السلام عليكم ورحمت الله وبركته
Innal hamdalillah usholli wausallimu 'ala rosulillah wa 'ala alihi washohbihi wamawwalah
Langkung ti payun, hayu urang sami-sami panjatkeun puji syukur ka Dzat Ilahi robbi. Alhamdulillah dina sa'ah ieu urang sadaya masih keneh dipaparinan yuswa kalawan sehat wal'afiat.
Dina ieu kasempetan simkuring bade orasi anu judulna abdina alloh. Dawuhan anu Maha Suci
وماخلقت الجن والانس الا ليعبدون
Anu pihartoseunana, teu sapati-pati Kami nyiptakeun jin jeung Manusa kajaba pikeun 'ibadah Ka Allah SWT.
Upami urang sadayana sok hoream ngalaksanakeun 'ibadah, saperti sholat, puasa, komo zakat mah. Simkuring gaduh sangkaan yen eta teh teu acan tangtos ngewa kana Agama. Da manusa mah sadayana oge turunan Nabi, Ari Nabi ahli sujud. Piraku anak incu Nabi make teu hayang nurutan karuhunna, da anu teu daekeun sujud mah ngan ukur iblis. Sedengkeun teu aya manusa turunan iblis.
Kasimpulanna pang na manusa dijadikeun 'Abdina Alloh teh supados mulya hirupna. Di percaya ku Alloh jadi kholifah di ieu dunya teh. Matak urang teh sing atoh dijadikeun kholifah sareng makhluk anu paling sampurna.
Sakitu anu kapihatur, hapunten tina sagala kalepatan sareng kakirangannana.
والسلام عليكم ورحمت الله وبركته
Tidak ada komentar:
Posting Komentar