unggul berkah kalicikanana. Ahirna Yudistira mikeun harta, karajaan, malah adi-adina sorangan, kaasup Drupadi, pamajikanana.
Waktu Drupadi dititah mukaan bajuna ku Dursasana alatan Yudistira geus éléh tarohan, manéhna henteu daék ngalakonanana. Kalawan dugal Dursasana metot samping Drupadi. Tapi berkah pitulung gaib ti Kresna, samping anu dipaké Drupadi henteu béak cacak mayeng ditarik sarta diulur-ulur. Ahirna Bima sumpah yén manéhna baris meupeuh pingping Duryodana jaga, alatan Duryodana ngécé Drupadi kalawan ngajurung wanodya kasebut ngedeng di luhur pingpingna.
Perang di Kurusétra
Waktu Yudistira jeung Pandawa séjénna geus ngajalankeun mangsa pangbuangan salila 12 taun sarta mangsa nyamur salila sataun, maranéhanana balik ka Astinapura sarta ménta deui karajaan boga maranéhanana luyu jeung jangji pasini anu sah. Tapi Duryodana laku songong sarta nampik paménta Yudistira atah-atah. Yudistira saterusna ménta supaya maranéhanana dibéré lima désa waé, alatan geus mangrupa kawajiban Pandawa pikeun milu aub dina pamaréntahan minangka pangéran Karajaan Kuru. Duryodana ogé keukeuh yén manéhna moal daék méré tanah ka Pandawa sanajan salega tungtung jarum ogé. Duryodana nangtang Pandawa pikeun ngalakonan peperangan. Saméméh perang dimimitian, Kresna datang ka hareupeun Duryodana jeung para pinisepuh Karajaan Kuru kawas Dréstarata, Widura, Bisma, sarta Dorna. Manéhna datang pikeun nepikeun pancén katengtreman. Tapi usul Kresna ditampik ogé ku Duryodana. Dina kasempetan kasebut, manéhna ngabogaan niat jahat pikeun nyulik Kresna. Tapi Kresna nyaho niat jahat Duryodana kasebut sarta nembongkeun wujud aslina. Ku gagalna usaha Kresna, peperangan teu bisa disingkahan deui.
Dina perang rongkah di Kurusétra, Duryodana dibaturan ku para satria nu kararuat kawas Bisma, Dorna, Karna, Aswatama, Salya, sarta nu séjén-séjénna. Manéhna ngagantungkeun harepan ka Bisma sarta Karna pikeun ngahontal kameunang, alatan maranéhanana mangrupakeun para satria nu pinunjul. Karna anu sumpah satia baris ngabiluk Duryodana, usaha méré bantuan sakuat tanaga pikeun sobatna ieu. Tapi hiji-hiji satria anu ngabiluk Duryodana nungtutan gugur di palagan yuda dina usaha ngabéla Raja Astinapura kasebut, kaasup satria anu pohara dipiharep ku Duryodana, nyaéta Bisma jeung Karna. Kitu ogé dulur-dulurna kawas Dursasana, Wikarna, Bima, Citraksa, sarta nu séjén-séjénna. Tungtungna, ngan sawatara satria di pihak Kurawa nu masih masih hirup, nyaéta Krétawarma, Krépa, Aswatama, sarta Salya. Dina perang nu poé kadalapan belas, manéhna ngangkat Salya minangka sénapati pihak Kurawa, tapi dina poé éta ogé Salya gugur ku leungeun Yudistira. Nyanghareupan tungtung peperangan kasebut, Duryodana mimiti ngarasa hariwang ku kaéléh.
Kasinugrahan Gandari
Ratu Gandari anu hanjelu ku gugurna para Kurawa, ngarasa hariwang ku Duryodana, anak hiji-hijina anu masih hirup dina peperangan. Ambéh anakna kasebut ngahontal kameunang, manéhna méré hiji kakuatan ajaib. Kakuatan kasebut asalna tina dua panonna anu ditutup ku manéhna. Lamun kakuatan kasebut dipindahkeun ka awak Duryodna, mangka manéhna baris weduk ku sagala rupa macem serangan. Manéhna ngajurung Duryodana ambéh mandi sarta asup ka kémah dina kaayaan buligir.
Waktu Duryodana rék nyanghareup ka indungna, manéhna papanggih jeung Kresna anu karék ngadatangan indungna. Kresna nyawad sarta ngécé Duryodana anu rék datang ka hareupeun indungna sorangan dina kaayaan buligir. Alatan éra, Duryodana nutupan bagian handap beuteungna, kaasup bagian pingpingna. Waktu Duryodana asup ka kémah, Gandari geus nungguan, saterusna éta wanoja mukakeun panutup panonna. Waktu panonna kabuka, kakuatan ajaib dipindahkeun kana awak Duryodana. Tapi sabot Gandari nempo yén Duryodana nutupan bagian handap beuteungna, manéhna nyarita yén bagian kasebut bakal teurak ku serangan musuhna alatan bagian kasebut ditutupan waktu Gandari mindahkeun kakuatan ajaibnya.
Perang pamungkas
Waktu Duryodana tarung sosoranganan nyanghareupan Pandawa, Yudistira ngusulkeun tawaran, yén manéhna kudu tarung jeung salah sahiji Pandawa, sarta lamun Pandawa éta diéléhkeun, mangka Yudistira baris mikeun karajaan ka Duryodana. Duryodana milih tarung maké pakarang gada ngalawan Bima. Duanana ngabogaan pangabisa anu saimbang dina ulin pakarang gada alatan maranéhanana ngalap élmu ka guru nu sarua, nyaéta Baladéwa. Tarung lumangsung kalawan rongkah, duanana pada-pada kuat sarta pada-pada ahli gulat sarta tarung maké pakarang gada. Sanggeus sawatara lila, Duryodana mimiti usaha pikeun maéhan Bima. Dina waktu harita, Kresna ngingetkeun Bima kana sumpahna yén manéhna baris meupeuh pingping Duryodana alatan lakuna anu ngécé Drupadi. Ku pituduh Kresna kasebut, Bima inget deui kana sumpahna sarta langsung ngarahkan gadana kana pingping Duryodana. Sanggeus pingpingna dipeupeuh satarikna, Duryodana tikusruk sarta ngarumpuyuk. Manéhna mimiti humarurung nahan kanyeri, sabab bagian awakna anu henteu weduk geus dipeupeuh ku Bima. Waktu Bima rék maéhan Duryodana, Baladéwa datang pikeun nyegah sarta ngancem yén manéhna baris maéhan Bima. Baladéwa ogé nyarékan Bima anu geus meupeuh pingping Duryodana, alatan kacida dilarangna pikeun meupeuh bagian éta dina perang maké pakarang gada.
Kresna saterusna nyadarkeun Baladéwa, yén geus jadi kawajiban pikeun Bima ngalakukeun sumpahna. Kresna ogé ngabébérkeun kalicikan-kalicikan anu dipigawé ku Duryodana. Duryodana leuwih réya ngarémpak aturan-aturan perang batan Bima. Manéhna ngalakonan serangan sacara licik pikeun maéhan Abimanyu. Manéhna ogé geus ngalakonan sagala rupa gawé licik ambéh Indraprahasta murag ka leungeunnya. Duryodana gugur lalaunan dina perang nu poé kadalapan belas. Ngan tilu satria di pihakna anu bisa hirup, nyaéta Aswatama, Krépa, sarta Krétawarma.
Pamanggih séjénna ngeunaan Duryodana
Dina tetempoan para sarjana Hindu mangsa kiwari, Duryodana mangrupakeun raja anu kuat sarta rancagé, sarta maréntah kalawan adil, tapi boga sikep licik sarta jahat waktu usaha ngalawan barayana (Pandawa). Kawas Rahwana, Duryodana pohara kuat sarta digjaya, sarta ahli dina élmu ageman, tapi gagal pikeun ngalakukeun prakprakanana dina kahirupan. Tapi lolobana umat Hindu nganggap manéhna minangka jelema jahat anu resep néangan masalah.
Duryodana ogé mangrupa salah sahiji inohong anu pohara ngahormat kolotna. Sanajan dianggap laku jahat, manéhna tetep mikanyaah indungna, nyaéta Gandari. Saban isuk-isuk saméméh perang manéhna sok ménta do'a restu, sarta unggal manéhna migawé kitu, indungna sok ngomong yén kameunang ngan aya di pihak anu bener. Sanajan jawaban kasebut ngaleutikkeun haté Duryodana, manéhna tetep satia ngadatangan indungna saban isuk-isuk. Di wewengkon Kumaon di Uttranchal, sawatara kuil anu éndah ditujukeun pikeun Duryodana sarta manéhna dipuja minangka déwa leutik. Suku Kumaon di pagunungan ngabiluk Duryodana dina Baratayuda. Manéhna dipuja minangka pamingpin anu rancagé sarta balabah.
Dursasana
Dursasana (éjahan basa Sansakerta: Duśśāsana) nyaéta adina Duryodana, salah saurang Kurawa anu cukup kawentar. Manéhna téh anak Prabu Dréstarata jeung Déwi Gandari. Awakna gagah, sungutna rubak sarta miboga sipat songong, resep lumaku sawenang-wenang, ngagoda wanoja sarta resep ngécé batur. Manéhna miboga pamajikan nu ngaranna Déwi Saltani, sarta boga hiji anak nu dingaranan Dursala.
Harti ngaran
Ngaran Dursasana diwangun ku dua kecap basa Sansakerta, nyaéta dur atawa duh, jeung śāsana. Sacara harfiah, kecap Dusśāsana ngabogaan harti "hésé pikeun dikawasa" atawa "hésé ditungkulan".
Kalahiran
Waktu Gandari reuneuh dina jangka waktu anu henteu wajar, manéhna neunggeulan kandunganana dina kaayaan aral sarta timburu ka Kunti, anu geus méré Pandu tilu urang anak. Ku polahna kasebut, Gandari ngalahirkeun gumpalan daging nu warnana semu kulawu. Saterusna Gandari ménta tulung Abiyasa, saurang patapa sakti, pikeun dibantuan sangkan bisa boga anak. Satuluyna Abiyasa ngeureutan gumpalan daging kasebut jadi saratus bagian, sarta ngasupkeunana kana saratus pot. Saterusna pot-pot kasebut dipelak dina jero taneuh salila sataun. Sanggeus sataun, pot-pot kasebut digali. Anu mimiti dikaluarkeun tina pot-pot nyaéta Duryodana, dipirig ku Dursasana, sarta adi-adina.
Panghina ka Drupadi
Dursasana anu miboga watek dugal, metot kaén anu dipaké ku Drupadi, tapi kaén kasebut kaulur-ulur terus sarta teu béak-béak alatan meunang kakuatan gaib ti Sri Kresna. Waktu Yudistira éléh dina kaulinan dadu ku Duryodana, Drupadi anu jadi tarohanana ragrag ka leungeun Duryodana. Duryodana ngutus ponggawana pikeun mapag Drupadi, tapi Drupadi nampik. Satuluyna Duryodana ngutus adina sorangan, nyaéta Dursasana. Kalawan dugal Dursasana datang ka panyicingan Drupadi sarta saterusna ngajambak buuk Drupadi jeung nyényérédna nepi ka di tempat maén dadu, di mana salaki jeung misanna ngarariung. Saterusna Duryodana nitah Pandawa jeung Drupadi pikeun ngaleupaskeun pakéan maranéhanana lantaran harta maranéhanana geus jadi milik Duryodana.
Drupadi anu nampik pikeun ngalaan pakéanana, dipaksa ku Dursasana. Drupadi sasambat ka Pangéran sangkan meunang pitulung. Satuluyna Kresna mecenghul sacara gaib (teu katempo ku panon) sarta méré keajaiban kana pakéan Drupadi ambéh lawon anu dipakéna henteu béak-béak cacak mayeng ditarik. Waktu Dursasana metot pakéan Drupadi kalawan paksa, kaén sari anu ngabeulit awakna henteu béak-béak cacak terus diudar. Ahirna Dursasana ngarasa capé sarta pakéan Drupadi henteu hasil dileupaskeun. Bima sumpah yén jaga manéhna baris maéhan Dursasana sarta nginum getihna.
Pati
Dina perang di Kurusétra, Bima maéhan Dursasana, nyoékkeun hariguna, sarta nginum getihna. Satuluyna Bima mawa getih Dursasana ka Drupadi. Drupadi ngulaskan getih kasebut kana buukna, minangka tanda yén dendamna geus kabales. Tiwasna Dursasana ngoyagkeun rarasaan Duryodana. Manéhna pohara hanjelu geus kaleungitan barayana anu dipikacinta. Saprak harita manéhna sumpah bakal maéhan Bima.
Dursasana dina pawayangan Sunda jeung Jawa
Dursasana dipikawanoh ogé dina pawayangan Sunda jeung Jawa. Dursasana dicaritakeun ngadumuk di wewengkon Banjarjungut, titilar mitohana. Dina carita "Pandawa Dadu" (Sabaparwa), Yudistira éléh dina kaulinan dadu sahingga kakayaan, kedaton, baraya-baraya, sarta pamajikanana geus aya dina kakawasaan Kurawa minangka pangbayaran tina tarohan. Dursasana anu pangnapsuna pikeun naranjangan Drupadi (pamajikan Yudistira), sahingga Drupadi sumpah moal baris ngagelungkeun buukna anu panjang lamun tacan kuramas maké getih Dursasana, kitu ogé Bima sumpah bakal nginum getih Dursasana saméméh paéh. Dursasana tiwas ku leungeun Bima dina perang Baratayuda.
Drupadi
Draupadi (Sansakerta: Draupadī) nyaéta salah sahiji inohong dina wiracarita Mahabarata. Manéhna téh anakna Prabu Drupada, raja di karajaan Pancala. Dina kitab Mahabarata vérsi aslina, Drupadi nyaéta pamajikan para Pandawa nu jumlahna lima urang. Tapi dina wayang Sunda jeung Jawa, manéhna téh pamajikan Prabu Yudistira hungkul.
Harti ngaran
Mimitina Drupadi dibéré ngaran "Kresna", nujul kana warna kulitna anu semu hideung. Dina basa Sansakerta, kecap “Kresna” atawa "Krishna" sacara harfiah boga harti poék atawa hideung. Laun laun manéhna leuwih dipikawanoh kalayan ngaran "Drupadi" (éjahan Sanskerta: Draupadī), anu sacara harfiah boga harti "puteri Drupada". Ngaran "Pañcali" ogé dibikeun ka manéhna, anu sacara harfiah boga harti "puteri karajaan Pancala". Alatan manéhna mangrupakeun dulurna Dréstajumena, mangka manéhna ogé disebut "Yadnyaseni" (Yajñasenī).
Kalahiran
Drupadi mangrupakeun anak anu lahir tina hasil Putrakama Yadnya, nyaéta upacara pikeun meunangkeun turunan. Dina kitab Mahabarata dicaritakeun yén sanggeus Drupada diééra ku Dorna, manéhna indit ka leuweung pikeun ngarencanakeun males dendam. Saterusna manéhna mutuskeun hayang boga anak anu baris bisa maéhan Dorna, sarta saurang puteri anu baris kawin jeung Arjuna. Ku bantuan Resi Jaya jeung Upajaya, Drupada ngalangsungkeun Putrakama Yadnya maké seuneu suci. Drupadi lahir tina seuneu suci kasebut.
Kawin jeung para Pandawa
Dina kitab Mahabarata vérsi India jeung dina adat pawayangan di Bali, Déwi Drupadi boga salaki ka lima urang, nyaéta Panca Pandawa. Perkawinan kasebut lumangsung sanggeus para Pandawa ngadatangan Karajaan Pancala sarta miluan sayémbara di dinya. Sayémbara kasebut dipiluan ku para satria kawentar di sakumna daratan Baratawarsa (India Kuna), contona kawas Karna jeung Salya. Para Pandawa ngariung babarengan jeung satria séjénna di pakalangan, tapi maranéhanana henteu maké pakéan sakuduna saurang satria, tapi nyamur jadi brahmana. Di tengah-tengah pakalangan ditempatkeun hiji sasaran anu kudu dipanah kalawan pas ku para pamilon sarta anu junun ngalakonanana baris jadi pamajikan Déwi Drupadi.
Para pamilon ogé mecakan pikeun manah sasaran di pakalangan, tapi hiji-hiji narungtutan gagal. Karna junun ngalakonanana, tapi Drupadi nampikna kalayan alesan yén manéhna henteu daék kawin jeung anak kusir. Karna jadi kuciwa sarta rarasaanana pohara kaluman. Sanggeus Karna ditampik, Arjuna maju ka haeup sarta mecakan manah sasaran kalawan pas. Panah anu dileupaskeunana sanggup ngeunaan sasaran kalawan pas, sarta luyu jeung pasaratan, mangka Déwi Drupadi ngabogaan hak jadi pamajikanana. Tapi para pamilon séjénna nyawad alatan saurang brahmana miluan sayémbara sedengkeun para pamilon hayang sayémbara kasebut ngan dipilonan ku golongan satria. Alatan ayana cawadan kasebut mangka kaributan teu bisa disingkahan deui. Arjuna jeung Bima tarung jeung satria anu nyarawad sedengkeun Yudistira, Nakula, jeung Sadéwa balik ka imahna ngajaga Déwi Kunti, indung maranéhanana. Kresna anu milu aub dina sayémbara kasebut nyaho saha sabenerna para brahmana anu geus meunangkeun Drupadi sarta manéhna ngomong ka para pamilon yén geus sakuduna para brahmana kasebut meunangkeun Drupadi sabab maranéhanana geus hasil meunangkeun sayémbara kalawan alus.
Sanggeus kaributan geus eureun, Arjuna jeung Bima balik ka imahna kalawan mawa Déwi Drupadi. Satepi di imahna kasampak indungna keur sasaréan disimbut bari mikiran kaayaan dua anakna anu keur tarung di pakalangan sayémbara. Arjuna jeung Bima datang nyanghareup sarta ngomong yén maranéhanana geus balik sarta mawa hasil baramaén. Déwi Kunti ngajurung sangkan maranéhanana ngabagi rata naon anu geus dibeunangkeun. Tapi Déwi Kunti kagét waktu nyaho yén anak-anakna henteu ngan mawa hasil baramaén waé, tapi ogé saurang wanoja. Déwi Kunti henteu daék jalir jangji, mangka Drupadi ogé jadi pamajikan kabé h Panca Pandawa.
Upacara Rajasuya
Dursasana anu miboga watek dugal, metot lawon anu dipaké Drupadi, tapi lawon kasebut kaulur-ulur terus sarta teu béak-béak alatan meunang kakuatan gaib ti Sri Kresna. Gambar dicokot tina kitab Bagawadgita anu dipedar ku yayasan ISKCON.
Mangsa Yudistira ngalangsungkeun upacara Rajasuya di Indraprahasta, sakumna satria di saantéro Baratawarsa diondang, kaasup misanna anu licik sarta sok dengki, nyaéta Duryodana. Duryodana jeung Dursasana kataji ku kaayaan balériung Karaton Indraprahasta. Maranéhanana henteu nyaho yén di tengah-tengah karaton aya balong. Cai balong éta pohara beresihna sahingga dadamparna katempo ku kituna henteu katempo jiga balong. Duryodana jeung Dursasana henteu nyahoeun hal éta tuluy maranéhanana tigejebur. Nempo hal éta, Drupadi seuri ceuceuleukeuteukan. Duryodana jeung Dursasana pohara érana. Maranéhanana henteu bisa mopohokeun panghina kasebut, sumawona anu nyeungseurikeun maranéhanana nyaéta Drupadi anu pohara dipikaresepna alatan kageulisanana.
Mangsa tumibana waktu pikeun méré susuguh ka para ondangan, geus jadi adat yén sémah anu pangdipihormatna anu mimiti meunang susuguh. Ku alpukahna Bisma, Yudistira méré suguhan kahiji ka Sri Kresna. Nempo hal éta, Sisupala, baraya misan Sri Kresna, kabeuratan sarta ngécé Sri Kresna. Panghina éta ditarima Sri Kresna tutuluyan nepi ka kaambekna muncak. Sisupala dipaéhan ku Cakra Wicajsana. Mangsa metot Cakra, leungeun Sri Kresna ngaluarkeun getih. Déwi Drupadi gura-giru nyoékkeun kaén sari-na pikeun muntel tatu Sri Kresna. Pitulung éta henteu bisa dipopohokeun.
Kaulinan dadu
Sanggeus ngaluuhan upacara Rajasuya, Duryodana ngarasa sirik ka Yudistira anu ngabogaan harta lubak-libuk sarta karaton anu agréng. Nempo alona ngahuleng, mecenghul alpukah jahat ti Sangkuni. Manéhna ngajurung alona, Duryodana, ambéh ngondang Yudistira pikeun ulin dadu kalawan tarohan harta, karaton, sarta karajaan di Indraprahasta. Duryodana nampa usul kasebut alatan yakin mamangna, Sangkuni, mangrupakeun ahlina dina kaulinan dadu sarta harepan pikeun ngarebut kakayaan Yudistira aya di leungeun mamangna. Duryodana ngawisuna bapana, Dréstarata, ambéh ngidinan pikeun ulin dadu. Yudistira anu ogé resep kaulinan dadu, henteu nampik ku diondang.
Yudistira nandonkeun harta, karaton, sarta karajaanana sanggeus dihasud ku Duryodana sarta Sangkuni. Alatan henteu ngabogaan nanaon deui pikeun jadi tarohan, mangka manéhna nandonkeun dulur-dulur jeung pamajikanana, Drupadi. Tungtungna Yudistira éléh sarta Drupadi dipénta pikeun hadir di tempat judi alatan geus jadi milik Duryodana. Duryodana ngutus para ponggawana pikeun mapag Drupadi, tapi Drupadi nampik. Sanggeus gagal, Duryodana ngajurung Dursasana, adina, pikeun mapag Drupadi. Drupadi anu nampik pikeun datang, diséséréd ku Dursasana anu henteu ngabogaan rasa kamanusaan. Buukna dijambak nepi ka tempat judi, tempat salaki sadulur ngariung. Alatan geus éléh, Yudistira sarta sakabéh adina dipénta pikeun muka bajuna, tapi Drupadi nampik. Dursasana anu miboga watek dugal, metot lawon anu dipaké Drupadi, tapi lawon kasebut kaulur-ulur terus sarta teu béak-béak alatan meunang kakuatan gaib ti Sri Kresna anu nempo Drupadi dina kaayaan bahaya. Pitulung Sri Kresna alatan Drupadi ngabuntel tatu Sri Kresna waktu upacara Rajasuya di Indraprahasta.
Pati
Dina kitab Mahaprastanikaparwa dicaritakeun, sanggeus Dinasti Yadu musnah, para Pandawa reujeung Drupadi mutuskeun pikeun ngalakonan lalampahan suci ngurilingan Baratawarsa. Minangka tujuan ahir lalampahan, maranéhanana nuju pagunungan Himalaya sanggeus ngaliwatan gurun anu ngampar di kalér Baratawarsa. Dina lalampahan nuju ka éta tempat, Drupadi maot.
Salaki jeung turunan
Dina kitab Mahabarata vérsi aslina, salaki Drupadi jumlahna lima urang anu nyaéta nu disebut Pandawa. Ti hasil hubunganana jeung lima Pandawa manéhna ngabogaan lima anak, nyaéta:
1. Pratiwinda (tina hasil hubunganana jeung Yudistira)
2. Sutasoma (tina hasil hubunganana jeung Bima)
3. Srutakirti (tina hasil hubunganana jeung Arjuna)
4. Satanika (tina hasil hubunganana jeung Nakula)
5. Srutakama (tina hasil hubunganana jeung Sadéwa)
Lima anak Pandawa kasebut disebut Pancawala atawa Pancakumara.
Drupadi dina pawayangan Sunda jeung Jawa
Dina budaya wayang Sunda jeung Jawa, hususna sanggeus meunang pangaruh Islam, Déwi Drupadi dicaritakan rada béda jeung carita dina kitab Mahabarata vérsi aslina. Dina carita pewayangan, Déwi Drupadi kawin jeung Yudistira hungkul sarta lain ka Pandawa séjénna. Carita kasebut bisa diregepkeun dina lalakon Sayémbara Gandamanah. Dina lalakon kasebut dicaritakeun yén Yudistira miluan sayémbara nu diayakeun ku Raja Drupada ngéléhkeun Gandamanah. Saha anu hasil meunang sayémbara, ngabogaan hak ngabogaan Drupadi. Yudistira milu sayémbara kasebut tapi manéhna henteu turun langsung kana pakalangan tapi diwakilan ku Bima. Bima hasil ngéléhkeun Gandamanah sarta hasil meunangkeun sayémbara. Alatan Bima ngawakilan Yudistira, mangka Yudistira anu jadi salaki Drupadi. Dina adat pawayanagn Sunda jeung Jawa, anak Drupadi jeung Yudistira téh ngaranna Radén Pancawala.
Béda carita antara kitab Mahabarata jeung carita dina pawayangan Sunda jeung Jawa alatan pangaruh mekarna agama Islam di tanah Sunda jeung tanah Jawa. Pintonan wayang anu dina waktu éta pohara dipikaresep ku balaréa, henteu ditumpes atawa dilarang tapi disaluyukeun jeung ajaran Islam. Nurutkeun hukum Islam, saurang wanoja henteu kaci ngabogaan salaki leuwih ti hiji. Mangka ti éta, carita Déwi Drupadi dina kitab Mahabarata vérsi asli anu warnana Hindu nyalahan hukum Islam. Pikeun nyegahna, para bujangga atawa seniman Islam ngarobah carita ambéh luyu jeung ajaran Islam.
Arimbi
Dina wiracarita Mahabarata, Arimbi nyaéta hiji raksasi. Manéhna mangrupakeun baraya Arimba, hiji raksasa. Arimbi ngadahup jeung Bima, salah sahiji Pandawa, sarta ngalahirkeun anak nu dingaranan Gatotkaca.
Arimbi dina Mahabharata
Arimbi papanggih jeung Bima waktu manéhna ngalalana di leuweung babarengan Pandawa sadulur jeung indungna Kunti. Lanceuk Arimbi anu ngaranna Arimba, ngajurung manéhna pikeun mawa daging manusa, tapi sabot nyampeurkeun Bima anu keur diuk di tengah leuweung, manéhna ragrag asih sarta henteu tega maéhanana. Manéhna robah jadi wanoja geulis, jangkung, kulitna hideung, sarta nyampeurkeun Bima. Waktu Arimba datang pikeun maéhan Bima, manéhna nyoba narajang Arimbi tapi Arimbi ditangtayungan ku Bima, anu saterusna maéhan Arimba. Satuluyna Bima ngalamar Arimbi. Arimbi cicing di leuweung babarengan jeung Pandawa sarta satuluyna méré Bima saurang anak nu dingaranan Gatotkaca. Waktu Pandawa ninggalkeun leuweung, Bima kudu ninggalkeun Arimbi jeung Gatot Kaca sabab Pandawa keur dina persiapan nyanghareupan perang. Mangtaun-taun ti harita maranéhanana pada papanggih deui. Lantaran ngaran nu ampir sarupa, Arimba jeung Arimbi dianggap baraya kembar.
Arimbi dina pewayangan Sunda jeung Jawa
Dina Mahabarata, Déwi Arimbi nyaéta putri kadua Prabu Arimbaka, raja raksasa ti nagara Pringgandani. Manéhna miboga tujuh urang baraya kandung, nu ngaranna masing-masing Arimba, Arya Purbakesa, Brajadenta, Brajamusti, Brajalamatan, Brajawikalpa jeung Kalabendana. Déwi Arimbi ngadahup ka Bima alias Werkudara, salah saurang ti lima satria Pandawa, putra Prabu Pandu, raja ti nagara Astina ti permaisuri Déwi Kunti. Ti Déwi Arimbi, Bima miboga saurang anak anu dibéré ngaran Gatotkaca. Déwi Arimbi jadi ratu nagara Pringgandani, ngagantikeun kalungguhan lanceukna, Prabu Arimba, anu tiwas dina peperangan ngalawan Bima. Tapi alatan Déwi Arimbi leuwih mindeng cicing di Kasatrian Jodipati nuturkeun salakina, kakawasaan nagara Pringgandani diwakilkeun ka adina, Brajadenta nepi ka Gatotkaca déwasa sarta diangkat jadi raja nagara Pringgandani kalayan gelar Prabu Kacanegara. Déwi Arimbi miboga kasaktian, diantarana bisa pindah rupa ti wujudna nu mangrupa raksasa jadi putri geulis kawanti-wanti. Kasaktian ieu mangrupakeun kasinugrahan paméré Déwi Kunti alatan Werkudara nampik ngawin Déwi Arimbi anu waktu éta masih ngawujud raksasi (raksasa awéwé) anu pikasieuneun. Manéhna miboga sipat jujur, satia, bakti sarta pohara nyaah ka anakna. Ahir kahirupanana cenah manéhna gugur di médan perang Baratayuda mangsa ngabélaan anakna, Gatotkaca, anu saméméhna gugur kakeunaan Panah Konta Wijayandanu atawa Konta boga Adipati Karna, raja nagara Awangga.
Gatotkaca
Gatotkaca (basa Sansakerta: Ghathotkacha) nyaéta salah saurang inohong dina wiracarita Mahabarata. Manéhna nyaéta anak Bima (Werkudara) ti Arimbi. Alatan nurun ka wujud indungna, anu raksesi, mangka sabagian Gatotkaca mangrupa raksasa.
Harti ngaran
Dina basa Sansakerta, kecap Ghatotkacha sacara harfiah hartina téh "ngabogaan sirah kawas kendi". Ngaran Gatotkaca sabenerna mangrupa landihan (ngaran panggero sapopoé). Kecap ieu dicokot tina basa Sansakerta ghaṭam anu hartina "kendi", alatan sawaktu lahir sirah Gatotkaca dianggap jiga kendi.
Kulawarga
Gatotkaca nyaéta anak Bima ti Arimbi. Gatotkaca ngadahup ka Déwi Pergiwa sarta ngabogaan anak dingaranan Sasikirana. Ti pamajikan anu séjén, Ahilawatī, ngabogaan anak dingaranan Barbarika.
Gatotkaca dina budaya pawayangan Sunda jeung Jawa
Dina pawayangan Sunda jeung Jawa, dicaritakeung Gatotkaca ngabogaan kasaktian pikeun ngapung sarta miboga "otot kawat jeung tulang beusi". Ngaran séjén Gatotkaca nyaéta Jabang Tutuka. Gatotkaca boga pakéan Caping Basunanda (pikeun panyalindungan tina hujan jeung panas poé), Kutang Antakusumah (pikeun ngapung), sarta Tarumpah Prabakacarma (kagunana moal kagamah lamun ngaliwatan jalan atawa tempat anu angker).
Mangsa keur budak
Dina mangsa keur budak Jabang Tutuka geus ngabogaan kakuatan rongkah nyaéta tali ari-arina henteu bisa diteukteuk ku pakarang naon ogé. Pakarang Cakra Wijaksana milik Prabu Kresna jeung Pulanggeni boga Arjuna ogé henteu mempan, ngan hiji pakarang anu bisa neukteuk tali ari-ari Gatotkaca nyaéta Kontawijaya bogana Suryatmaja (Karna waktu keur ngora). Arjuna ngan bisa ngarebut warangka Kontawijaya sanggeus perang tanding jeung Suryatmaja. Ku warangka éta ari-ari Jabang Tutuka dikeureut. Sanggeus tali ari-ari Jabang Tutuka diteukteuk, manéhna dijadikeun jago para padumuk kahiangan pikeun nyanghareupan penyerang kahiangan. Jabang Tutuka tuluy diasupkeun ku batara Narada ka kawah Candradimuka babarengan jeung sagala rupa pusaka waja kahiangan, ku kituna waktu kaluar ti kawah Candradimuka, Jabang Tutuka leutik anu tadina masih ngawujud raksasa robah jadi satria anu gagah sarta pinilih tanding. Ti dieu, satuluyna, Gatotkaca jadi boga otot kawat jeung tulang beusi. Jabang Tutuka ogé dibéré sagala rupa pusaka sarta dibéré ngaran : “Gatot Kaca” jeung "Kirincing Wesi". Gatotkaca tuluy jadi raja ngagantikeun indungna Déwi Arimbi di nagara Pringgandani. Nagara ieu saterusna jadi bagian ti nagara Amarta atawa Indraprahasta.
Mangsa déwasa
Gatotkaca ngabogaan sawatara ajian di antarana: Aji Narantaka, Aji Brajadenta, Aji Brajamusti. Aji Brajadenta sarta Brajamusti dibeunangkeun sanggeus ngéléhkeun dua pamanna ti pihak indung, nyaéta Brajadenta jeung Brajamusti. Sedengkeun Aji Narantaka beunang guguru ka Resi Seta. Sajaba ti éta, Gatotkaca jadi pananggung jawab kaamanan gaganawiyati di karajaan Amarta, alatan pangabisana nu bisa ngapung. Di jomantara ieu, Gatotkaca miboga markas anu disebut Mega Malang.
Gatotkaca ogé miboga tutumpakan mangrupa manuk Garuda nu ngaranna Wilmuka jeung manuk garuda Arimuka. Manuk garuda Arimuka beunang ngarebut ti Prabu Bomanarakasura (Raja Trajutresna, putra Prabu Kresna) waktu perang jeung manéhna. Dina mangsa déwasa Gatotkaca ngadahup ka Déwi Pergiwa, sarta kapilih jadi senopati nagara amarta dina Baratayuda.
Baratayuda
Dina waktu perang Baratayuda antara pihak Pandawa jeung pihak Kurawa, diceritakan yén Adipati Karna (ti kulawarga Astina) indit jurit dina jero peuting, sarta ngan Gatotkaca anu dianggap ku Pandawa jeung Kresna (panasehat perang Pandawa) nu bisa nandingianna, lantaran harigu Gatotkaca bisa suminar alatan kasakti kutang Antakusuma. Tapi, ahirna Gatotkaca éléh jurit ku Adipati Karna lantaran Adipati Karna ngabogaan Pusaka ampuh nu ngaranna 'Kontawijaya. Warangka ti pusaka Kunta (Wijayadanu) ieu, nu dipaké neukteuk ari-ari Gatotkaca keur orok, masih aya dina awak Gatotkaca. Kontawijaya tungtungna asup kana warangkana nu aya dina awak Gatotkaca. Saméméh perlaya, Gatotkaca boga paménta, nyaéta sadia pikeun gugur tapi kudu digantian ku nyawa 1000 prajurit musuh. Awak Gatotkaca tuluy murag ti jomantara alatan kakeunaan pusaka Kontawijaya, pas ngeunaan karéta Adipati Karna. Balukarna, pecahan karéta ieu niwaskeun 1000 prajurit Kurawa.
Subadra
Subadra mangrupa salah sahiji inohong penting dina Wiracarita Mahabarata, carita épik Hindu. Manéhna mangrupa puteri Prabu Basudéwa (Raja di Karajaan Suraséna), sarta ogé baraya téré Kresna. Subadra nyaéta pamajikan kahiji Arjuna, sarta indungna Abimanyu.
Riwayat
Subadra lahir minangka anak bungsu pasangan Basudéwa jeung Rohini. Subadra dilahirkan sanggeus kadua lanceukna, nyaéta Kresna jeung Baladéwa, ngabébaskeun Basudéwa anu dikurung ku Kamsa di pangbérokan jero taneuh. Saterusna Ugraséna, bapana Kamsa, diangkat deui jadi raja di Madura sarta Subadra hirup salaku puteri bangsawan di karajaan kasebut babarengan jeung kulawargana. Waktu Arjuna ngajalanan mangsa pangbuangan alatan tanpa ngahaja ngaganggu Yudistira anu keur saré jeung Drupadi, manéhna nganjang ka Dwaraka, nyaéta panyicingan misanana anu ngaranna Kresna lantaran indungna Arjuna (Kunti) duduluran jeung bapana Kresna (Basudéwa). Di dinya Arjuna papanggih jeung Subadra sarta ngalaman nuansa romantis jeung Subadra. Kresna ogé nyaho hal kasebut sarta ngaharepkeun Arjuna kawin ka Subadra. Harita status Arjuna téh salaki anu ngabogaan tilu pamajikan, nyaéta Drupadi, Chitrangada, jeung Ulupi. Jadi Subadra téh pamajikan kaopat Arjuna.
Subadra jeung Arjuna ngabogaan saurang anak nu dingaranan Abimanyu. Waktu Pandawa éléh maén dadu ku Kurawa, maranéhanana kudu ngajalanan mangsa pangbuangan salila dua belas taun, ditambah mangsa nyamur salila sataun. Subadra jeung Abimanyu ngadumuk di Dwaraka samentara Pandawa gasingkan diri di leuweung. Dina mangsa harita Abimanyu tumuwuh jadi lalaki anu gagah sarta sarimbag jeung bapana. Sabot perang rongkah di Kurusetra, para lalaki turun jurit samentara para wanoja cicing di imah maranéhanana. Abimanyu jeung Arjuna milu perang di médan laga sarta ninggalkeun Subadra di Dwaraka. Dina waktu éta umur Abimanyu 16 taun. Waktu perang lekasan, ngan Arjuna anu salamet samentara sakumna anakna pada gugur, kaasup Abimanyu anu pohara dipikacinta ku Arjuna jeung Subadra. Tapi saméméh gugur, Abimanyu geus kawin jeung Utari sarta ngabogaan saurang anak nu dingaranan Parikesit. Parikesit saterusna jadi raja Astinapura ngagantikeun Yudistira, uwana. Subadra jadi panasehat sarta guru pikeun incuna kasebut.
Pemujaan Subadra di India
Di India, Subhadra jadi salah sahiji ti tilu déwi anu dipuja di Kuil Jagannath di Puri, babarengan jeung lanceukna nyaéta Kresna jeung Balarama (atawa Balabhadra). Salah sahiji karéta dina Rata Yatra anu dirayakeun taunan pikeun Subadra.
Abimanyu
Abimanyu (basa Sansakerta: abhiman'yu) nyaéta salah saurang inohong dina wiracarita Mahabarata. Manéhna nyaéta anak Arjuna ti salah saurang pamajikanana anu ngaranna Subadra. Ditetepkeun yén Abimanyu nu baris neruskeun tahta Yudistira. Dina wiracarita Mahabarata, manéhna dianggap saurang pahlawan anu ngarandapan nasib tragis. Manéhna gugur dina perang rongkah di Kurusétra minangka satria pangngorana ti pihak Pandawa, alatan umurna karék genep belas taun. Abimanyu ngadahup jeung Utari, puteri Raja Wirata sarta ngabogaan saurang anak nu dingaranan Parikesit, anu lahir sanggeus manéhna gugur.
Harti ngaran
Abimanyu diwangun ku dua kecap dina basa Sansakerta, nyaéta abhi (wani) jeung man'yu (tabéat). Dina basa Sansakerta, kecap Abhiman'yu sacara harfiah boga harti "manéhna anu ngabogaan sipat teu sieun" atawa "anu boga sipat kepahlawanan".
Kalahiran, atikan, sarta perang
Waktu tacan lahir, mangsa dina jero pianakan indungna, Abimanyu diajar cara asup kana formasi perang nu hésé ditembus nu ngaranna Cakrawyuha ti Kresna. Mahabarata ngécéskeun yén dina jero pianakan indungna, Abimanyu nguping paguneman Kresna anu keur gunem catur ngeunaan formasi kasebut jeung Subadra, indungna. Kresna nyaritakeun ngeunaan cara asup kana Cakrawyuha. Lantara saterusna Subadra kasaréan mangka Abimanyu orok henteu ngabogaan kasempetan pikeun nganyahokeun kumaha cara ngaloloskeun diri tina éta formasi.
Abimanyu méakkeun waktu leutikna di Dwaraka, dayeuh tempat dumuk indungna. Manéhna dilatih ku bapana, Arjuna sarta diasuh jeung dibimbing ku Kresna. Arjuna ngadahupkeun Abimanyu jeung Utari, puteri Raja Wirata, pikeun ngaraketkeun hubungan antara Pandawa jeung kulawarga Raja Wirata, waktu perang Baratayuda anu bakal datang. Pandawa nyamur pikeun ngaréngsékeun mangsa pangbuanganana tanpa dipikanyaho di karajaan bogana Raja Wirata nyaéta Karajaan Matsya.
Abimanyu mangrupa satria anu gagah pinuh wawanén sarta gangas. Alatan dianggap sarimbag jeung pangabisa bapana, Abimanyu sanggup ngalawan satria-satria kahot kawas Drona, Karna, Duryodana jeung Dursasana. Manéhna dipuji alatan wawanénna sarta ngabogaan rasa satia anu luhur ka bapana, uwa jeung pamanna, sarta sagala kahayang maranéhanana.
Pati Abimanyu
Dina poé katilu belas Baratayuda, pihak Kurawa nangtang Pandawa pikeun megatkeun formasi perang nu ningker nguriling nu dipikawanoh sabagé Cakrawyuha. Para Pandawa nampa tangtangan kasebut alatan Kresna jeung Arjuna nyaho kumaha cara megatkeun sagala rupa formasi. Tapi, dina poé éta, Kresna jeung Arjuna riweuh tarung jeung laskar Samsaptaka. Ku alatan Pandawa geus nampa tangtangan kasebut, maranéhanana henteu ngabogaan pilihan kacuali mecakan pikeun ngagunakeun Abimanyu anu masih ngora, anu ngabogaan pangaweruh ngeunaan kumaha cara megatkeun formasi Cakrawyuha tapi henteu nyaho kumaha cara kaluar ti jerona. Pikeun ngayakinkeun yén Abimanyu moal katangkep dina formasi kasebut, Pandawa sadulur nyindekkeun yén maranéhanana jeung wadyabalad maranéhanana baris megatkeun formasi éta babarengan jeung Abimanyu sarta mantuan sang nonoman kaluar tina formasi kasebut.
Dina poé penting éta, Abimanyu ngagunakeun kapinterna pikeun nembus formasi kasebut. Pandawa sadulur jeung wadyabalad mecakan pikeun milu asup kana jero formasi kasebut, tapi maranéhanana dihadang ku Jayadrata, Raja Karajaan Sindu, anu meunang kasinugrahan sanggup nahan para Pandawa kajaba Arjuna, tapi ngan pikeun sapoé. Abimanyu ditinggalkeun sorangan pikeun nakis serangan pasukan Kurawa. Abimanyu maéhan sawatara satria anu ngadeukeutan kalawan gangas, kaasup anak Duryodana, nyaéta Laksmana. Sanggeus nyaksian anak kanyahna palastra ku Abimanyu, Duryodana kacida ambek sarta ngajurung sakabéh pasukan Kurawa pikeun narajang Abimanyu. Alatan gagal ngancurkeun baju beusi Abimanyu, ku nasehat Drona, Karna ngancurkeun gondewa Abimanyu ti tukang. Saterusna karétana diancurkeun, kusir sarta kudana ditelasan pati, sarta kabéh pakarangna dipiceun. Anakna Dursasana mecakan pikeun tarung jeung Abimanyu maké leungeun kosong. Tapi tanpa negakkeun aturan perang, pihak Kurawa narajang Abimanyu babarengan. Abimanyu sanggup nahan serangan nepi ka pedangnya pites sarta kikiping karéta nu jadi panyalindunganana ancur. Teu sabaraha lila, Abimanyu ditelasan ku anakna Dursasana ku cara ngancurkeun sirahna maké gada.
Arjuna ngabales dendam
Warta perlayana Abimanyu ngajadikeun Arjuna pohara hanjelu sarta nyeri haté. Manéhna sadar, yén lamun Jayadrata henteu ngahalangan para Pandawa pikeun asup kana formasi Cakrawyuha, Abimanyu tangtu meunang bantuan. Manéhna saterusna sumpah baris maéhan Jayadrata dina poé isukna saméméh panonpoé surup. Nanggepan hal éta, pihak Kurawa nempatkeun Jayadrata jauh ti Arjuna. Rébuan prajurit sarta satria ngalingkung sarta nangtayungan Jayadrata. Arjuna usaha ngadongkang Jayadrata, tapi rébuan prajurit Kurawa ngahalangan. Nepi ka panonpoé ampir surup, Jayadrata jauh kénéh tina hontalan Arjuna. Nempo hal ieu, Kresna ngagunakeun kapinterna. Manéhna nyieun samagaha panonpoé, ku kituna kaayaan jadi poék jiga panonpoé geus surup. Pihak Kurawa atawa Pandawa mikir yén poé geus peuting, sarta luyu aturan, maranéhanana ngeureunkeun peperangan sarta balik ka kubu séwang-séwangan. Ku kituna, pihak Kurawa henteu neruskeun tarung sarta Jayadrata henteu dileupaskeun tina panangtayungan maranéhanana. Waktu karéta Arjuna deukeut jeung karéta Jayadrata, panonpoé mecenghul deui sarta Kresna ngajurung Arjuna ambéh ngagunakeun kasempetan kasebut pikeun maéhan Jayadrata. Arjuna gangkat gondewana sarta ngabelesatkeun panah, megatkeun beuheung Jayadrata. Pas dina waktu kasebut, poé geus soré, panonpoé geus surup sarta Arjuna hasil ngaréngsékeun sumpahna pikeun maéhan Jayadrata.
Dorna
Dina wiracarita Mahabarata, Dorna (Sansakerta: Droṇa) atawa Dronacharya (Sansakerta: Droṇāchārya) nyaéta guru para Kurawa sarta Pandawa. Manéhna mangrupakeun ahli ngamekarkeun seni perang.
Kalahiran jeung awal kahirupan Dorna
Dorna dilahirkan ti kulawarga brahmana (kaum pandita Hindu). Manéhna mangrupakeun anak ti pandita Baradwaja, nu lahir di dayeuh anu kiwari disebut Dehradun (modifikasi tina kecap dehra-dron, kendi taneuh liket), anu mibanda harti yén manéhna (Dorna) tumuwuh lain dina jero pianakan, tapi di luar awak manusa, nyaéta dina Droon (gentong atawa kendi). Carita kalahiran Dorna dilalakonkeun sacara dramatis dina Mahabarata, Buku I: Adiparwa; Sambawaparwa, Bagian CXXXI. Dina buku kasebut dicaritakeun Baradwaja indit babarengan jeung rombonganana nuju ka walungan Gangga pikeun susuci. Di dinya manéhna nempo widadari anu geulis kawanti-wanti datang pikeun mandi. Sang pandita dikawasa ku napsu nu ngabalukarkeun manéhna ngaluarkeun cai mani anu pohara lobana. Manéhna nandéan cai mani kasebut kana hiji kendi anu disebut drona, sarta tina cai kasebut lahir Dorna. Dorna méakkeun mangsa ngorana dina kaayaan tuna ku harta. Dorna ogé diajar ageman jeung élmu jurit babarengan jeung saurang pangéran ti Karajaan Pancala nu ngaranna Drupada. Drupada jeung Dorna satuluyna sosobatan. Dina mangsa keur budak, Drupada jangji rék mikeun satengah karajaanana ka Dorna lamun manéhna jadi Raja Pancala. Dorna ngadahup ka Krépi, adina Krépa, saurang guru di karaton Astinapura. Krépi jeung Dorna ngabogaan anak nu dingaranan Aswatama.
Diajar ka Parasurama
Nyaho yén Parasurama boga loba pangaweruh, Dorna ngadatangan manéhanana. Ngan hanjakal waktu Dorna datang, Parasurama geus mikeun sagala nu dipibogana ka brahmana anu séjén. Alatan kataji ku kakeyeng haté Dorna, Parasurama mutuskeun pikeun nurunkeun pangaweruhna ngeunaan élmu peperangan ka Dorna. (Mahabarata, Buku I: Adiparwa; Sambawaparwa, Bagian CXXXI).
Dorna jeung Drupada
Demi nyumponan pangabutuh kulawargana, Dorna hayang bébas tina katuna ku harta. Inget kana jangji Drupada nu rék méré satengah karajaan, Dorna boga niat manggihan manéhna pikeun ménta bantuan. Tapi, alatan mabok ku kakawasaan, Raja Drupada henteu ngaku Dorna salaku babaturanana sarta nyarékan laklak dasar cenah Dorna manusa ti golongan handap. Drupada nganaséhatan Dorna sangkan henteu mikiran masalah éta deui sarta ménta supaya hirup nurutkeun jalanana séwang-séwangan. Dorna indit ngabetem, tapi dina jero haténa manéhna ngucapkeun sumpah baris ngabales dendam. (Mahabharata, Buku I: Adiparwa, Sambhawaparwa, Bagian CXXXII).
Legénda Dornacarya
Legénda ngeunaan Dorna salaku saurang guru agung jeung satria teu kawates ngan dina mitologi Hindu hungkul, tapi oge kuatna mangaruhan talari sosial India.
Bal jeung lélépén
Dorna indit ka Astinapura kalayan harepan bisa muka sakola seni peperangan pikeun ngadidik para anak raja. Dina hiji poé, manéhna nempo réa nonoman, nyaéta para Kurawa jeung Pandawa anu keur ngalingkung sumur. Dorna nanya ka maranéhanana ngeunaan masalah naon anu lumangsung. Yudistira, si cikal, némbalan yén bal maranéhanana murag kana jero sumur sarta maranéhanana henteu nyaho kumaha cara nyokotna deui.
Dorna seuri, sarta nyeukseukan maranéhanana alatan henteu boga daya nyanghareupan masalah anu leutik. Yudistira némbalan yén lamun Sang Brahmana (Dorna) sanggup nyokot bal kasebut mangka Raja Astinapura pasti baris nyumponan sagala kaperluan hirupna. Dorna ngabalangkeun lélépén bogana, ngumpulkeun sababaraha péso, sarta ngucapkeun jampé Wéda. Saterusna manéhna ngabalangkeun péso kana jero sumur kawas tumbak. Péso kahiji mebes kana bal, péso kadua dibalangkeun sarta mebes kana péso nu kahiji, kitu saterusna, sahingga ngawangun rante péso. Lalaunan Dorna metot bal kasebut kalawan bantuan tali.
Ku kaahlian Dorna kasebut, para pangeran Pandawa jeung Kurawa pohara hookeun, Dorna ngucapkeun jampé Wéda sakali deui sarta némbakkeun péso éta kana jero sumur. Péso éta mebes kana bagian tengah lélépén anu ngambang. Saterusna manéhna metot ka luhur sahingga lélépén éta balik deui. Alatan kataji, para Pandawa jeung para Kurawa mawa Dorna ka dayeuh sarta ngalaporkeun kajadian kasebut ka Bisma, aki maranéhanana.
Alatan kawani Dorna méré conto, Bisma saterusna nawarkeun sangkan Dorna daék jadi guru para pangéran Karajaan Kuru sarta ngawuruka élmu perang ka maranéhanana. Saterusna Dorna ngadegkeun sakola di deukeut dayeuh, di mana para pangéran ti sagala karajaan di sabudeureun nagri bisa datang pikeun diajar. Mahabarata, Buku I: Adiparwa, Sambawaparwa, Bagian CXXXIII.
Milah-milah kasta
Ékalaya nyaéta saurang pangéran ngora ti suku Karajaan Nishada, anu datang néangan Dorna pikeun ngalap élmu. Dorna henteu daék nampa alatan Ékalaya lain ti golongan (kasta) satria. Ékalaya henteu kagét, saterusna asup ka leuweung, sarta manéhna mimiti diajar jeung latihan sorangan, kalayan dibaturan ku patung tina taneuh liket nu nyarupaan Dorna anu disembah ku manéhna. Ékalaya jadi satria kalawan kahebatan anu rongkah, sarimbag jeung Arjuna. Dina hiji poé, aya anjing ngagogog waktu manéhna keur soson-soson ngalakonan latihan, sarta tanpa nempo, sang satria némbakkeun panah tuluy mebes kana sungut anjing kasebut. Para Pandawa lumpat nempo éta anjing sarta héran alatan aya anu sanggup ngalakonan gawé kasebut. Maranéhanana nempo Ékalaya, anu ngaku yén manéhna téh muridna Dorna. Dorna reuwas alatan ngarasa henteu ngabogaan murid kawas Ékalaya. Saterusna Ékalaya ngécéskeun yén saban poé manéhna diajar jeung patung anu nyarupaan Dorna anu dianggap salaku guru. Alatan ngarasa kahébat Arjuna baris aya nu nandingan, Dorna ménta ambéh Ékalaya ngalakukeun daksina ka sang guru minangka tanda yén ajaran geus sampurna. Daksina anu dipénta Dorna nyaéta indung ramo Ékalaya.
Ékalaya ogé megatkeun ramona sorangan sahingga manéhna henteu bisa deui ngagunakeun pakarang panah. Karna anu hayang diajar diatik ku Dorna ogé ditampik kalayan alesan yén Karna asalna lain ti kasta satria. Alatan ngarasa dihina, Karna diajar ka Parasurama kalayan nyamur jadi brahmana.
Balesan ka Drupada
Waktu para Kurawa sarta Pandawa namatkeun atikanana, Dorna ngajurung maranéhanana supaya nyerek Raja Drupada anu maréntah Karajaan Pancala dina kaayaan hirup-hirup. Duryodana, Dursasana, Wikarna, sarta Yuyutsu mawa soldadu Astinapura pikeun ngagempur Karajaan Pancala, samentara Pandawa indit ka Karajaan Pancala tanpa angkatan perang. Arjuna nyerek Drupada sarta ngabawa manéhna ka hareupeun Dorna.
Dorna nyokot satengah wengkon kakawasaan Drupada, sarta satengahna deui dipulangkeun ka Drupada. Bari jeung pinuh ke dendam, Drupada ngalaksanakeun upacara pikeun ménta saurang anak lalaki anu baris maéhan Dorna sarta saurang anak awéwé nu baris lakirabi jeung Arjuna. Kahayang Drupada dikabulkeun ku lahirna Dréstajumena, anu hasil maéhan Dorna dina Baratayuda, sarta Drupadi, anu ngadahup ka Arjuna sarta para Pandawa.
Perang di Kurusétra
Waktu perang di Kurusétra lumangsung, Dorna jadi sénapati pasukan Kurawa. Manéhna ngarancanakeun cara anu curang pikeun maéhan Abimanyu dina perang poé katilu belas.
Pati Drona
Saméméh perang, Bagawan Dorna kungsi nyarita, "Hal anu bisa ngajadikeun kuring leuleus sarta moal daék ngangkat pakarang nyaéta lamun ngadéngé hiji béja musibah ti hiji jalma anu jujur". Dumasar kana pituduh kasebut, Kresna maréntahkeun Bima pikeun maéhan gajah nu ngaranna Aswatama, ngaran anu sarua jeung ngaran anakna Bagawan Dorna. Bima hasil maéhan gajah kasebut sarta terus ceuceuleuweungan satarikna yén Aswatama mati. Dorna kagét sarta ménta kapastian Yudistira anu kawéntar jujur. Yudistira ngomong, "Aswatama mati". Sabenerna mah Yudistira henteu bohong alatan manéhna ngomong ka Dorna yén Aswatama mati, teuing éta gajah atawa manusa (dina kateranganana manéhna ngomong, "naro va, kunjaro va" — "teuing gajah atawa manusa"). Gajah nu ngaranna Aswatama éta sorangan ngahaja dipaéhan ku Pendawa ambéh Yudistira bisa ngomong hal éta ka Dorna sahingga Dorna kaleungitan sumanget hirup sarta Kurawa bisa diéléhkeun dina perang Baratayuda.
Drona dina pewayangan Sunda jeung Jawa
Riwayat hirup Drona dina pawayangan Sunda jeung Jawa ngabogaan sawatara béda jeung carita aslina dina buku Mahabarata anu asalna ti India, nyaéta India.. Sawatara béda kasebut ngawengku ngaran inohong, patempatan, sarta kajadian. Tapi béda kasebut henteu jauh teuing lantaran inti caritana mah sarua.
Kapribadian
Resi Dorna miboga watek adigung, songong, bengis, sarta réa ngomong tapi kaparigelan, kecerdas, kapinteran sarta kasakténna luar baisa sarta pohara mahér dina élmu perang. Alatan kasaktén sarta kamahérna dina olah jurit, Dorna dipercaya jadi guru para Pandawa sarta Kurawa. Manéhna miboga pusaka sakti nu wujudna keris nu ngaranna Keris Cundamanik sarta panah Sangkali (dibikeun ka Arjuna).
Riwayat
Bagawan Dorna, nu waktu ngorana boga ngaran Bambang Kombayana, téh nyaéta anakna Resi Baratmadya ti Hargajembangan jeung Déwi Kumbini. Manéhna miboga dulur nu ngaranna Arya Kumbayaka sarta Déwi Kumbayani. Dorna jadi guruna para Kurawa jeung Pandawa. Murid kameumeutna nyaéta Arjuna. Resi Dorna ngadahup ka Déwi Krépi, putri Prabu Purungaji, raja nagara Tempuru, sarta meunang turunan anak lalaki nu dingaranan Bambang Aswatama. Manéhna hasil ngadegkeun padépokan Sokalima sanggeus junun ngarebut ampir satengah wewengkon nagara Pancala tina kakawasaan Prabu Drupada. Dina lalampahanana néangan Sucitra, manéhna henteu bisa meuntas walungan sarta ditulungan ku hiji kuda ngapung pawujudan Déwi Wilutama, anu disupata ku déwa. Supata éta baris lekasan lamun aya saurang satria mitresna manéhna kalayan ihlas. Alatan pitulungna, mangka sang Kombayana mitresna kuda bikang éta. Tapi alatan kabawa napsu, Kombayana sapatemon jeung kuda Wilutama nepi ka reuneuh, sarta jaga ngalahirkeun anak nu kasép tapi miboga suku kawas kuda (maké sapatu kuda), anu saterusna dibéré ngaran Aswatama.
Sanggeus papanggih jeung Sucitra anu geus jadi raja sarta boga gelar Prabu Drupada, manéhna henteu diaku salaku baraya sepaguron. Kombayana ambek ngarasa dihina, saterusna balik ngécé ka Raja Drupada. Tapi Mahapatih Gandamanah (Patih di Astinapura, waktu pamaréntahan Pandu) jadi amarah sahingga lumangsung peperangan anu henteu saimbang. Sanajan Kombayana pohara sakti tétéla kasakénna jauh kénéh di sahandapeun Gandamanah anu ngabogaan Aji Bandung Bandawasa (ajian ieu diturunkeun ka murid kadeudeuhna, Raden Brataséna) anu ngabogaan kakuatan satanding jeung sarébu gajah. Kombayana jadi bulan-bulanan sahingga awakna ruksak. Tapi manéhna henteu mati sarta ditulungan ku Sangkuni anu nasibna sarua (baca sempalan Mahabarata anu dijudulan Gandamana Luweng). Ahirna manéhna ditarima di Astinapura sarta dipercaya ngatik barudak turunan Barata (Pandawa sarta Kurawa).
Dorna dina Baratayuda
Dina perang Baratayuda, Resi Dorna diangkat jadi Sénapati Agung Kurawa, sanggeus gugurna Bisma. Manéhna pohara mahér dina siasat perang sarta sok bener dina nangtukeun formasi perang. Resi Dorna gugur di m pas dan perang ku sabetan pedang Dréstajumena, putera Prabu Drupada, anu megatkeun sirahna. Cenah pati Resi Dorna kajadian alatan dendam Prabu Ekalaya, raja nagara Parangggelung anu nitis kana awak Dréstajumena. Tapi sabenerna kajadian éta dilantarankeun ku taktik perang anu dilancarkeun ku pihak Pandawa kalawan tipu muslihat alatan karipuh nyanghareupan kasaktén sarta kedigjayaan sang Resi.
Dréstajumena
Dréstajumena (Sansakerta: dhrishtadyumna) nyaéta salah saurang inohong dina wiracarita Mahabarata. Manéhna téh lanceukna Drupadi jeung Srikandi, turunan Raja Drupada anu asalna ti Karajaan Pancala. Manéhna aya di pihak Pandawa waktu perang di Kurusétra. Manéhna anu maéhan Resi Dorna. Waktu Sang Resi tungkul leuleus sarta kaleungitan daya kekuatanana alatan béja bohong ngeunaan perlayana Aswatama (anakna), Dréstajumena maju sarta nunggel beuheung ku pedangna.
Harti ngaran
Dina basa Sansakerta, ngaran Dhristadyumna sacara harfiah boga harti "diagung-agung alatan wawanénna".
Kalahiran
Waktu Dorna hasil ngarebut satengah Karajaan Pancala ti leungeun Drupada, kangéwa Dorna ka Drupada lenyap, tapi sabalikna Drupada jadi ngéwa pisan ka Dorna pikeun salawasna sarta boga kahayang pikeun ngabales dendam. Manéhna nyaho yén Dorna hésé diéléhkeun sabab Dorna mangrupa murid Bargawa sarta ngabogaan pakarang ampuh. Tungtungna Drupada mutuskeun pikeun ngalaksanakeun upacara yadnya anu disebut Putrakama sangkan boga anak lalaki anu bisa maéhan Dorna. Kalayan dibantuan ku para resi, upacara kasebut kalaksanakeun kalayan lancat. Tina seuneu upacara, mecenghul saurang nonoman gagah, pepek jeung baju beusi sarta pakarang. Nonoman kasebut dibéré ngaran Dréstajumena.
Pati
Sanggeus perang rongkah di Kurusétra lekasan, anak Resi Dorna, nyaéta Aswatama, babarengan jeung Krépa sarta Kertawarma, ngalakonan bales dendam sarta hasil ngabinasakeun ampir kabéh putera-puteri, incu, sarta baraya Pandawa, kaasup anu jadi korban nyaéta Dréstajumena sorangan, Srikandi, sarta Pancawala. Laku kasebut dipigawé dina waktu peuting, sabot prajurit Pandawa keur saré tibra. Carita kasebut aya dina buku Sauptikaparwa.
Dréstajumena dina pawayangan Sunda jeung Jawa
Dina pawayangan Sunda jeung Jawa, Arya Dréstajumena atawa Trustajumena nyaéta anak bungsu Prabu Drupada, raja nagara Pancala ti permaisuri Déwi Gandawati, putri Prabu Gandabayu jeung Déwi Gandini. Manéhna miboga lanceuk kandung dua urang nu ngaranna Déwi Drupadi (pamajikan Prabu Yudistira) jeung Déwi Srikandi (pamajikan Arjuna). Cenah Arya Dréstajumena lahir tina seuneu menyan hasil pamujaan Prabu Drupada ka Déwata anu hayangeun ngabogaan anak lalaki anu bisa ngabinasakeun Resi Dorna anu geus ngéléhkeun sarta ngahina manéhna. Dréstajumena boga rupa nu kasép, ngabogaan sipat wanian, cerdas, tangkas sarta tanginas. Manéhna ngadahup ka Déwi Suwarni, putri Prabu Hiranyawarma, raja nagara Dasarna. Tina lakirabi jeung Déwi Suwarni, manéhna boga dua urang anak lalaki nu dingaranan Dréstaka jeung Dréstara. Dréstajumena milu turun dina médan perang Baratayuda. Manéhna tampil salaku sénapati perang Pandawa, nyanghareupan sénapati perang Kurawa, nyaéta Resi Dorna. Dina waktu éta lelembutan Ékalaya, raja nagara Parangggelung anu hayang ngabales dendam ka Dorna nyalusup kana diri Dréstajumena. Sanggeus ngaliwatan perang campuh, ahirna Resi Dorna bisa dibinasakan ku Dréstajumena ku cara nigas beuheungna. Dréstajumena tiwas sanggeus perang Baratayuda lekasan. Manéhna tiwas ku Aswatama, anakna Dorna, anu hasil nyalusup asup ka karaton Astina dina upayana nungtut bales tiwasna bapana.
Srikandi
Srikandi (Sansakerta: Śikhaṇḍī) nyaéta salah saurang anak Raja Drupada jeung Déwi Gandawati ti Karajaan Pancala anu mecenghul dina wiracarita Mahabarata. Manéhna mangrupa panitisan Déwi Amba anu tiwas alatan panah Bisma. Dina buku Mahabarata manéhna dicaritakeun lahir sabagé wanoja, tapi diasuh jiga lalaki, atawa kadangkala boga bagapurusa netral (waria). Dina vérsi pawayangan Sunda jeung Jawa lumangsung hal anu ampir sarua, tapi dina pawayangan Sunda jeung Jawa mah dicaritakeun yén manéhna lakirabi jeung Arjuna sarta hal ieu mangrupa béda anu pohara jauh lamun dibandingkeun jeung carita Mahabarata vérsi India.
Harti ngaran
Dina basa Sansakerta, Srikandi diejah Śikhaṇḍin, wangun feminimnya nyaéta Śikhaṇḍinī. Sacara harfiah, kecap Śikhandin atawa Śikhandini hartina "ngabogaan rarawis" atawa "anu ngabogaan jambul".
Srikandi dina Mahabarata
Dina kahirupan saméméhna, Srikandi lahir sabagé wanoja nu ngaranna Amba, anu ditampik ku Bisma pikeun lakirabi. Alatan ngarasa kahina sarta hayang ngabales dendam, Amba ngadoa sangkan jadi cukang lantaran patina Bisma. Kahayangna katedunan mangsa Amba nitis ka Srikandi. Dina waktu lahir, bapana ngasuh Srikandi jiga ka budak lalaki. Mangkana Srikandi hirup kawas lalaki, diajar élmu perang sarta satuluyna ngawin wanoja. Dina peuting munggaran lakirabi, pamajikanana ngahina dirina sanggeus nyaho hal anu sabenerna. Sanggeus mikiran cara maéhan manéh, Srikandi kabur ti Pancala, tapi disalametkeun ku saurang Yaksa anu satuluyna nukurkeun bagapurusana ka Srikandi. Srikandi balik sabagé lalaki sarta hirup bagja babarengan jeung pamajikanana sarta ngabogaan anak. Sanggeus pupus, bagapurusana dipulangkeun deui ka Yaksa.
Perang di Kurusétra
Waktu perang di Kurusétra, Bisma sadar yén Srikandi nyaéta titisan Amba, sarta alatan manéhna henteu hayang narajang "saurang wanoja", manéhna ngaragragkeun pakarangna. Nyaho yén Bisma baris laku kitu ka Srikandi, Arjuna nyumput di tukangeun Srikandi sarta narajang Bisma ku panahna. Mangka ti éta, ngan ku bantuan Srikandi, Arjuna bisa ngelehkeun Bisma. Ahirna Srikandi ditelasan pati ku Aswatama dina poé ke-18 Baratayuda.
Srikandi dina Pawayangan Sunda jeung Jawa
Srikandi lahir alatan kahayang kadua kolotna, nyaéta Prabu Drupada jeung Déwi Gandawati, hayangeun boga anak nu lahir kalawan normal. Dua lanceukna, Déwi Drupadi sarta Dréstajumena, dilahirkan ngaliwatan pamujaan. Drupadi dilahirkan tina seuneu pamujaan, samentara haseup seuneu éta ngajanggélék jadi Dréstajumena. Déwi Srikandi pohara resep kana olah kaprajuritan sarta mahér dina ngagunakeun pakarang panah. Kapinterna kasebut dipibandana sabot manéhna guguru ka Arjuna, anu satuluyna jadi salakina. Dina lakirabi kasebut manéhna henteu boga anak. Déwi Srikandi jadi conto pikeun prajurit wanoja. Manéhna jadi pananggung jawab kasalametan sarta kaamanan kasatrian Madukara jeung sagala eusina. Dina perang Baratayuda, Déwi Srikandi maju jadi sénapati perang Pandawa ngagantikeun Resi Séta, satria Wirata anu geus gugur dina nyanghareupan Bisma, sénapati agung balatentara Kurawa. Kalayan ngagunakeun panah, Déwi Srikandi bisa niwaskeun Bisma, luyu jeung supata Déwi Amba, puteri Prabu Darmahambara, raja nagara Giyantipura, anu teu kahaja tiwas ku Bisma. Dina ahir riwayatna, Déwi Srikandi dicaritakeun tiwas ditelasan pati ku Aswatama anu nyulusup ka keraton Astinapura sanggeus lekasanana perang Baratayuda.
Ékalaya
Ékalaya (Basa Sansakerta: ékalavya), nyaéta saurang pangéran ti kaum Nisada. Kaum ieu téh kaum anu panghandapna dina undakan kasta Hindu nyaéta kaum nu sok moro sato, tapi Ékalaya ngabogaan pangabisa anu sarimbag jeung Arjuna dina élmu manah. Boga tékad hayang jadi pamanah pangalusna di dunya, manéhna indit ka Astina kalayan maksud hayang guguru ka Bagawan Drona. Tapi hanjakal Bagawan Drona nampik pamaksudan Ékalaya kasebut.
Harti ngaran
Dina basa Sansakerta, kecap Ékalaya sacara harfiah hartina "manéhna anu museurkeun pikiranana kana hiji élmu atawa "mata ajar". Luyu jeung harti ngaranna, Ékalaya nyaéta saurang satria anu museurkeun perhatiannana kana élmu manah.
Tampikan Guru Drona
Kahayangna anu kuat pikeun nimba élmu manah leuwih jero, nungtun Ékalaya datang ka Astina pikeun guguru langsung ka Drona. Tapi niatna ditampik lantaran Drona sieun bakal aya nu nandingan Arjuna sabab jangji manéhna hayang ngajadikeun Arjuna hiji-hijina satria pamanah pangpunjulna di jagat raya. Hal ieu ngagambarkeun sisi négatif ti Drona, nyaéta pilih kasih ka murid-muridna, di mana Drona pohara mikadeudeuh Arjuna ngaleuwihan murid-murid anu séjénna.
Diajar dibaturan ku bayangan patung Drona
Tampikan sang guru henteu ngahalangan niat Ékalaya pikeun neuleuman élmu kaprajuritan, manéhna satuluyna asup ka leuweung sarta nyieun patung Drona tuluy diajar sorangan bari muja jeung ngahormat éta patung minangka saurang murid anu keur nimba élmu ka sang guru. Berkah kakeyeng dina latihan, Ékalaya jadi saurang prajurit anu gagah kalayan kamampuh anu rongkah dina élmu manah, anu sajajar malah leuwih pinter batan Arjuna, murid kadeudeuh Drona.
Hiji poé, ditengah leuweung waktu manéhna keur latihan sorangan, manéhna ngadéngé sora anjing babaung, tanpa nempo heula, Ékalaya nyabut panah sarta mentangkeun gondewah anu ngabelesatkeun panah pas ngeunaan sungut anjing kasebut.
Waktu anjing kapanggih ku para Pandawa, maranéhanana tatanya saha jelema anu sanggup ngalakonan ieu kabéh salian ti Arjuna. Satuluyna maranéhanana nempo Ékalaya, anu ngawanohkeun dirina minangka murid ti Guru Drona.
Pangorbanan saurang murid
Ngadéngé pangakuan Ékalaya, timbul kaguligah dina haté Arjuna, yén manéhna henteu deui jadi saurang prajurit pangalusna, atawa satria utama. Rasa guligah Arjuna bisa kabaca ku Drona, anu ogé inget kana jangjina ka Arjuna yén ngan Arjuna hungkul murid anu pangalusna diantara kabéh muridna. Saterusna Drona babarengan Arjuna ngadatangan Ékalaya. Ékalaya kalayan tapis nyembah ka sang guru. Tapi manéhna malah meunang amarah ti Drona, dianggap murid nu teu boga moral, ngaku-ngaku murid Drona sanajan baheula geus kungsi ditampik pikeun diangkat jadi murid.
Dina kasempetan éta ogé Drona ménta Ékalaya pikeun ngalakonan Dakshina, paménta guru ka muridna minangka tanda bakti saurang murid anu geus ngabéréskeun atikan. Drona ménta sangkan Ékalaya motong indung leungeunna, anu tanpa ragu dipigawé ku Ékalaya sarta masrahkeun indung ramo katuhuna ka Drona, sanajan manéhna nyaho yén alatan ti babakti kasebut, manéhna baris kaleungitan pangabisa dina élmu manah. Ékalaya ngahormat sang guru sarta némbongkeun "Guru-bhakti". Tapi henteu setimpal jeung naon anu dibeunangkeun anu ahirna kaleungitan pangabisa anu diteuleuman ti "Sang Guru". Drona leuwih mentingkeun dirina sarta égo pikeun ngajadikeun Arjuna salaku prajurit utama anu pangalusna.
Pati sang prajurit
Pati Ékalaya dicaritakeun dina Srimad Bhagawatam. Ékalaya turun jurit pikeun Raja Jarasanda dina peperangan ngalawan Sri Kresna jeung Baladéwa, sarta perlaya dina perang kasebut ku pasukan Yadawa.
Ékalaya dina vérsi pewayangan Sunda jeung Jawa
Dina pawayangan Sunda jeung Jawa, Ékalaya téh nyaéta Raja nagara Paranggelung. Ékalaya miboga pamajikan anu geulis kawanti-wanti sarta pohara satia nu ngaranna Dewi Anggraéni, puteri hapsari (bidadari) Warsiki. Ékalaya saurang raja satria, anu sok neuleuman olah kaprajuritan sarta ngaleukeunan élmu perang. Manéhna pohara sakti sarta pohara mahér ngagunakeun pakarang panah. Manéhna ogé miboga lélépén pusaka ngaranna Mustika Ampal anu ngahiji jeung indung ramo leungeun katuhuna. Ékalaya miboga watek jujur, satia, leukeun sarta tabah, jeung pohara mitresna pamajikanana.
Ékalaya nyaéta hiji jalma anu keyeng dina nungtut élmu. Hiji waktu sabot Prabu Ékalaya meunangkeun harewos goib pikeun neuleuman élmu atawa ajian Danurwénda anu pareng ngan dipiboga ku Resi Drona. Sedengkeun Sang Resi geus jangji moal ngajarkeun élmu kasebut ka batur kajaba ka para Pandawa jeung Kurawa waé. Ku kakeyengna, Prabu Ékalaya diajar sorangan ku cara nyieun patung Sang Resi sarta diajar kalawan soson-soson sahingga junun ngawasa ajian kasebut. Geureuha Prabu Ékalaya geulis kawanti-wanti, ku kituna Arjuna kapati-pati boga hasrat ka ieu putri, Dewi Anggraéni ngadukeun hal kasebut ka salakina sahingga muncul papaséaan antara Ékalaya jeung Arjuna. Prabu Ékalaya ngabéla hakna, maju tarung jeung Arjuna anu ngabalukarkeun Arjuna perlaya. Ngan Arjuna dihirupkeun deui ku Prabu Kresna
Dina papaséaan jeung Arjuna, Ékalaya kapacikeuh pikeun ngarélakeun indung ramo leungeun katuhuna dipotong ku 'patung' resi Drona, anu ngabalukarkeun ajalna alatan lélépén Mustika Ampal leupas tian awakna. Sajeroning sakarat, Ékalaya ngaluarkeun supata baris ngabales patina ka resi Drona. Dina perang Baratayuda, supata Ékalaya jadi kanyataan. Arwahna ngahiji jeung awak Aria Dréstajumena, satria Panchala, anu nunggel janggal megatkeun sirah Resi Drona nepi ka ajalna.
Kresna
Kresna atawa Krisna (Aksara Dewanagari: diucapkeun krsna nurutkeun IAST; dilafalkan 'kresna dina basa Sansakerta) nyaéta salah sahiji inohong dina mahabarata kaasup dina baratayuda, perang rongkah antara kulawarga turunan Barata. Nurutkeun wiracarita Mahabarata, Kresna asalna ti Karajaan Suraséna, tapi saterusna manéhna ngadegkeun karajaan sorangan anu dibéré ngaran Karajaan Dwaraka. Kresna dipikawanoh salaku raja anu wijaksana, sakti, sarta wibawa.
Asal usul ngaran "Kresna"
Dina basa Sansakerta, kecap Kresna hartina "hideung" atawa "poék", sarta kecap ieu umum dipaké pikeun ngagambarkeun jalma nu boga kulit warna hideung. Dina buku Brahma Samita diwincik yén Kresna ngabogaan warna kulit hideung semu biru langit.
Kahirupan Kresna
Ringkesan kahirupan Kresna di handap ieu dicokot tina buku Mahabarata, Hariwangsa, Bagawatapurana, sarta Wisnupurana. Patempatan di mana Kresna dicaritakan nyaéta di India Kalér, anu kiwari jadi wewengkon nagara bagian Uttar Pradesh, Bihar, Haryana, Delhi, sarta Gujarat.
Kalahiran
Kapercayaan tradisional anu dumasar kana data-data dina karya sastra jeung itungan astronomi nyebutkeun yén Kresna lahir dina tanggal 19 Juli taun 3228 saacan Masehi. Kresna lahir ti kulawarga bangsawan di Madura, sarta mangrupa anak kadalapan nu lahir ti puteri Déwaki jeung salakina, Basudéwa. Madura nyaéta ibukota ti bangsa anu ngabogaan hubungan deukeut jeung bangsa-bangsa Weresni, Andaka, sarta Boja. Maranéhanana biasana dipikawanoh sabagé bangsa Yadawa alatan karuhunna téh nyaéta Yadu, Bangsa Yadawa ogé sakapeung dipikawanoh sabagé bangsa Suraséna. Basudéwa jeung Déwaki kaasup kana bangsa kasebut. Raja Kamsa, lanceuk Déwaki, narima tahta sanggeus ngajebloskeun bapana sorangan, nyaéta Raja Ugraséna, ka pangbérokan. Alatan sieun ku torahan (ramalan) anu nyebutkeun yén manéhna baris palastra ku leungeun salah sahiji anak Déwaki, mangka Kamsa ngajebloskeun pasangan kasebut ka pangbérokan. Kamsa ogé boga rancana baris maéhan kabéh turunan Déwaki anu karék lahir.
Sanggeus genep anakna ditelasan ku Kamsa, Déwaki ngalahirkeun Baladéwa jeung Kresna. Alatan hirupna kaancam bahaya mangka Baladéwa (nu boga landihan Balarama) disumputkeun dipiara ku Rohini, pamajikan Basudéwa nu kahiji) sedengkeun Kresna disumputkeun kaluar karaton sarta dirawat ku kolot kukutna nu ngaranna Yasoda jeung Nanda di Gokula, Mahavana. Kresna boga adi awéwé sabapa nyaéta Subadra nu lahir tina beutueng Rohini.
Mangsa budak jeung rumaja
Nanda (indung kukut Kresna) mangrupa pamingpin dina komunitas para pangangon sapi di Vrindavana. Kresna hirup dina ieu komunitas. Kresna sok ulin babarengan jeung para gopi (pangangon awéwé) di ieu désa, kaasup jeung Rada. Kamsa, anu nyaho yén Kresna geus kabur, tuluy ngirimkeun raksasa (kawas Agasura) pikeun ngabinasakeun Kresna. Sang raksasa éléh ku leungeun Kresna jeung Baladéwa.
Kresna Sang Pangéran
Kresna ngora balik ka Madura, sarta ngagulingkan kakawasaan jeung sakaligus maéhan uwana Kamsa. Kresna ngabalikkeun tahta Raja para Yadawa ka, Ugraséna. Kresna sorangan jadi pangéran di karajaan kasebut. Nya dina mangsa ieu pisan manéhna sosobatan jeung Arjuna katut para pangéran Pandawa séjénna ti Karajaan Kuru, anu mangrupa baraya misanana. Karajaan Madura jeung Karajaan Kuru dipisahkeun ku walungan Yamuna. Saterusna, Kresna mindahkeun padumukan para Yadawa ka dayeuh Dwaraka (kiwari disebut Gujarat). Kresna ngadahup ka Rukmini, puterina Bismaka ti Karajaan Widarba. Nurutkeun sawatara karya sastra, Kresna ngabogaan 16.108 urang istri, dalapan urang di antarana mangrupa pamajikan nu dipikawanoh, kaasup di antarana Rada, Rukmini, Satyabama, jeung Jambawati. Saméméhna, 16.000 pamajikan Kresna téh urut tawanan Narakasura anu dibébaskeun ku Kresna sanggeus maéhan Narakasura. Nurutkeun talari harita, sakumna wanoja tawanan henteu meunang kawin lamun masih dina kakawasaan Narakasura. Tapi Kresna ngabagéakeun maranéhanana salaku puteri bangsawan di karajaanana.
Kulawarga
Prabu Basudéwa, bapana Kresna, ngarupakeun lanceuk Kunti, istrina Pandu anu ngarupakeun indung para Pandawa. Ku sabab kitu, Kresna ngarupakeun dulur misan para Pandawa. Dulur misan Kresna anu séjénna nyaéta Sisupala, anakna Srutadéwa nu boga landihan Srutasrawas, adina Basudéwa. Sisupala ngarupakeun musuh kabuyutanna Kresna anu saterusna ditelasan ku manéhna dina waktu upacara agung nu diayakeun ku Yudistira.
Baratayuda sarta Bagawad Gita
Kresna mangrupa dulur misan ti kadua beulah pihak nu perang dina baratayuda, Pandawa jeung Kurawa. Kresna nawarkeun bantuan ka maranéhanana pikeun milih pasukanana atawa dirina. Para Kurawa milih pasukanana sedengkeun para Pandawa milih dirina. Dina mangsa perang kasebut Kresna jadi kusir karéta Arjuna. Saméméh perang dimimitian, Kresna méré piwejang ka Arjuna sangkan ulah hamham dina nyanghareupan baratayuda. Piwejang kasebut disebut Bagawadgita
Kahirupan sanggeus réngséna baratayuda
Sanggeus baratayuda di Kurusétra, Kresna ngadumuk di Dwaraka salila 36 taun. Saterusna dina hiji parayaan, lumansung perang di antara para satria bangsa Yadawa, maranéhanana silih musnahkeun. Sanggeus Baladéwa maot, Kresna eureun jadi raja, saterusna indit ka leuweung sarta diuk di handapeun hiji tangkal pikeun ngalakonan tatapa (yoga). Harita aya saurang pamoro sato nu kaliru, nempo bagian suku Kresna jiga kidang, anu saterusna mentangkeun panah kana suku Kresna nu ngabalukarkeun Kresna babar karahayuan. Nurutkeun buku Mahabarata, ajalna Kresna disababkeun ku supata Gandari. Kaambek Gandari sanggeus nyaksian kabéh anakna perlaya ngabalukarkeunana manéhna ngedalkeun supata alatan Kresna henteu sanggup ngeureunkeun peperangan. Sanggeus ngadéngé supata kasebut, Kresna mésem sarta nampa éta kabéh, sarta ngécéskeun yén kawajibanana téh nyaéta jurit di pihak anu bener, lain nyingkahan peperangan.
Dumasar buku Bagawatapurana jeung Bagawad Gita, ditapsirkeun yén Kresna mangkat kira-kira dina taun 3100 saacan Masehi.A collection of essays Ieu dumasar kana déskripsi yén Kresna ninggalkeun Dwaraka 36 taun sanggeus lumangsungna peperangan di kulawarga Mahabarata. Buku Matsyapurana nyebutkeun yén waktu perang lumangsung umur Kresna téh 89 taun.
Kresna dina pewayangan Sunda jeung Jawa
Dina pewayangan Sunda jeung Jawa, Prabu Kresna ngarupakeun Raja Dwarawati, karajaan para turunan bangsa Yadawa. Kresna nyaéta anak Basudéwa, Raja Madura. Manéhna (nu boga ngaran ”Narayana” keur budak) dilahirkan sabagé anak kadua diantara tilu sadulur. Lanceukna dipikawanoh sabagé Baladéwa (boga landihan Kakrasana) sarta adina dipikawanoh sabagé Subadra, anu taya lian nyaéta istrina Arjuna. Kresna ngabogaan tilu urang istri jeung tilu urang anak. Para istrina téh nyaéta Déwi Jembawati, Déwi Rukmini, jeung Déwi Satyabama. Anak-anakna nyaéta Radén Boma Narakasura, Radén Samba, jeung Siti Sundari.
Dina perang Baratayuda, Kresna jadi kusir Arjuna. Manéhna ogé mangrupa salah sahiji panasehat utama Pandawa. Saméméh perang Arjuna ngalawan Karna, Kresna méré piwejang nu panjang lébar ka Arjuna supaya ulah mangmang dina nyanghareupan baratayuda. Piwejang Kresna téh dipikawanoh sabagé Bagawadgita.
Kresna dipikawanoh salaku manusa nu pohara sakti. Manéhna ngabogaan pangabisa pikeun norah (ngaramal), ngarobah bentuk warugana jadi raksasa, sarta ngabogaan kembang Wijaya Kusuma anu bisa ngahirupkeun deui jelema anu ajal. Pusaka-pusaka saktina, diantarana Pakarang Cakra, Kembang Wijayakusuma, terompet hurang (Sangkala) Pancajahnya, Kaca Paesan, Aji Pamling sarta Aji Kawarastawan. Pakarang anu dingaranan Cakra dicaritakeun bisa dipaké pikeun ngancurkeun dunya.
Sanggeus maotna Baladéwa (Resi Balarama), sarta musnahna sakabéh Wangsa Weresni jeung Yadawa, Prabu Kresna tatapa (yoga) di leuweung. Manéhna maot dina kaayaan tatapa ku perantaraan panah saurang pamoro (nu ngaranna Jara) anu ngeunaan sukuna.
Semar
Semar atawa lengkepna Semar Badranaya, salasaurang tokoh dina carita Mahabarata, nyaéta salasaurang badéga nu ngawulaan para Pandawa. Semar sok ogé disebut Lurah Semar Kudapawana.
Carita
Nurutkeun caritana, Semar tadina boga dedeg pangadeg kasép ngalémpéréng konéng, terah déwa anu sakti pilitanding, ngaranna Batara Ismaya atawa Sang Hyang Munget, putra Sang Hyang Wenang, nu hirup di Kalampit Sireng, Kahyangan.
Diusir ti Kahyangan
Dina hiji waktu, Semar kabita ku jimat Jamus Layang Kalimusada nu dipimilik ku adina, Sang Hyang Rancasan. Bakat ku kabongroy ku éta pusaka, manéhna jeung adina nu hiji deui, Sang Hyang Antaga, ngahurup Sang Hyang Rancasan nepi ka tiwasna. Malah bugangna didalahar ku duaan, sedengkeun pusakana leungit taya tapakna. Sanggeus kitu, Semar jeung adina ngadadak saralin jinis, robah jadi dedegan jalma nu pikahinaeun. Maranéhna dialusir ku ramana, Sang Hyang Wenang, dibuang ka Marcapada: Sang Hyang Ismaya jadi Semar, sedengkeun Sang Hyang Antaga jadi Togog.
Kumawula ka Pandawa
Semar kacida ngarasa kaduhung ku hiji ku dua, tina gagah gandang sampulur, dedeganana robah jadi goréng patut: beuteung bucitreuk, beungeut pias, pakulitan hideung, sirah kukuncungan, jadi hina diusir ti Kahyangan. Tapi najan kitu, manéhna sadar sahingga bisa nampa kalawan sadrah ka Pangéran, rumasa tina kasalahanana sorangan. Pikeun nebus kasalahanana, Semar kumawula ka manusa turunan Batara Wisnu Saka nu sarakti atawa ka nu ngagem jimat Jamus Layang Kalimusada, kajeung diri lara balangsak. Pikeun tamba keueung, Semar nyiptakeun tilu putra: Astrajingga/Cépot, Udel/Dawala, jeung Garéng. Tilu putrana éta ogé mibanda rupa nu teu parayus, tapi saparipolahna: pikalucueun.
Ki Semar migarwa Déwi Sutiragén, putra raja Sekar Rumumbé, nu salawasna satia satuhu ka anjeunna.
Kurawa
Kurawa (basa Sansekerta: kaurava) nyaéta kumpulan antagonis dina wiracarita Mahabarata. Ngaran Kurawa sacara umum hartina "turunan Kuru". Kuru nyaéta ngaran Maharaja anu mangrupa turunan Bharata, sarta nurunkeun inohong-inohong dina wiracarita Mahabarata. Kurawa ngarupakeun satru kabuyutan para Pandawa. Jumlah maranéhanana nyaéta saratus. Maranéhanana anak prabu Dréstarastra anu lolong ti permaisurina, Dewi Gandari.
Harti
Istilah Kurawa anu dipaké dina Mahabarata ngabogaan dua harti:
• Harti jembar: Kurawa ngarujuk ka sakumna turunan Kuru. Dina harti ieu, Pandawa ogé kaasup Kurawa, sarta kadangkala disebut kitu dina Mahabarata.
• Harti heureut: Kurawa ngarujuk kana garis turunan Kuru anu leuwih kolot. Istilah ieu ngan kawates pikeun anakna Dréstarastra, sabab manéhna mangrupa turunan anu pangkolotna dina garis turunan Kuru. Istilah ieu henteu ngawengku anak Pandu, anu ngadegkeun garis turunan anyar, nyaéta para Pandawa.
Riwayat singket
Dina Mahabarata diceritakan yén Gandari, pamajikan Dréstarastra, hayang boga saratus anak. Saterusna Gandari ménta ka Abiyasa, saurang patapa sakti, sarta ditedunan. Gandari jadi ngandeg, tapi sanggeus lila ngandung, anakna teu lahir waé. Manéhna jadi timburu ka Kunti anu geus méré Pandu tilu urang anak. Gandari keuheul, tuluy neunggeulan kandunganana. Sanggeus ngaliwatan mangsa ngajuru, anu lahir tina pianakanana ngan saukur sagumpal daging. Abiyasa saterusna nyiksikan daging kasebut jadi saratus bagian sarta ngasupkeunana kana 100 gentong, anu saterusna dipelak dina taneuh salila sataun. Sanggeus sataun, gentong-gentong kasebut dibuka deui sarta tina tiap gentong, muncul orok lalaki. Anu pangheulana mecenghul nyaéta Duryodana, dipirig ku Dursasana, sarta barayana anu séjén.
Sakumna anak Dréstarastra tumuwuh jadi lalaki anu garagah. Maranéhanana ngabogaan baraya nu ngaranna Pandawa, nyaéta kalima anak Pandu. Sanajan maranéhanana duduluran, Duryodana anu mangrupa baraya pangkolotna para Kurawa, sok ngarasa timburu ka Pandawa, utamana ka Yudistira anu rék dicalonkan jadi raja di Astinapura. Akibatna muncul pacogrégan anu puncakna jadi hiji perang rongkah di Kurusetra.
Sanggeus perang rongkah nu lumangsung salila dalapan belas poé, saratus anak Dréstarastra gugur, kaasup incu-incuna, kajaba Yuyutsu, anak Dréstarastra anu lahir ti saurang dayang. Anu pamungkas gugur dina perang kasebut nyaéta Duryodana, baraya pangkolotna para Kurawa. Saméméhna, adina anu ngaranna Dursasana gugur ku leungeun Bima. Yuyutsu nyaéta hiji-hijina anak Drétarastra anu salamet dina perang di Kurusetra alatan ngabiluk para Pandawa sarta manéhna neruskeun garis turunan bapana.
Para Kurawa
Di handap ieu nyaéta daftar ngaran-ngaran saratus Kurawa anu dibédakeun jadi dua vérsi, vérsi India jeung vérsi Indonésia. Dua Kurawa utama nyaéta Suyudana landihan Duryodana jeung Dursasana nu disebut leuwih tiheula dina daftar kasebut. Saterusna anu séjén disebut nurutkeun urutan aksara.
Vérsi India
1. Duryodana (Duryodhana)
2. Dursasana (Dussāsana)
3. Abaya (Abhaya)
4. Adityaketu (Ādithyakethu)
5. Alalupa (Alolupa)
6. Amapramadi (Amapramādhy)
7. Anadrusya (Anādhrushya)
8. Antudara (Anthudara)
9. Anuwinda (Anuvindha)
10. Aparajita (Aparājitha)
11. Ayubahu (Ayobāhu)
12. Bahwasi (Bahwāsy)
13. Bilawardana (Belavardhana)
14. Bimabala (Bhīmabela)
15. Bimawiga (Bhīmavega)
16. Bimawikra (Bhīmavikra)
17. Carucitra (Chāruchithra)
18. Wangwangan (Chithra)
19. Citrabana (Chithrabāna)
20. Citraksa (Chithrāksha)
21. Citrakundala (Chithrakundala)
22. Citrakundhala (Chithrakundhala)
23. Citranga (Chithrāmga)
24. Citrawarma (Chithravarma)
25. Citrayuda (Chithrāyudha)
26. Danurdara (Dhanurdhara)
27. Dirkabahu (Dhīrkhabāhu)
28. Dirkaroma (Dīrkharoma)
29. Dredahasta (Dridhahastha)
30. Dredakarmawu (Dhridhakarmāvu)
31. Dredaksatra (Dridhakshathra)
32. Dredaratasyara (Dhridharathāsraya)
33. Dredasanda (Dridhasandha)
34. Dredawarma (Dridhavarma)
35. Duradara (Durādhara)
36. Durdarsa (Durdharsha)
37. Durmada (Durmada)
38. Durmarsana (Durmarshana)
39. Durmuka (Durmukha)
40. Dursaha (Dussaha)
41. Dursala (Dussala)
42. Durwigaha (Durvigāha)
43. Durwimuca (Durvimocha)
44. Duskarna (Dushkarna)
45. Dusparaja (Dushparāja)
46. Duspradarsa (Dushpradharsha)
47. Jalaganda (Jalagandha)
48. Jarasanda (Jarāsandha)
49. Kancanadwaja (Kānchanadhwaja)
50. Karna (Karna)
51. Kawaci (Kavachy)
52. Kradana (Kradhana)
53. Kundabedi (Kundhabhedy)
54. Kundadara (Kundhādhara)
55. Kundase (Kundhasāi)
56. Kundasi (Kundhāsy)
57. Kundi (Kundhy)
58. Mahabahu (Mahabāhu)
59. Mahodara (Mahodara)
60. Nagadata (Nāgadatha)
61. Nanda (Nanda)
62. Nisamgi (Nishamgy)
63. Pasi (Pāsy)
64. Pramada (Pramadha)
65. Sadasuwaka (Sadāsuvāk)
66. Saha (Saha)
67. Sala (Sala)
68. Sarua (Sarua)
69. Sarasana (Sarāsana)
70. Satwa (Sathwa)
71. Satyasanda (Sathyasandha)
72. Senani (Senāny)
73. Somakirti (Somakīrthy)
74. Subahu (Subāhu)
75. Suhasta (Suhastha)
76. Sujata (Sujātha)
77. Sulocana (Sulochana)
78. Sunaba (Sunābha)
79. Susena (Sushena)
80. Suwarca (Suvarcha)
81. Suwarma (Suvarma)
82. Suwiryaba (Suvīryavā)
83. Ugrase (Ugrasāi)
84. Ugrasena (Ugrasena)
85. Ugrasrawas (Ugrasravas)
86. Ugrayuda (Ugrāyudha)
87. Upacitra (Upachithra)
88. Upananda (Upananda)
89. Urnanaba (Ūrnanābha)
90. Walaki (Vālaky)
91. Watawiga (Vāthavega)
92. Wikarna (Vikarna)
93. Wikatinanda (Vikatinanda)
94. Winda (Vindha)
95. Wirabahu (Vīrabāhu)
96. Wirajasa (Virajass)
97. Wirawi (Virāvy)
98. Wisalaksa (Visālāksha)
99. Wiwitsu (Vivilsu)
100. Wrendaraka (Vrindāraka)
101. Yuyutsu (Yuyulssu) *
102. Dursala (Dussala) *
Vérsi Indonésia
1. Duryodana (Suyudana)
2. Dursasana
3. Abaswa
4. Adityaketu
5. Aloba
6. Anadresya (Hanyadresya)
7. Anudara (Hanudara)
8. Anurada
9. Anuwinda (Anuwenda)
10. Aparajita
11. Aswaketu
12. Bahwasi (Balaki)
13. Balawardana
14. Bagadatta (Bogadenta)
15. Bima
16. Bimabala
17. Bimadewa
18. Bimarata
19. Carucitra
20. Citradarma
21. Citrakala
22. Citraksa
23. Citrakunda
24. Citralaksya
25. Citrangga
26. Citrasanda
27. Citrasraya
28. Citrawarman
29. Darpasanda
30. Dreksetra
31. Dirgaroma
32. Dirghabahu
33. Dirgacitra
34. Dredahasta
35. Dredawarman
36. Dredayuda
37. Dretapara
38. Duhpradarsana
39. Duhsa
40. Duhsah
41. Durbalaki
42. Durbarata
43. Durdarsa
44. Durmada
45. Durmarsana
46. Durmukha
47. Durwimocana
48. Duskarna
49. Dusparajaya
50. Duspramana
51. Hayabahu
52. Jalasanda
53. Jarasanda
54. Jayawikata
55. Kanakadwaja
56. Kanakayu
57. Karna
58. Kawacin
59. Kratana
60. Kundabedi
61. Kundadara
62. Mahabahu
63. Mahacitra
64. Nandaka
65. Pandikunda
66. Prabata
67. Pramati
68. Rodrakarma (Rudrakarman)
69. Sala
70. Sarua
71. Satwa
72. Satyasanda
73. Senani
74. Sokarti
75. Subahu
76. Sudatra
77. Suda
78. Sugrama
79. Suhasta
80. Sukasananda
81. Sulokacitra
82. Surasakti
83. Tandasraya
84. Ugra
85. Ugrasena
86. Ugrasrayi
87. Ugrayuda
88. Upacitra
89. Upanandaka
90. Urnanaba
91. Weda
92. Wicitrihatana
93. Wikala
94. Wikatanana
95. Winda
96. Wirabahu
97. Wirada
98. Wisakti
99. Wiwitsu (Yuyutsu)
100. Wyudoru (Wiyudarus)
Istiméwa:
• Yuyutsu nyaéta anak Dréstarastra ti saurang dayang.
• Dursala nyaéta adi awéwé Kurawa. Manéhna hiji-hijina wanoja di antara para Kurawa.
Kurawa séjénna
Para Kurawa nu utama jumlahna saratus, tapi maranéhanana masih miboga baraya nyaéta Yuyutsu, anak Dréstarastra ti wanoja kasta waisya. Satuluyna ti Dewi Gandari ogé lahir anak lalaki nu dingaranan Duskampana jeung anak awéwé nu dingaranan Dursala (atawa Duççala atawa Dussala).
Pandawa
Pandawa nyaéta hiji kecap tina basa Sansakerta (Dewanagari: diejah Pāṇḍava), anu sacara harafiah boga harti anak "Pāṇḍu" (Pandu), nyaéta salah sahiji Raja Astinapura dina wiracarita Mahabarata. Ku kituna, Pandawa mangrupa putera makuta karajaan kasebut. Dina wiracarita Mahabarata, para Pandawa nyaéta protagonis sedengkeun antagonis nyaéta para Kurawa, nyaéta putera Dréstarastra, baraya bapa maranéhanana (Pandu). Kalima Pandawa ngadahup ka Drupadi anu diparebutkeun dina hiji sayémbara di Karajaan Pancala. Para Pandawa mangrupa inohong penting dina wiracarita Mahabarata, nyaéta dina perang rongkah di Kurusétra antara para Pandawa jeung para Kurawa jeung wadyabalad maranéhanana. Carita kasebut jadi carita penting dina wiracarita Mahabarata, salian ti carita Pandawa maén dadu jeung Kurawa.
Silsilah Pandawa
Para Pandawa diwangun ku lima urang pangéran, tilu di antarana (Yudistira, Bima, jeung Arjuna) mangrupa anak kandung Kunti, sedengkeun anu séjénna (Nakula jeung Sadéwa) mangrupa anak kandung Madrim, tapi bapa maranéhanana sarua, nyaéta Pandu.
Indraprahasta
Indraprahasta (basa Sansakerta: Indrapraśtha, kota boga Indra) nyaéta hiji dayeuh badag di India kalér dina jaman baheula. Dayeuh ieu mecenghul dina wiracarita Mahabarata sarta diparéntah ku Pandawa. Dayeuh ieu perenahna di sisi walungan Yamuna, deukeut jeung ibukota India jaman ayeuna, Delhi. Saméméh dipikawanoh minangka Indraprahasta, dayeuh ieu dipikawanoh minangka Kandawaprahasta.
Nurutkeun kitab Mahabarata, cenah Kandawaprahasta mangrupakeun ibukota karajaan badag di India dina jaman baheula, sarta diparéntah ku para karuhun Pandawa jeung Kurawa, contona kawas Maharaja Pururawa, Nahusa, jeung Yayati. Tapi dayeuh kasebut jadi gering alatan supata para resi, pikeun ngahukum déwa Budha.
Waktu dibikeun ka Pandawa, Kandawaprahasta mangrupakeun dayeuh nu garing. Nempo kaayaan éta, Kresna ngageroan Indra, pamingpin para Déwa, pikeun mantuan Yudistira ngaalusan kaayaan nagari kasebut. Déwa Indra ngadatangkeun Wiswakarman, arsiték para Déwa anu ngararancang dayeuh agréng. Kalayan ngalakukeun hiji upacara, Wiswakarman hasil ngusir sagala kasakit di nagari kasebut sarta nyuburkan deui wewengkon anu garing. Luyu jeung jangji Kresna, Kandawaprahasta baris dibéré ngaran Indraprahasta lamun Indra sanggup ngarobah kaayaan Kandawaprahasta. Laun-laun dayeuh kasebut jadi dayeuh anu makmur sarta nakleuk jalma-jalma ti nagri sabudeureunana parindah ka nagri anyar kasebut. Dayeuh Indraprahasta ogé jadi dayeuh badag. Sanggeus Yudistira naék tahta, dayeuh Indraprahasta tetep meunang pengawasan ti Astinapura.
Catetan sajarah
Cenah Indraprahasta téh umurna 50.000 taun. Sasakala nyebutkeun yén Indraprahasta perenahna di wewengkon nu jadi Purani Choot kiwari. Aya hiji désa nu ngaranna Indraprat di Delhi nepi ka mimiti abad ka-20, saterusna digusur sarta diadegkeun dayeuh New Delhi di luhureunana. Galian di wewengkon pabukitan Indraprahasta, ibukota para Pandawa, kawas anu ditembrakkeun Purana Qila jadi bukti yén wewengkon éta kungsi jadi padumukan salila ampir 2.500 taun.
Saprak catetan sajarah India réa anu teu écés, henteu dipikanyaho naon anu lumangsung sanggeus jaman Mahabarata. Indraprahasta kungsi jadi dayeuh badag salila mangabad-abad, ti jaman Karajaan Maurya nepi ka Karajaan Gupta di India. Indraprahasta diserang ku bangsa Hun sanggeus runtagna Karajaan Gupta. Raja Hindu nu ngaranna Dhilon cenah ngawangun dayeuh Delhi Kuna, deukeut jeung Indraprahasta.
Baratayuda
Baratayuda (basa Sansakerta: Bhāratayuddha) nyaéta perang rongkah antara dua pihak turunan Barata nyaéta para Pandawa jeung para Kurawa di médan Kuru atawa Kurusétra. Peperangan ieu lumangsung salila 18 poé. Peperangan ieu dicaritakeun dina wiracarita Mahabarata anu ditulis Krishna Dwaipayana Wyasa ti India, kira-kira 400 taun Saméméh Masehi. Di Indonésia, carita Mahabarata ditulis deui di réa wewengkon luyu jeung kaayaan sosial budaya satempat sahingga caritana jadi mekar sarta henteu sarua persis jeung carita aslina. Sawatara carita kasebut bisa dibaca dina Surat Purwacarita, Surat Paramayoga, Surat Kanda, sarta Surat Pustaka Raja Purwa.
Kasangtukang Peperangan
Pandawa geus ngajalanan hukuman pangbuangan salila 13 taun, luyu jeung jangji-pasini, maranéhanana hayangeun nyepeng deui tahta KArajaan Kuru kalawan puseur pamaréntahan di Astinapura anu jadi hakna sacara turun-tumurun. Tapi pihak Kurawa anu mangrupa dulur misan Pandawa henteu daék ngabalikeun tahta Astinapura. Sanggeus kabéh usaha damé neumbrag jalan buntu, mangka lumangsung perang salila 18 poé di médan Kuru atawa Kurusétra.
Pihak Pandawa
Pasukan Pandawa dibagi jadi tujuh divisi. Masing-masing divisi dipingpin ku Drupada, Wirata, Dréstajumena, Srikandi, Satyaki, Cekitana sarta Bima. Sanggeus “rundingan” jeung para pamingpin maranéhanana, para Pandawa nunjuk Dréstajumena minangka panglima perang pasukan Pandawa. Buku Mahabarata nyebutkeun yén sakumna karajaan di daratan India kalér biluk ka Pandawa sarta nyerahkeun pasukan anu jumlahna loba. Sawatara di antara maranéhanana nyaéta Karajaan Kakaya, Karajaan Pandya, Karajaan Cola, Karajaan Kerala, Karajaan Magada, Wangsa Yadawa, Dwaraka, sarta réa deui.
Pihak Kurawa
Duryodana ménta Bisma pikeun mingpin pasukan Kurawa sakaligus ngangkat manéhna jadi panglima pangluhurna pasukan Kurawa. Pasukan dibagi jadi sabelas divisi. Saratus Kurawa dipingpin ku Duryodana sorangan babarengan jeung adina—Dursasana, anak kadua Dréstarastra, sarta dina perang kasebut Kurawa dibantuan ku Resi Drona jeung anakna (Aswatama), lanceuk ”ipar” para Kurawa—Jayadrata, Guru Krépa, Kertawarma, Salya, Sudaksina Kamboja, Burisrawa, Bahlika, Sangkuni, sarta réa deui para satria sarta raja gagah perkasa anu ngabiluk Kurawa demi Astinapura atawa Dréstarastra.
Pihak netral
Karajaan Widarha jeung rajana, Raja Rukmi, saperti lanceuk Kresna, nyaéta Baladéwa, ngarupakeun pihak anu nétral dina peperangan baratayuda.
Jalanana perang di Kurusétra
Sanggeus Arjuna réngsé mariksa pasukanana, perang dimimitian. Dua belah pihak maju kalayan pakarang nu pepek. Divisi pasukan Kurawa jeung divisi pasukan Pandawa silih tumpes. Bisma maju narajang para satria Pandawa sarta ngabinasakeun naon waé anu ngahalangan jalanana. Usaha para satria Pandawa di poé kahiji henteu hasil. Maranéhanana nampa éléh. Anak-anak Raja Wirata gugur ku Bisma jeung Salya dina poé kahiji. Dina poé kadua, Arjuna boga tekad pikeun ngabalikeun kaayaan poé kahiji. Arjuna mecakan pikeun narajang Bisma sarta nelasan patina, tapi para pasukan Kurawa ngajajar di sabudeureun Bisma sarta nangtayungan manéhna sakuat tanaga sahingga ngahésékeun Arjuna. Pasukan Kurawa narajang Arjuna anu rék maéhan Bisma. Dua belah pihak silih tumpes, sarta kalolobaan pasukan Kurawa gugur ku leungeun Arjuna. Sanggeus nyapu sakumna pasukan Kurawa, Arjuna jeung Bisma kalibet tarung campuh/ragot. Dina tungtung poé kadua, pihak Kurawa éléh.
Dina poé katilu, Abimanyu jeung Satyaki ngagabungkeun kakuatan pikeun ngancurkeun prajurit Gandara milik Sangkuni. Bima jeung anakna, Gatotkaca, narajang Duryodana anu aya di barisan tukang. Tapi Duryodana hasil nyingkahan serangan Bima. Pasukan Pandawa kalayan sakuat tanaga ngabales serangan Bisma. Bima aya di garis hareup babarengan jeung Srikandi sarta Dréstajumena di gigireun / sabeulahna. Satyaki pahareup-hareup jeung Drona. Di tempat séjén, Arjuna jurit sarta hasil maéhan rébuan prajurit nu dikirim Duryodana pikeun narajang manéhanana. Ngocorna getih anu hésé dibayangkan terus kajadian ti poé ka poé salila perang lumangsung. Poé kagenep mangrupa poé ”pembantaian” anu hébat. Drona ”membantai” réa prajurit di pihak Pandawa anu jumlahna hésé diukur. Formasi dua belah pihak paburantak. Dina poé kadalapan, Bima maéhan dalapan anak Dréstarastra. Anakna Arjuna, nyaéta Irawan, perlaya ku para Kurawa. Dina poé kasalapan Kresna ambek sabab Arjuna ajrih sarta teu wani ngéléhkeun Bisma.
Eléhna Bisma
Pandawa anu ngarasa mustahil bisa ngéléhkeun Bisma nyusun hiji strategi. Arjuna boga rancana pikeun nempatkeun Srikandi di hareupeun karétana, sarta manéhna sorangan baris narajang Bisma ti tukangeun Srikandi. Bisma anu henteu téga pikeun narajang saurang wanoja, henteu bisa narajang Arjuna alatan dihalangan ku Srikandi. Hal éta dimangpaatkeun Arjuna pikeun ngahujanan Bisma ku rébuan panah anu sanggup nembus baju beusina. Ratusan panah dina awak Bisma mebes nepi ka nembus awakna. Sang satria agung tiguling tina karétana, tapi awakna henteu antel kana taneuh alatan “ditopang” ku panah anu mebes kana awakna. Pandawa jeung Kurawa ngeureunkeun peperangan sajongjongan tuluy ngalingkung Resi Bisma. Bisma nitah Arjuna pikeun nancebkeun panah dina handapeun sirahna minangka bantal. Sanajan geus teu walakaya, Bisma sanggup hirup salila sawatara poé sarta nyaksian kaancuran pasukan Kurawa.
Ku éléhna Resi Bisma dina poé kasapuluh, Karna maju ka médan laga. Hal ieu ngabungahkeun haté Duryodana. Manéhna ngangkat Drona salaku panglima pangluhurna pasukan Kurawa. Raja Trigartadesa—Susharma—jeung 3 barayana sarta 35 urang anak maranéhanana nu aya di pihak Kurawa mecakan pikeun maéhan Arjuna. Maranéhanana turun ka médan laga dina poé kadua belas sarta langsung nyerang Arjuna. Tapi maranéhanana henteu hasil sarta hiji-hiji. Nambah poé, kakuatan para Pandawa beuki nambahan.
Gugurna Abimanyu
Pikeun ngancurkeun pasukan Pandawa, Duryodana ngagero Bagadatta, Raja Prajayogasta. Bagadatta téh anakna Narakasura, raja jahat anu telasan Kresna sawatara taun saméméhna. Bagadatta ngabogaan rébuan gajah mammoth, gajah anu ukuranana pohara badag minangka kakuatan pasukanana. Bagadatta mangrupa satria pangkuatna di antara sakumna pasukan panunggang gajah di dunya. Bagadatta narajang Arjuna maké rébuan gajahna. Perang lumangsung kalawan pohara ragotna. Alatan Arjuna riweuh nyanghareupan peperangan nu ragot, manéhna hésé boga kasempetan pikeun kaluar tina kepungan formasi perang “Cakravyhuha” anu digelar ku pasukan Kurawa. Yudistira nempo hal kasebut sarta ngajurung Abimanyu, anakna Arjuna, pikeun mantuan bapana kaluar tina bubu formasi “Cakravyuha”. Arjuna hasil kaluar tapi sabalikna, Abimanyu asup kana bubu sarta perlaya. Dina poé kadua belas, sanggeus ngaliwatan tarung anu ragot, ahirna Bagadatta jeung Susharma gugur ku Arjuna.
Ahir peperangan
Perang lumangsung salila 18 poé. Sanggeus gugurna Abimanyu, Bagadatta, Susharma jeung dulur-dulurna dina poé ke-12, perang lumangsung kalawan rohaka salila genep poé satuluyna. Dina ahir poé ka-18, ngan sapuluh satria anu bisa salamet dina perang téh, maranéhanana nyaéta: Pandawa, Yuyutsu, Setyaki, Aswatama, Krépa sarta Kritawarma. Yudistira diistrénan jadi Raja Astinapura. Sanggeus maréntah salila sawatara lila, manéhna ngawariskeun tahta ka incuna Arjuna, Parikesit. Saterusna, manéhna babarengan Pandawa lianna sarta Drupadi naék ka gunung Himalaya minangka tujuan ahir lalampahan maranéhanana.
Baratayuda dina vérsi pawayangan
Baratayuda dina vérsi pawayangan Sunda jeung Jawa dibagi kana:
• Babak 1 - Séta Gugur
• Babak 2 - Bisma Gugur
• Babak 3 - Bogadenta Gugur
• Babak 4 - Abimanyu Gugur
• Babak 5 - Burisrawa Gugur atawa Dursasana Gugur
• Babak 6 - Gatotkaca Gugur
• Babak 7 - Karna Tanding
• Babak 8 - Duryodana Gugur
• Babak 9 - Lahirna Parikesit
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar